Rabu, 06 Oktober 2021

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA
(
Dicandak tina Novel Perang Bubat - Tragedi Dibalik Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka; karya Aan Mardeka Permana)

ku Ki Damar Gir

1. Malikan Panineungan.

Pasosoré, nalika rébuan Kalong mimiti haliber, ngabring kaluar ti Leuweung Tutupan, di dayeuh Kawali ka arah Lawang Gintung atawa Gerbang Utama ti Karaton Surawisésa aya rombongan tarumpak kuda nu lumpatna tarik naker. 

Rombongan téh aya puluhan na jalma. Ari Lawang Gintung éta teu maké panto gerbang, nandakeun yén ka Karaton, saha baé bisa asup. Tapi dihareupeun lawang gintung mah, welasan nu jaga tetep disiagakeun pikeun ngajaga kaamanan. Maranéhna teu kungsi nyegat rombongan nu asup, sabab nu tarunggang kuda geus tiheula kabedol tali kadali.Kuda nu ditunggangan téh ngadadak ngajungkatkeun suku hareupna lantran reuwas, malah aya sababaraha kuda nepi ka ngahiem tarik naker.

"Kunaon mecut kuda téh tarik-tarik naker, lur?" ceuk kokolot jaga ka pingpinan rombongan nu rék asup.

"Oh, sampun, kaula rusuh kasieunan gerbang dayeuh kaburu ditutup," ceuk nu tunggang kuda panghareupna. Manéhna téh saurang lalaki ngora, umurna kira-kira 32 atawa 33 taun. Teu kasép ieuh. Irungna nyongclo sagedé buah jambu, tapi katempona mah gagah. Sorot matana seukeut lir ibarat panon heulang. Halisna melengkung kandel kawas sapasang bedog. Dadana lega, awakna sembada jeung jangkung ngaleuwihan ukuran jangkung umumna lalaki.

"Di Karajaan Kawali mah tara di panto gerbangan, sabab saha baé ogé meunang asup asal niatna daméy," ceuk nu jaga.

Ngadengé hal kitu tinu jaga téh,  Si Lalaki nu gagah ngan imut maur.

"Kaula ngajén jeung ngahormat kana katangtuan di negeri ieu," jawab lalaki gagah bari imut.

"Héy Ki dulur, andika kudu nyaho yén jalma nu diajak cacarita téh Mahapatih Ramada!", ceuk nu tunggang kuda tukangeun kuda si lalaki anu di sebut Ramada tea.

Ngadengé katerangan salahsaurang rombongan kitu téh nu ngajaraga ngaréjag reuwaseun.

Naha bener kaula saréréa keur mayunan Basandéwa Nagari Wilwaltikta?" , ceuk nu jaga geumpeur. Ari jalma nu disebut Ramada mah katempona téh ngan imut ngagelenyu. Waktu, anjeunna disebut kalungguhan Basandéwa atawa Mahapatih téh.

"Sampun Baginda, hibar badé kasumpingan Basandéwa ti Wétan téh, saleresns tos katampi ti kapengker, mangga....mangga.... lalebet ka Lawang Gintung!", ceuk kokolot jaga soméah naker.

Rombongan nu tunggang kuda langsung asup ka kawasén Karaton Surawisésa, purasaba Nagari Galuh Kawali. Iring-iringan kuda lajuna alon jeung anca pisan, sabab kuda para ponggawa nu nganteurkeun, ngaléngkahna ogé alon.

Saméméh ngaliwatan Taman Émpang, rombongan tamu ti Majapait kudu ngaliwatan tilu gerbang deui. Saenggeus asup ka Lawang Gintung, maranéhna kudu ngaliwatan Lawang Kori, terus ngaliwatan Gerbang Kaca-Kaca, panungtungna kudu ngaliwatan Lawang Sakéténg. Lawang Sakéténg téh ngarupakeun gerbang pamungkas anu langsung bisa asup ka Karaton Galuh Kawali.

Sanggeus rombongan kuda asup ka kawasan Taman Émpang, Basandéwa Ramada ningal bangku pangdiukan nu kosong di sisi émpang. Tapi dina panénjo Ramada mah kabayang saurang wanoja yuswa 15 taunan keur diuk ngalamun. Kalayan pameunteu ngungun, sang wanoja neuteup Soang sajodo kokojayan diantara tangkal Taraté anu kembang na sumedeng beukah. Aya imut leutik ngagelenyu, waktu nyaksian Soang sajodo, nu jaluna ngeprak-ngeprakeun jangjang lantaran aya Soang Jalu nu séjén rék ngaganggu.
!", Ceuk nonoman Mada bari nangtung tukangeun Sang Wanoja.
"Papasangan nu keur geugeut kadeudeuh narah diganggu pihak katilu, nya Nyimas

Sang wanoja yuswa belasan taun anu rambutna panjang ngarumbay jeung aya tungtung rambut nu galing muntang nutupan halis ipisna, ngalieuk katukang bari rada reuwas saeutik, sabab lalaki yuswa 27 an datang ngadadak.

", saur nu geulis halimpu.
"Oh...geuning salira, Kakang Mada

"Muhun nyimas, ieu Kakang", jawab Ramada.

Sajongjonan kaayaan jadi sepi, sigana nu geulis leuwih kataji merhatikeun Soang sajodo nu keur geugeut, tibatan kudu ngabagéakeun lalaki nu umurna dua kali lipet ti umur dirina. Pamuda Mada ogé kabawakeun balem bari merhatikeun dua Soang nu keur hanjat ti émpang bari ngadédod leumpang kajauh na.

"D
upi Kakang iraha mulih ka negeri wetan?" nu geulis naros.

 gerendeng Ki Mada.
"Énjing nyimas, mungkin sateuacan kongkorongok hayam ka hiji di bumi sunda ieu, kakang tos tebih ngantunteun salira",

Kaayaan sepi deui. Dua nonoman nu aya disisi émpang papada ngabetem teu aya nu wani muka obrolan. Mungkin Sajodo Soang geus mimiti kokojayan deui di émpang kageugeut, atawa mungkin baé maranéhna kajongjonan dina alam pikiran séwang-séwangan néangan bahan piobroleun.

ceuk Pemuda Mada ngawani-wanikeun muka deui carita.
"Kakang nepangan ka dieu téh, mung sakadar badé pamit, Nyimas", 

Mojang Sunda nu geulis miboga kulit konéng téh malah tungkul katingal lesu.

..", gerentes haté nu geulis 
"Lamun seug..

Sabenerna pamuda Ramada rék sapok-pokeun pisan nanya ka nu Geulis, Lamun seug....naon maksadna, Nyimas? Tapi létahna ngadadak beurat, jantungna dag dig dug, awakna ngadadak keuleus teu aya tanaga pikeun ngucapkeun nana.

"Lamun seug naon kitu" ?!, Bésandéwa ngucapna tarik, kalepasan sahingga ponggawa nu tumpak kuda gigireun anjeuna ngalieuk.

"Aya naon Gusti Mada?", taros ponggawa.

Bésandéwa Mada ngarénjag bari raray beureum kaéraan, sabab kecap lamun seug téh, aweuhan sora katineung tilu taun ka tukang waktu dirina can jadi Mahapatih kawas ayeuna.

gerentes haté Basandéwa Ramada ngalamun deui bari ngenyedkeun tali kadali kuda.
"Lamun seug tilu taun ka tukang, kalungguhan kaula kawas ayeuna, naha baris wani nanyakeun maksud ucapan Sang putri Sunda éta"? 

Harita téh geus maju ka peuting. Patih Melong Sakti, saurang pajabat karajaan Kawali ngabéjakeun yén rombongan ti Majapait baris ditarima ku Sang Prabu Lingga Buana isuk pabeubeurang.

"", ceuk Patih Melong Sakti.
Kanggo wengi ieu mah, mangga para tatamu istirahatna di Saung Galah

Sababaraha urang prajurit Galuh ngampihkeun kuda para tatamu ka istal nu aya di deukeut bénténg karaton. Prajurit séjénna ngajajapkeun rombongan ka hiji wangunan panggung tempat istirahat tamu, anu disebut 
Saung Galah.

"Laceuk Basandéwa Mada nampik dijajap.
mun Saung Galah nu deukeut Émpang Taman mah, kaula pernah meuting di dinya dua taun katukang, jadi keun baé teu kungsi dinteurkeun", 

, ceuk prajurit kalawan ajrih.
"Tangtos salira paratos cangkem pisan kaayaan Karaton Surawisésa, nanging da ayeuna mah gusti téh tamu pangagung nu kedah dihormat, kaula tetep kedah ngajajap salira ka tempat istirahat"

Prajurit nganteurkeun rombongan ka Saung Galah. Basandéwa Ramada nincak tangga panggung nu dijieun tina kai jati pilihan, katempo na hérang ngagenclang kasorot cahaya obor nu rajeg di pakarangan.
Sanggeusna tepi diluhur wangunan panggung, para prajurit Majapait dituduhkeun ka pangsaréan nu geus diatur rapih. Basandéwa Ramada mah ditempatkeun na di kamer hareup anu lega.

"ceuk para prajurit.
 Hatur raos, mangga Gusti Patih pami badé leleson, tos disiapkeun", 

jawab Mahapatih Ramada bari panénjona ngambah kasakuliah tempat.
"Sok baé arandika ti heula, Kaula mah rék nempo heula kaayaan peuting alam Sunda." 

Para prajurit Majapait pamit ka Patihna rék mayunan istirahat. Saurang demi saurang ngoloyod ka kamerna masing-masing. Ari Sang Mada mah kalah ngajanteng gigireun jandéla. Ngumbar lamunan, ngawawaas mangsa nu geus kaliwat. Ka mangsa lima taun katukang mimiti anjeuna datang ka tempat éta. 

2. Cita-cita jadi Abdi Nagara.

Kawali téh purasaba atawa ibukota Galuh, ngan dina waktu harita mah sakaligus jadi pusat Karajaan Sunda. Numatak sok katelah kusebutan atawaKarajaan Sunda jeung Karajaan Galuh lahir ti sungapan nu sarua nyaéta Karajaan Tarumanagara. Karajaan Tarumanagara wekasan dibagi dua, jadi Karajaannudicekel ku raja  puseurna di Ka Cijeungjing Ciamis jeung  nu diadegkeun ku. Purasaba na aya di Pakuan (ayeuna mah Bogor) kalayan karaton anu kacida megahna dingaranan 
 KarajaanSunda Galuh  . Karajaan Sunda Kawali Galuh Sindula  Wréti Kandayunrang KamulyanKarajaan Sunda Prabu TerusbawaSri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. 

Puguh ogé Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda mah dina ngalampah sajarah nyangreud pisan patula talina. Kadan pipisahan kadang dihijikeun, kaausup waktu di cekel ku Prabu Lingga Buana harita, jadi karajaan Sunda-Galuh.
g

Waktu Raja Sunda-Galuh dicekel ku Prabu Lingga Wisésa (akina Lingga Buana), pusat karajaan di alihkeun ti Pakuan ka Dayeuh Kawali. Dina waktu harita diwangun Karaton anu bentukna sarua jeung Karaton Pakuan Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Karaton Galuh Kawali diwangun ku Kai Jati Pilihan. Ku Prabu Lingga Buana dingaranan Karaton Surawisésa.

"tanya Patih Wirayuda ka Ki Mada lima taun katukang. 
Anjeun nyaho Mada, naon sababna wanda bangunan Karaton diunggal purasaba Sunda, niron wanda bangunan Karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati" ? 

"ceuk pamuda Mada bari cong nyembah.
Sampun Rama Patih, kaula lebeng pisan teu apal"? 

Salajengna Patih Wirayuda nerangkeun panjang lébar. Karaton Sunda di Pakuan téh bangunan nu gedé tur megah, ngajengléng lima jajar. Masing-masing bangunan diberé ngaran khusus nu ngabogaan harti séwang-séwangan. Aya bangunan induk tempat linggih Raja disebutna Sri Bima.

" ceuk Patih Wirayuda.
" Sabenerna, Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati ngalambangkeun Kapuloan Nusantara. Artina kabéh wilayah nusantara kaasup wewengkon kerajaan sunda

Pamuda Ramada dua taun kaliwat mah ngan bisa seuri leutik kalayan henteu sakémék-kémék acan méré koméntar. Daék teu daék, pamuda Ramada kudu ngabandungan caritaan Patih Wirayuda. Patih Wirayuda nyebutkeun yén sabenerna Sunda pernah nyangking pangaruh disababaraha pulo di Nusantara.

"tanya Patih Wirayuda.
Mungkin anjeun pernah ngadéngé di Sumbawa aya ngaran Sunda Sumbawa jeung mungkin anjeun ogé pernah ngadéngé di Bali aya tempat ngarana Ubud"?, 

"jawab Jajaka Ramada hormat.
Sumuhun, hamba pernah nguping nami ubud di Bali" 

" Ceuk Patih Wirayuda.
Kecap Ubud téh asalna tina basa Sunda", 

"Oh, kutan"?

Saterusna Patih Wirayuda nerangkeun yén baheula di daérah Klungkung Bali kadatangan saurang resi nyaéta Resi Makandriya ti Karajaan Kendan. Karajaan Kendan téh diadegkeun ku Resi Manikmaya. Nuju anomna Resi Makandriya téh janten mantuna Resi Manikmaya, mung saatos na sepuh, Makandriya janten Resi di Klungkung.

Di Klungkung Resi Makandriya ngajarkeun papagon kahirupan, nyaéta ajaran nu disebut Kandaan. Disagigireun éta, Resi Makandriya sabenerna ahli obat. Pernah dina hiji waktu, di Klungkung kaserang panyakit nular nu sulit diubaran, salian ku Resi Makandrya.

"Urang Sunda nyebut obat téh ubar, tapi dina létah Urang Bali mah ngan bisa nyebut téh Ubad. Lila kalilaan kecap ubad jadi ubud", ceuk Patih Wirayuda.

Pamuda Mada ngan bisa unggut- unggutan pikeun nyenangkeun haté nu ngadongéng. Atuh nempo kaayaan kitu téh, Patih Wirayuda beuki sumanget nyaritakeun kaagungan Sunda.

Sabenerna ampir kabéh rumpun jalma nu aya di Javadwipa aya kaitan katurunan jeung Urang Sunda.

Wréti Kandayun, nu ngadegkeun Kerajaan Galuh, puputra Mandiminyak. Mandiminyak, saterusna jadi Raja di Bumi Mataram. Mandiminyak, diantarana kagungan putra nyaéta Sénna atawa Bratasenawa. Sang Sénna ogé pernah jadi raja di Bumi Mataram. Sang Sénna kagungan putra nyaéta 
Sanjaya.

"S
anjaya ieu, kaasup satria keturunan Sunda nu gagah jeung tapis dina peperangan. Anjeun na naklukkeun sababaraha karajaan di  wilayah Jawa Tengah. Malah geus bisa numpes bajak laut di Selat Sunda kalayan bantuan Sriwijaya. 
Tapi ahirna Sanjaya bisa ngéléhkeun Sriwijaya", lanjut Patih Wirayuda.

"Lamun anjeun bener lahir di Banten, sanajan katurunan Cina, anjeun kudu reueus ku kaagungan Sunda. Sunda téh Karajaan nu Gedé, Mada"!  saurna deui Sang Patih Wirayuda.

Obrolan kawas kitu téh, obrolan lima atawa genep taun katukang, waktu pamuda Mada nu can jadi nanaon. Waktu manéhna kacida ajrih jeung hormatna ka kabéh pangeusi Karaton jeung waktu manéhna kacida ngaharepkeun kahirupan leuwih ti Karajaan Sunda Kawali.

Ayeuna Sang Ramada téh lain lalaki lima taun katukang nu ngarenghik ménta pagawéan ti urang Sunda Kawali. Ayeuna Pamuda Ramada geus jadi Mahapatih atawa ceuk urang sunda mah nyebutna Basandéwa. Lalaki nu dedeg tur gedé wawanén nu boga ngaran Gajah Mada téh, ayeuna jadi "tulang-tonggong" kasohorna hiji Karajaan nu disebut Majapait.

kitu hohoakna Basandéwa Mada, sanajan kasombongan éta ngan diucapkeun dijero haténa.
"Urang Sunda meunang ngomong; Sunda ngarupakeun Karajaan Gedé, tapi Majapait Karajaan anu jauh leuwih gedé. Urang Sunda meunang ngomong Sunda Karajaan ma'mur, tapi Majapait jauh leuwih ma'mur", 

Baheula, waktu Ramada keur hirup di wilayah Banten. Waktu masih budak olol lého - ngabantu-bantu kahirupan bapana ngajualan "garabah" di Karanghantu, manéhna sok ngidam-ngidamkeun bisa ngabdi ka Karajaan Sunda. Sabab bapana anu jadi pangumbara sering ngadongéngkeun yén di tanah Sunda kahirupanna geus loba kamajuan, boh kamasyarakatan na atawa budayana. Boh kamakmuranna atawa kaamanan na.

Ceuk dongéng bapa na, kamajuan Sunda téh dimitian tina ngadegna Karajaan Tarumanagara, sanajan jauh saméméhna geus aya Karajaan Salakanagara. Dimimitian ku Tarumanagara, saterusna ditatar sunda ngaradeg karajaan séjén nu neruskeun Tarumanagara. Tarumanagara ahirna dibagi dua karajaan merdeka nyaéta Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh Sindula, terus lumangsung nepi ka kiwari, anu kadang-kadang ngahiji, kadang-kadang misah, nepi ka ahirna aya karajaan Galuh Kawali.

?, ceuk Pamuda Mada nanya ka Bapana.
"Kuring teh hayang jadi abdi nagara, ka nagara mana atuh alusna kuring ngadatangan"

Ngabandungan cita-cita Pamuda Ramada, Sang Bapa nu boga panon sipit, kulit konéng jeung pangawak rada "tambun", kalah kerung. Mungkin keur mikir pikeun méré saran, atawa mungkin baé ngarasa anéh boga anak ngadadak hayang jadi abdi karajaan, padahal luluhurna mah jadi pangumbara jeung padagang.

"ceuk Bapana.
Ulah waka nganggap Sunda téh Karajaan paling gedé, Mada"? 

"Naha?, pan tadi Bapa nyebutkeun yén Sunda téh nagari maju"?, témbal Mada anakna.

 ceuk bapana bari seuri ipis.
"Mémang bener, Sunda téh nagari maju, tapi can tangtu jadi nagara paling maju. Anjeun téh lir bangkong di jero batok.Dina pikiran anjeun mah dunya téh sagedé batok",

"Lamun kitu, cobi tuduhkeun ka kuring nagara mana nu paling maju di ieu dunya, ku kuring rék di datangan", ceuk pamuda Mada sumanget.

"Téangan baé ku anjeun sorangan, lantaran biasana panénjo téh teu sarua", jawab bapana.

---

Basandéwa Ramada ngahuleng  kénéh di balé Saung Galah waktu bentang-béntang beuki marakbak. Harita téh langit peuting kacida lénglangna,  nepi ka kumiceupna bentang jelas pisan katingalna. 

Mungkin baé bisa diibaratkeun yén kaédahan béntang peuting harita keur dipimilik ku Basandéwa Mada.

Sakitu taun kaliwat, mimiti tina kaayaan budak olol lého tukang dagang garabah, ayeuna robah jadi "pejabat tinggi" ti Karajaan Gedé.

galecokna hate Basandewa pinuh ku sangsi. Alon-alon mastakana ngeluk tungkul katawis lesu.
"Tapi naha bener, jutaan bentang teh milik kaula"? 

"Sang Mada ngarahuh.
 Kaula teh can miboga bentang eta. Atawa mungkin moal bisa kapiboga. Atawa  pasti teu bisa dipiboga, duh....." 

Kaayaan tengah peuting beuki jempling. Béntang-béntang nu marakbak di langit teu bisa nyaangan harepan Mahapatih Ramada lantaran pinuh kasangsian bisa metik salah sahijina nu dipika ceungceum. 

Sanajan diramékeun ku sora ting jareritna jangkrik tapi karasana peuting téh beuki simpé. Jigana Mahapatih Ramada geus teu maliré simpéna peuting. Anjeuna ngalengkahkeun dua sukuna turun tina tangga bale saung galah. Basandewa Ramada leumpang keketeyepan nyampeurkeun sora jangkrik. Tapi tiap kali geus deukeut, sora jangkrik ngadadak eureun jeung tiap kali lengkahna léwat, sora jangkrik reang deui. Sanajan haténa keur marojéngja, tapi naluri kaprajuritan Ki Ramada mah tetep jalan. Anjeun na langsung taki-taki waktu mireungeuh sora jangkrik dihareunpeun miheulaan jempé padahal can katincak ku lengkah anjeuna. Hartina aya jalma séjén di hareupeun Basandewa.

"Héy saha eta!?", Singhoréng nu jaga geus tiheula nempo ka Basandéwa Mada waktu tatadi leumpang keketeyepan.

"Kaula Mada!" jawab Basandéwa.

"Oh, hapunten, kaula teu apal salira tengah wengi kieu jalan-jalan", jawab nu jaga satengah nanya curiga aya sémah tengah peuting masih kuluyuran di pakarangan Karaton.

"Nyaéta, puguh di jero téh karasana bayeungyang pisan. Urang Sunda kaabotan, lamun wayah kieu Mahapatih Majapait néangan angin hayang niis!" Jawab Basandewa rada bau politik.

"Ih henteu Gusti, asal salira tetep dina panalingaan jeung lindungan kaula". jawab nu jaga, teu éléh diplomatis da gegedéna mah nganalingakeun tibatan ngalindungan saurang Mahapatih Sakti mangrébu kali lipet tinu rék méré lindungan.

Puguh baé ucapan nu jaga téh kadéngéna lucu ku Basandéwa nu sakti mandraguna mah, nanging ngarah nyenangkeun haté para prajurit Sunda, anjeuna nganuhunkeun kuayana lindungan  pikeun dirina.

"", jawab kokolot prajurit.
Mangga lajengkeun bilih salira badé neraskeun jalan-jalan mah, Basandéwa. Kaula tetep rék ngajalankeun tugas ngajaga kaamanan salira

Basandewa Ramada seuri ipis bari unggut.

"Kaula rék nempo pamandangan Émpang Taman bari diuk di Balé Kambang, tiasa?"

", jawab kokolot jaga. 
"Tiasa Gusti, nanging sababaraha pangawal nyarengan, nalingajeun salira ti kaanggangan

"awab Mahapatih maksudna manéhna ulah di curiga.
Ah, teu kungsi jauh-jauh, lamun teu keur sibuk mah hayu bareng maturan kaula", j

Saterusna aya dua urang prajurit nu ngabaturan Gajah Mada. Manehna tiluan tumaninah diuk di Balé Kambang, bari ngamparkeun samak pandan.

Sabaraha jongjongan nu tiluan dariuk taya nu wani muka carita. Saurang panjaga memener damar tina siki jarak sangkan seuneuna ulah pareum. Ari Basandéwa mah jongjon neuteup cai émpang anu kadang ngariak lantaran aya lauk nu ngagibeg. Katempo aya sababaraha kalangkang Lauk Emas warna warni, pasuliwer hareupeun Ramada. Tapi nu kabayang dina kongkolak panon Ramada mah si geulis mojang sunda nu gaduh nami Dyah Pitaloka. 

Katingalna aya putri nu dipiceumceum nuju calik disisi Balé Kambang. Leungeun mungil, bodas bersih, ngalungkeun parab ka émpang. Sakadang lauk ngaronyok marebutkeun kadaharan. Aya nu langsung meunang bagian nu gedé bari teu hésé, tapi aya ogé lauk nu sésélékét nyedek-nyedek nu sejen, nangtukeun meunang jeung éléh. Aya ogé lauk anu gawéna nyaksikeun batur teu hayangeun milu jadi pasaing jeung horéameun ngalibatkeun diri.

Ningali kaayaan kitu téh Putri Dyah Pitaloka mani imut ngagelenyu. 

"" Sora nu geulis halimpu naker.
Rupi-rupi prilaku lauk téh, nya Kakang?

" jawab Pamuda Mada singket.
Leres pisan nyimas",

 Ceuk Putri Dyah Pitaloka nanya bari ngadongéngna panjang.
"Aya nu sologoto, wani teu jeung itungan, tapi aya ogé anu ragu-ragu baé bari ahirna ngégél curuk. Malah leuwih parah mah aya lauk nu sama sakali teu boga kamampuan bajoang. Naha lauk kawas kitu téh bener-bener teu miboga kamampuan samasakali, kakang?,

Nguping nu geulis norowéco sorangan Ramada mah kalah imut. Lain embung ngajawab jeung lain teu boga jawaban waktu wanoja nu dipikatineung ngadadak naros ka dirina, tapi aya kainggis jawaban manéhna baris ngajaheutkeun manah Sang putri.

Kawas anu nyaho kana eusi haté pamuda ramada, Dyah Pitaloka langsung ngadesek ku pertarosan:
?"
"Naha salira teu kagungan jawaban, Kakang

Pamuda Ramada neuteup beungeut cai émpang. Sakadang lauk nu ngaronyok geus lekasan ngayakeun persaingan hirupna. Tinggal Pamuda Ramada giliran nanggung jawab pertarosan sang Putri tadi.

?"
"Naha nyimas uninga dilebet émpang téh hirup lauk séjén, saleresna sanés ngan lauk emas wungkul

Putri Dyah Pitaloka, mindahkeun paneuteup kasakuliah émpang nu pinuh kembang taraté. Mémang di émpang téh lolobana hirup lauk emas wana-warni mintonkeun kaéndah sisitna. Tapi hiji dua aya lauk liar teu dipelak sabangsa sepat jeung beunteur nu teu ka ajén ku manusa. Malah loba "impun",  lauk leutik nu gawéna néangan kadaharan tina sésa ayana tarung nu gedé. Putri Dyah Pitaloka seuri leutik.

"Leres, seueur lauk nu kawas kitu, maranéhna henteu sagagah jeung diajén kawas lauk emas, nya nyimas?!",  gerendeng Pamuds Ramada ngarep.

 ceuk Dyah Pitaloka.
"Naha mungkin, berenyit impun boga cita-cita luhur kawas lauk Emas, kakang"?

"! jawab  ada bari rumahuh.
"Mungkin baé bisa, malah mungkin ngaleuwihan. Tapi tetep manusa mah nyebutkeun lauk emas téh lauk emas, berenyit tetep lauk impun, nyimas

Basandéwa Mada tetep neuteup kana cai émpang, tapi ayeuna mah teu kasampak Dyah Pitaloka diuk gigireun nana. Nu aya iwal ti dua urang ponggawa Karajaan Galuh nu maturan di Balé Kambang salila-lila.

2. Cita-cita jadi Abdi Nagara.

Kawali téh purasaba atawa ibukota Galuh, ngan dina waktu harita mah sakaligus jadi pusat Karajaan Sunda. Numatak sok katelah kusebutan atawa Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh lahir ti sungapan nu sarua nyaéta Karajaan Tarumanagara. Karajaan Tarumanagara wekasan dibagi dua, jadi Karajaan nu dicekel ku raja Wreti Kandayun puseurna di Cijeungjing Ciamis jeung  nu diadegkeun ku Prabu Terusbawa, Purasaba na aya di Pakuan (ayeuna mah Bogor) kalayan karaton anu kacida megahna dingaranan Puguh ogé Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda mah dina ngalampah sajarah nyangreud pisan patula talina. Kadan pipisahan kadang dihijikeun, kaausup waktu di cekel ku Prabu Lingga Buana harita, jadi karajaan Sunda-Galuh di Kawali.

Waktu Raja Sunda-Galuh dicekel ku Prabu Lingga Wisésa (akina Lingga Buana), pusat karajaan di alihkeun ti Pakuan ka Dayeuh Kawali. Dina waktu harita diwangun Karaton anu bentukna sarua jeung Karaton Pakuan Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Karaton Galuh Kawali diwangun ku Kai Jati Pilihan. Ku Prabu Lingga Buana dingaranan 
Karaton Surawisésa.

"tanya Patih Wirayuda ka Ki Mada lima taun katukang. 
Anjeun nyaho Mada, naon sababna wanda bangunan Karaton diunggal purasaba Sunda, niron wanda bangunan Karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati" ? 

"ceuk pamuda Mada bari cong nyembah.
Sampun Rama Patih, kaula lebeng pisan teu apal"? 

Salajengna Patih Wirayuda nerangkeun panjang lébar. Karaton Sunda di Pakuan téh bangunan nu gedé tur megah, ngajengléng lima jajar. Masing-masing bangunan diberé ngaran khusus nu ngabogaan harti séwang-séwangan. Aya bangunan induk tempat linggih Raja disebutna Sri Bima.

" ceuk Patih Wirayuda.
" Sabenerna, Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati ngalambangkeun Kapuloan Nusantara. Artina kabéh wilayah nusantara kaasup wewengkon kerajaan sunda

Pamuda Mada dua taun kaliwat mah ngan bisa seuri leutik kalayan henteu sakémék-kémék acan méré koméntar. Daék teu daék, pamuda Mada kudu ngabandungan caritaan Patih Wirayuda. Patih Wirayuda nyebutkeun yén sabenerna Sunda pernah nyangking pangaruh disababaraha pulo di Nusantara.

"tanya Patih Wirayuda.
Mungkin anjeun pernah ngadéngé di Sumbawa aya ngaran Sunda Sumbawa jeung mungkin anjeun ogé pernah ngadéngé di Bali aya tempat ngarana Ubud"?, 

"jawab Jajaka Mada hormat.
Sumuhun, hamba pernah nguping nami ubud di Bali" 

" Ceuk Patih Wirayuda.
Kecap Ubud téh asalna tina basa Sunda", 

"Oh, kutan"?

Saterusna Patih Wirayuda nerangkeun yén baheula di daérah Klungkung Bali kadatangan saurang resi nyaéta Resi Makandriya ti Karajaan Kendan. Karajaan Kendan téh diadegkeun ku Resi Manikmaya. Nuju anomna Resi Makandriya téh janten mantuna Resi Manikmaya, mung saatos na sepuh, Makandriya janten Resi di Klungkung.

Di Klungkung Resi Makandriya ngajarkeun papagon kahirupan, nyaéta ajaran nu disebut Kandaan. Disagigireun éta, Resi Makandriya sabenerna ahli obat. Pernah dina hiji waktu, di Klungkung kaserang panyakit nular nu sulit diubaran, salian ku Resi Makandrya." ceuk Patih Wirayuda.

Urang Sunda nyebut obat téh ubar, tapi dina létah Urang Bali mah ngan bisa nyebut téh Ubad. Lila kalilaan kecap ubad jadi ubud",

Pamuda Mada ngan bisa unggut- unggutan pikeun nyenangkeun haté nu ngadongéng. Atuh nempo kaayaan kitu téh, Patih Wirayuda beuki sumanget nyaritakeun kaagungan Sunda.

Sabenerna ampir kabéh rumpun jalma nu aya di Javadwipa aya kaitan katurunan jeung Urang Sunda.

Wréti Kandayun, nu ngadegkeun Kerajaan Galuh, puputra Mandiminyak. Mandiminyak, saterusna jadi Raja di Bumi Mataram. Mandiminyak, diantarana kagungan putra nyaéta Sénna atawa Bratasenawa. Sang Sénna ogé pernah jadi raja di Bumi Mataram. Sang Sénna kagungan putra nyaéta 
Sanjaya.

"Sanjaya ieu kaasup satria keturunan Sunda nu gagah jeung tapis dina peperangan. Anjeun na naklukkeun sababaraha karajaan di  wilayah Jawa Tengah. Malah geus bisa numpes bajak laut di Selat Sunda kalayan bantuan Sriwijaya. 
Tapi ahirna Sanjaya bisa ngéléhkeun Sriwijaya", lanjut Patih Wirayuda.

"Lamun anjeun bener lahir di Banten, sanajan katurunan Cina, anjeun kudu reueus ku kaagungan Sunda. Sunda téh Karajaan nu Gedé, Mada"!  saurna deui Sang Patih Wirayuda.

Obrolan kawas kitu téh, obrolan lima atawa genep taun katukang, waktu pamuda Mada nu can jadi nanaon. Waktu manéhna kacida ajrih jeung hormatna ka kabéh pangeusi Karaton jeung waktu manéhna kacida ngaharepkeun kahirupan leuwih ti Karajaan Sunda Kawali.

Ayeuna Sang Mada téh lain lalaki lima taun katukang nu ngarenghik ménta pagawéan ti urang Sunda Kawali. Ayeuna Pamuda Mada geus jadi Mahapatih atawa ceuk urang sunda mah nyebutna Basandéwa. Lalaki nu dedeg tur gedé wawanén nu boga ngaran Gajah Mada téh, ayeuna jadi "tulang-tonggong" kasohorna hiji Karajaan nu disebut Majapait.

"Urang Sunda meunang ngomong; Sunda ngarupakeun Karajaan Gedé, tapi Majapait Karajaan anu jauh leuwih gedé. Urang Sunda meunang ngomong Sunda Karajaan ma'mur, tapi Majapait jauh leuwih ma'mur", kitu hohoakna Basandéwa Mada, sanajan kasombongan éta ngan diucapkeun dijero haténa.

Baheula, waktu Mada keur hirup di wilayah Banten. Waktu masih budak olol lého - ngabantu-bantu kahirupan bapana ngajualan "garabah" di Karanghantu, manéhna sok ngidam-ngidamkeun bisa ngabdi ka Karajaan Sunda. Sabab bapana anu jadi pangumbara sering ngadongéngkeun yén di tanah Sunda kahirupanna geus loba kamajuan, boh kamasyarakatan na atawa budayana. Boh kamakmuranna atawa kaamanan na.

Ceuk dongéng bapa na, kamajuan Sunda téh dimitian tina ngadegna Karajaan Tarumanagara, sanajan jauh saméméhna geus aya Karajaan Salakanagara. Dimimitian ku Tarumanagara, saterusna ditatar sunda ngaradeg karajaan séjén nu neruskeun Tarumanagara. Tarumanagara ahirna dibagi dua karajaan merdeka nyaéta Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh Sindula, terus lumangsung nepi ka kiwari, anu kadang-kadang ngahiji, kadang-kadang misah, nepi ka ahirna aya karajaan Galuh Kawali.

"Kuring teh hayang jadi abdi nagara, ka nagara mana atuh alusna kuring ngadatangan"?, ceuk Pamuda Mada nanya ka Bapana.

Ngabandungan cita-cita Pamuda Mada, Sang Bapa nu boga panon sipit, kulit konéng jeung pangawak rada "tambun", kalah kerung. Mungkin keur mikir pikeun méré saran, atawa mungkin baé ngarasa anéh boga anak ngadadak hayang jadi abdi karajaan, padahal luluhurna mah jadi pangumbara jeung padagang.

"Ulah waka nganggap Sunda téh Karajaan paling gedé, Mada"? ceuk Bapana.

"Naha?, pan tadi Bapa nyebutkeun yén Sunda téh nagari maju"?, témbal Mada anakna.

"Mémang bener, Sunda téh nagari maju, tapi can tangtu jadi nagara paling maju. Anjeun téh lir bangkong di jero batok.Dina pikiran anjeun mah dunya téh sagedé batok", ceuk bapana bari seuri ipis.

"Lamun kitu, cobi tuduhkeun ka kuring nagara mana nu paling maju di ieu dunya, ku kuring rék di datangan", ceuk pamuda Mada sumanget.

"Téangan baé ku anjeun sorangan, lantaran biasana panénjo téh teu sarua", jawab bapana.

---

Basandéwa Mada ngahuleng  kénéh di balé Saung Galah waktu bentang-béntang beuki marakbak. Harita téh langit peuting kacida lénglangna,  nepi ka kumiceupna bentang jelas pisan katingalna. 

Mungkin baé bisa diibaratkeun yén kaédahan béntang peuting harita keur dipimilik ku Basandéwa Mada.

Sakitu taun kaliwat, mimiti tina kaayaan budak olol lého tukang dagang garabah, ayeuna robah jadi "pejabat tinggi" ti Karajaan Gedé.

"Tapi naha bener, jutaan bentang teh milik kaula"? galecokna hate Basandewa pinuh ku sangsi. Alon-alon mastakana ngeluk tungkul katawis lesu.

" Kaula teh can miboga bentang eta. Atawa mungkin moal bisa kapiboga. Atawa  pasti teu bisa dipiboga, duh....." Sang Mada ngarahuh.

Kaayaan tengah peuting beuki jempling. Béntang-béntang nu marakbak di langit teu bisa nyaangan harepan Mahapatih Mada lantaran pinuh kasangsian bisa metik salah sahijina nu dipika ceungceum. 

Sanajan diramékeun ku sora ting jareritna jangkrik tapi karasana peuting téh beuki simpé. Jigana Mahapatih Mada geus teu maliré simpéna peuting. Anjeuna ngalengkahkeun dua sukuna turun tina tangga bale saung galah. Basandewa Mada leumpang keketeyepan nyampeurkeun sora jangkrik. Tapi tiap kali geus deukeut, sora jangkrik ngadadak eureun jeung tiap kali lengkahna léwat, sora jangkrik reang deui. Sanajan haténa keur marojéngja, tapi naluri kaprajuritan Ki Mada mah tetep jalan. Anjeun na langsung taki-taki waktu mireungeuh sora jangkrik dihareunpeun miheulaan jempé padahal can katincak ku lengkah anjeuna. Hartina aya jalma séjén di hareupeun Basandewa.

"Héy saha eta!?", Singhoréng nu jaga geus tiheula nempo ka Basandéwa Mada waktu tatadi leumpang keketeyepan.

"Kaula Mada!" jawab Basandéwa.

"Oh, hapunten, kaula teu apal salira tengah wengi kieu jalan-jalan", jawab nu jaga satengah nanya curiga aya sémah tengah peuting masih kuluyuran di pakarangan Karaton.

"Nyaéta, puguh di jero téh karasana bayeungyang pisan. Urang Sunda kaabotan, lamun wayah kieu Mahapatih Majapait néangan angin hayang niis!" Jawab Basandewa rada bau politik.

"Ih henteu Gusti, asal salira tetep dina panalingaan jeung lindungan kaula". jawab nu jaga, teu éléh diplomatis da gegedéna mah nganalingakeun tibatan ngalindungan saurang Mahapatih Sakti mangrébu kali lipet tinu rék méré lindungan.

Puguh baé ucapan nu jaga téh kadéngéna lucu ku Basandéwa nu sakti mandraguna mah, nanging ngarah nyenangkeun haté para prajurit Sunda, anjeuna nganuhunkeun kuayana lindungan  pikeun dirina.

"Mangga lajengkeun bilih salira badé neraskeun jalan-jalan mah, Basandéwa. Kaula tetep rék ngajalankeun tugas ngajaga kaamanan salira", jawab kokolot prajurit.

Basandewa Mada seuri ipis bari unggut.

"Kaula rék nempo pamandangan Émpang Taman bari diuk di Balé Kambang, tiasa?"

"Tiasa Gusti, nanging sababaraha pangawal nyarengan, nalingajeun salira ti kaanggangan", jawab kokolot jaga. 

"Ah, teu kungsi jauh-jauh, lamun teu keur sibuk mah hayu bareng maturan kaula", jawab Mahapatih maksudna manéhna ulah di curiga.

Saterusna aya dua urang prajurit nu ngabaturan Gajah Mada. Manehna tiluan tumaninah diuk di Balé Kambang, bari ngamparkeun samak pandan.

Sabaraha jongjongan nu tiluan dariuk taya nu wani muka carita. Saurang panjaga memener damar tina siki jarak sangkan seuneuna ulah pareum. Ari Basandéwa mah jongjon neuteup cai émpang anu kadang ngariak lantaran aya lauk nu ngagibeg. Katempo aya sababaraha kalangkang Lauk Emas warna warni, pasuliwer hareupeun Mada. Tapi nu kabayang dina kongkolak panon Mada mah si geulis mojang sunda nu gaduh nami Dyah Pitaloka. 

Katingalna aya putri nu dipiceumceum nuju calik disisi Balé Kambang. Leungeun mungil, bodas bersih, ngalungkeun parab ka émpang. Sakadang lauk ngaronyok marebutkeun kadaharan. Aya nu langsung meunang bagian nu gedé bari teu hésé, tapi aya ogé lauk nu sésélékét nyedek-nyedek nu sejen, nangtukeun meunang jeung éléh. Aya ogé lauk anu gawéna nyaksikeun batur teu hayangeun milu jadi pasaing jeung horéameun ngalibatkeun diri.

Ningali kaayaan kitu téh Putri Dyah Pitaloka mani imut ngagelenyu. 

"Rupi-rupi prilaku lauk téh, nya Kakang?" Sora nu geulis halimpu naker.

"Leres pisan nyimas", jawab Pamuda Mada singket.

"Aya nu sologoto, wani teu jeung itungan, tapi aya ogé anu ragu-ragu baé bari ahirna ngégél curuk. Malah leuwih parah mah aya lauk nu sama sakali teu boga kamampuan bajoang. Naha lauk kawas kitu téh bener-bener teu miboga kamampuan samasakali, kakang?, Ceuk Putri Dyah Pitaloka nanya bari ngadongéngna panjang.

Nguping nu geulis norowéco sorangan, pamuda Mada mah kalah imut. Lain embung ngajawab jeung lain teu boga jawaban waktu wanoja nu dipikatineung ngadadak naros ka dirina, tapi aya kainggis jawaban manéhna baris ngajaheutkeun manah Sang putri.

Kawas anu nyaho kana eusi haté pamuda Mada, Dyah Pitaloka langsung ngadesek ku pertarosan:
"Naha salira teu kagungan jawaban, Kakang?"

Pamuda Mada neuteup beungeut cai émpang. Sakadang lauk nu ngaronyok geus lekasan ngayakeun persaingan hirupna. Tinggal Pamuda Mada giliran nanggung jawab pertarosan sang Putri tadi.

"Naha nyimas uninga dilebet émpang téh hirup lauk séjén, saleresna sanés ngan lauk emas wungkul?"

Putri Dyah Pitaloka, mindahkeun paneuteup kasakuliah émpang nu pinuh kembang taraté. Mémang di émpang téh lolobana hirup lauk emas wana-warni mintonkeun kaéndah sisitna. Tapi hiji dua aya lauk liar teu dipelak sabangsa sepat jeung beunteur nu teu ka ajén ku manusa. Malah loba "impun",  lauk leutik nu gawéna néangan kadaharan tina sésa ayana tarung nu gedé. Putri Dyah Pitaloka seuri leutik.

"Leres, seueur lauk nu kawas kitu, maranéhna henteu sagagah jeung diajén kawas lauk emas, nya nyimas?!",  gerendeng Pamuda Mada ngarep.

"Naha mungkin, berenyit impun boga cita-cita luhur kawas lauk Emas, kakang"? ceuk Dyah Pitaloka.

"Mungkin baé bisa, malah mungkin ngaleuwihan. Tapi tetep manusa mah nyebutkeun lauk emas téh lauk emas, berenyit tetep lauk impun, nyimas"! jawab pamuda Mada bari rumahuh.

Basandéwa Mada tetep neuteup kana cai émpang, tapi ayeuna mah teu kasampak Dyah Pitaloka diuk gigireun nana. Nu aya iwal ti dua urang ponggawa Karajaan Galuh nu maturan di Balé Kambang salila-lila.


3. Kareueus Sunda

Dua ponggawa nu marengan Mahapatih Gajah Mada di Balé Kambang, jongjon ngajaga oncor tina buah Jarak supaya henteu pareum katebak angin peuting nu ngadeukeutan janari leutik.

"Kunaon panerangan di negeri Sunda teu ngagunakeun minyak bumi"?, Patih Gajah Mada nanya ka dua ponggawa sakadar meulahkeun kasepi.

"Minyak bumi??, Oh, maksadna Cai Kalahat panginten nya Juragan", ceuk saurang ponggawa malik deui nanya.

"Tah enya éta!, Kaula jadi inget yén urang sunda mah nyebut cai kalahat kana minyak bumi téh", gerendeng Patih Mada ingeteun waktu katukang.

"Ti baheula urang sunda mah pantang ngagunakeun Cai Kalahat dina kahirupan, Gusti!", Ceuk ponggawa.

"Aneh nya? Di nagara Wilwaktikta mah minyak bumi bener-bener digunakeun dina kahirupan", jawab Patih Mada.

"Di Sunda mah aya sabda raja yén ucapan luluhur kudu dicekel pageuh. Para luluhur geus nangtukeun yén lamun Cai Kalahat dipaké kaperluan sapopoé, leuwih gedé bahayana tibatan manfaatna.Hiji waktu alam bakal rusak, tapi lamun kabutuhan bahan bakar dipaké tina sasatoan atawa pepelakan, asal urang ngajén ka alam, alam ogé baris ngabdi kaurang", catur ponggawa nu rada kolot.

Si ponggawa nu kolot neruskeun biantarana kawas keur méré ceramah. "Numawi alam di sunda mah tetep lestari, tara aya banjir mun usum hujan, tara kagaringan mun halodo. Dina kahirupan di sunda mah nyekel ageman Tri Tangtu, nyaéta tilu patokan pangabdian. Kahiji, urang sunda kudu bisa ngabdi kanu ngajadikeun, kadua kudu bisa ngabdi kasasama batur dijadikeun, jeung katilu kudu bisa ngabdi ka alam tempat manusa dijadikeun. Di Sunda mah mun ngarumpak pangabdian ka alam nyaéta jalma nu ngarusak alam, baris meunang hukuman nu sabeurat-beuratna. Baheula, ratusan taun katukang, di Karajaan Denuh, lamun kapanggih aya jalma nu ngarusak alam, baris narima hukuman pati. Kitu ogé di Karajaan Kendan, anu kumawani ngagunakeun Cai Kalahat baris dihukum potong hulu. Numawi alam di sunda mah éndah lestari. Teu salah-salah teuing mun aya nu nyebutkeun yén mun hayang ngahontal sorga, teu kungsi paéh heula da geus aya éndahna di bhumi Sunda.
 
"Saterusna dua urang ponggawa téh nerangkeun kaayaan Karaton Surawisésa.Ceuk maranéhna, wangunan karaton nu aya di karajaan-karajaan nu aya ditatar suda niron wangunan Sunda Pakuan. Karaton nu mimiti di wangun nyaéta Karaton di Pakuan anu katelah Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Anu jadi arsitékna nyaéta Prabu Terusbawa, Raja Sunda mimiti.
Wangunan téh ngadeg kacida megahna aya lima ngajajar anu disebut Mandala, ngalambangkeun kakuasaan Sunda. Mandala mimiti disebut Sri Bima, ngalambangkeun kakuasaan Sunda di Jawa Kulon. Mandala kadua disebut Punta, ngalambangkeun kakuasaan sunda di sabagian tatar Sumatra.Mandala katilu disebut Narayana, ngalambangkeun kakuasaan Sunda di Jawa tengah jeung Jawa Wetan. Mandala kaopat disebut Madura, ngalambangkeun kakuasaan Sunda di Madura. Mandala anu kalima disebut Suradipati, ngalambangkeun kakuasaan Sunds di Bali jeung Nusa Tenggara. Kuayana akuan samodél kitu, jaganing géto aya istilah Sunda Besar jeung Sunda Kecil. Jadi, sabenerna Sunda teh nagara Gedé", ponggawa ngadongéngna pinuh kareueus.

Tapi dina agul ku kareueus éta, ngadadak manéhna ngarandeg bari ngarérét ka Patih Mada, duka naon maksudna da nu dirérét téh katempona keur seuri sinis. Patih Mada ahirna sadar naon sababna dongéng ponggawa téh eureun bari ngarérét kana beungeutna.

"Hemm...mungkin si ponggawa téh éra ngaku-ngaku Sunda téh nagara gedé, padahal Wilwaltikta jauh leuwih gedé", Patih Mada ngajejeléh dina jero haté.

 Ucapan dua urang pogawa téh sabenerna ngulang caritaan anu pernah ditepikeun ku Patih Wirayuda lima taun katukang, waktu Ki Mada masih jadi pagawé rendahan di Karaton Surawisésa. Ngan harita waktu kudu ngadéngékeun agulna ponggawa Patih Mada kudu bisa ngarerema diri. Harita Patih Mada keur jadi tamu jeung keur ngajalankeun misi khusus. Patih Mada teu wani ngalécéhkeun pogawa sanajan ngan sakadar pagawé handap.

"Keun karunya, manéhna keur reueus ku kajayaan Sunda di waktu katukang", gerentes haté Patih Mada.

Kaayaan jadi sepi deui. Dua ponggawa menerkeun deui oncor bari niiran siki jarak nu anyar. Basandéwa Mada mah malikeun awak nyanghareupan émpang ngabandungan tingkah polah lauk.

4. Asal Usul Ki Mada 

Baheula, lima taun katukang, pemuda Mada ti Banten datang ka Kawali. Manéhna hayang ngabdi ka hiji negeri Gedé anu katelah Karajaan Sunda. Prabu Lingga Buana anyar kénéh diwastu atawa di lantik jadi raja ka tilu puluh hiji, ngaganti Prabu Ragamulya.

Kerajaan nu ngabogaan lalampahan sejarah panjang timimiti taun 669 masehi, ceuk pikiran pamuda katurunan Cina anu boga ngaran Ma Hong Foe, anu kabéh dieunakeun kasohor ku ngaran Mada, Sunda téh ngarupakeun nagara nu gedé tur kuat. Kusabab hal éta, manéhna hayang ngarobah hirup tina tukang dagang barabadan jeung pangumbara anu biasa dilakukeun ku luluhurna, jadi jalma nu kebek ku cita-cita jadi abdi kakuasaan.

Atuh si bapa Ma Ho Foe téh teu satuju ngadéngé nu jadi anak hayang jadi abdi karajaan.Leluhurna baheula datang Jawadipa téh ngarupakeun pelarian nu trauma ku kakawasaan. Kunaon ahirna boga anak bet ngadadak hayang icikibung dina widang politik jeung ngabdi di Karajaan?

"Anu ngabogaan makna dina kahirupan urang mah lain milih jadi naon, tapi naon anu bisa dipiboga, Hong Foe!. Kabahagiaan téh ayana dina kamakmuran. Hal éta anu kudu diudag", Ceuk Bapana waktu harita.

Tapi pikeun pamuda Ma mah lain kitu. Manehna henteu gedag kaanginan dina nanjeurkeun cita-citana sorangan. Pikeun dirina, kakayaan téh lain hiji-hijina sumber kabahagiaan hirup. Aya kabahagiaan dirina nu hayang dihontal. Tapi manéhna teu sanggup nerjemahkeun cita-citana.

"Kuring rék nyoba jadi pagawé di Karajaan Kawali, bapa!" Jawab Ma Hong Foe.

Salajengna, ti Karanghantu Banten, Ma Hong Foe milampah ka beulah wetan. Manéhna teu langsung meuntas jalan lempeng, tapi ngaliwat ka tabéh jalér heula, mapay-mapay jalan padati nu aya dina waktu harita. Mimitina manehna nuju ka wilayah Muaraberes disisi walungan Cisadané, saenggeus éta ngaliwat ka Karajaan Tanjung Barat. Kakara asup kawasan Pakuan.

Di Pakuan, Ma Hong Foe henteu nganjréj lila. Sanajan manéhna teu asup ka Dalem Khita (benteng jero karaton), tapi sempet nyaho karaton megah Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati, anu ku sawaréh jalma disebut Karaton Sunda Sembawa. Numatak waktu, waktu di Balé Kambang luhureun émpang, dua ponggawa norowéco kaayaan Karaton Pakuan, bari jeung dua ponggawa téh sakadar béja, Patih Mada mah nyeungseurikeun da manéhna sorangan pernah nyaksian langsung.

Ti Pakuan, pemuda Ma Hong Foe nuluykeun lalampahan. Mimiti nuju kabeulah kalér, ngaliwatan Cileungsi. Terus asup ka wilayah Tanjungpura. Lempeng ka wétan nuju ka Sagalahérang, laju mengkol ka kidul moro ka Tanjungsiang. Terus beuki ka kidul anjog ka Sumedanglarang.Ti Sumedanglarang ka kidul deui panggih jeung Karajaan Sindangkasih Talaga.Saterusna nuju kabeulah kidul deui. Lalampahan kacida panjangna, ahirna nepi ka
Purasaba Karajaan Galuh, nyaéta Kawali.

Di dayeuh Kawali Ma Hong Foe, dipikawanoh sakumaha ilaharna pamuda pribumi, henteu matak narik perhatian. Balaréa teu pernah nyaho yén dirina katurunan campuran Banten jeung Cina. Panon na nu rada sipit henteu nyurigakeun yén dirina urang Cina. Komo deui dina logat ngobrolna kawas sunda tulén.Malah ku seringna mentrang papanasan, warna kulit beungeutna obah jadi hideung santen, kawas warna kulit umumna urang Jawa.

Anu jadi perhatian balarea ti pamuda gagah tapi boga irung rada kembung, manehna bisa ngabuktikeun diri jadi pagawe wekel tur taya kacape. Kabeh pangeusi karaton Kawali muji kana kabisa Ma Hong Foe, malah loba nu ngabutuhkeun tanagana. Ku ayana kitu, teu ngabutuhkeun waktu lila, manehna bisa digawe di lingkungan karaton sok sanajan lain pagawe penting.  Di Zaman na mah, pamuda Ma Hong Foe anu ngaku ngaran Mada teh kaasup pamuda cerdas, loba gagasan jeung sanggup medalkeun hal-hal anyar. Seperti hal-hal leutik, nyiptakeun resep samara pasakan lauk, nepi ka nyieun ukiran dinding jeung tihang karaton.

Ku miboga kabisa kawas kitu, nu mawa diri Mada bisa larsup ka Karaton Surawisesa. Para pangagung karajaan, kadang ngabutuhkeun tanaga Mada, lamun aya tihang karaton nu dijieuna tina kai Palem, perlu di hadean atawa diukir.

Kadang Sang Prabu ku anjeun meryogikeun tanagi ki Mada. Seueur hiasan di balé bubut peryogi "sentuhan seni" liwat tangan pemuda asal Banten éta.

Kulantaran pemuda asal Banten téh teu boga asal-usul anu jelas, urang Kawali cukup ku nyebut ngaran Ramada. Malah kulantaran Ramada boga kahlian khusus, manéhna dibéré gelar Jaya Sakhsena Rakhsi Ramadashena. Tapi umumna cukup nyebut teh Ramada.

Poé ganti poé, Ramada beuki betah cicing di lingkungan Karaton. Komo deui manéhna dibéré kalaluasaan larsup karaton. Komo dina ahir-ahir ieu mah Dyah Pitaloka merlukeun kabisa Ramada.

"Naha salira tiasa ngukir panto kamer, kakang Ramada"?"

"Urang cobi baé ku Kaula, nyimas".

Pemuda Ramada benar mengukir daun panto di kaputrén. Daun pinto kamar Putri Dyah Pitaloka, diukir ku hiasan-hiasan kacida éndahna sabab nyieunna dibarengan haté nu leleb ku kameumeut. 

"Lengkungan-lengkungan na éndah pisan. Hanjakal kaula teu ngarti euisina. Naha ngan hiasan wungkul teu boga harti? Atawa niron lengkungan pucuk daun Taraté di Émpang taman?, Nu geulis naros.

"Disebat mung sakadar hiasan tiasa, nanging upami di telek-telek tiasa ngagaduhan makna, Nyimas", jawab pemuda Ramada bari tungkul éra.

Pemuda Ramada téh umurna kana dua puluh taunan. Sedengkeun Dyah Pitaloka paling luhur ogé kana tilu belasan taun. Dua atawa tilu taun deui kahareup, tangtu jadi wanoja dewasa nu jadi rebutan para jajaka. Dijero haté Ramada aya hiji kapanasaran, Saha lalakina anu jaga pantes miboga putri nu geulis éta?

"Kakang, cobi terangkeun lengkungan nu ngapit kembang taraté ieu", saur Dyah Pitaloka ngahudangkeun lamunan Ramada.

"Ah, éta mah ngan dikinten-kinten wungkul, Nyimas", jawab Ramada mésem ka éraan.

"Teu nanaon Kakang, mangga terangkeun" 

Ramada nerangkeun yén "lengkung téh lir ibarat jalan kahirupan, henteu salilana lempeng. Henteu salilana anu di cita-citakeun bisa kahontal langsung maké jalan lempeng. Aya kalana hiji hal nu dipikahayang téh béda jeung nu katampa, atawa hal anu dicita-citakeun téh nembé kahontal lamun ngaliwatan jalan anu bulak-bélok, susah balangsak jeung bahaya", jawab Ramada bari ngukir panto. Sakali-kali maling teuteup kana raray Dyah Pitaloka. Sanajan ngan sakolépat, tapi bisa ngageterkeun haté Ramada. Kitu téa na mah, teu sabaraha anggang bisa ngarasakeun kaéndahan pameunteu Sang Putri.

Bari ngadangukeun galécokna obrolan Ramada, Dyah Pitaloka kadang-kadang molohok ngembang kadu, nyaksian parigelna leungeun Ramada, nurihkeun Peso Pangot kana beungeut kai. Paroman raray nu geulis téh robih-robih. Sakedapan imut, lajeng robih janten kerung ngerutkeun halis, disusul neuteup seukeut teu ngiceup nuturkeun obahna péso jeung leungeun Ramada. Kabéh réntétan kaayaan téh teu leupas tina paneuteup Ramada, sanajan bari maling-maling.

"Salira téh pinter ngukir, naha salira tiasa ngagambar?" Dyah Pitaloka naros  ngahaneutkeun kaayaan.

"Maksad Nyimas, menggambar naon? Upami dipiwarang ngagambar guriang di langit ka tujuh mah, kaula teu bisa, sabab can pernah ningali", jawab Ramada rada ngabodor, ogo.

Nguping waleran samodél kitu ti Ramada, nugeulis kempot pipina jeung soca cureuleuk, imut ngagenyu.

"Kaula moal miwarang kakang ngalakukeun nu teu kahontal. Hontal baé anu tiasa kahontal ku kakang".

"Atuh kaula kedah ngagambar naon"?

"Misalna ngagambar diri kaula"?

"Ngagambar Nyimas"?

"Muhun, ari kitu kunaon"?

Pamuda Ramada tungkul sajongjonan. Manéhna inget kana ucapan nu geulis némbé, yén anjeuna moal ménta migawé hal nu teu bisa kahontal. Tapi naha kaula bisa ngalaksanakeun kahayang Sang Putri éta?.

"Naha kaula mampuh ngagambar pameunteu Nyimas?"

Nguping patarosan Ramada samodél kitu, Putri Dyah Pitaloka seuri leutik, kalayan teu kahaja ningalikeun dérétan waos rapih tur bodas lir ibarat mutiara. Anjeuna sadar aya lalaki dideukeutna nu merhatikeun, énggal-énggal anjeuna nutup baham ku dampal  pananganna. Nanging ka geulisan na teu tiasa disumput-sumput. Nutup imut ku ramo anu lentik, nunjukkeun miboga ka geulisan séjénna.

Dada pamuda Ramada ratug tutunggulan 

"Énggal gambar, kakang! Maénya tangan salira teu bisa ngusap bentuk beungeut kaula"? ceuk Dyah Pitaloka ogo.

"Waduh.... naha kaula, naha kaula éh tangan kaula kudu nyabak raray Nyimas"? Pamuda Mada ngadadak sepa.

"Sanés diusap ku tangan salira atuh Kakang, maenya kawas anu lolong baé? Ku koas diusapkeun kana kanvas niron beungeut kaula, supaya mirip aslina", Dyah Pitaloka seuri ngéhkéh nganggap Ramada lalaki lugu.


CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA ( Dicandak tina Novel Perang Bubat - Tragedi Dibalik Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka; k...