Kamis, 26 Agustus 2021

BOJO RASA ADI

BOJO RASA ADI DINA RUMAH TANGGA PRABU SILIHWANGI JEUNG DEWI SUBANG LARANG.
-----
Nyimas Ayu (Nay) Subang Larang nyaeta Garwa Prabu Jayadewata atanapi Prabu Siliwangi nu kadua saatosna Dewi Ambet Kasih. Anjeuna putri Ki Ageng Tapa.  Ki Ageng Tapa, seueur nu nyebat Ki Gedeng Tapa. Saleresna sebutan Ageng sareng Gedeng teh sami keneh nunjukeun kana Ageung atawa Gede. Sebutan Gedeng teh wangunan tina kecap Gede(ing) 

Saha ari Ki Kedeng Tapa teh?
Numutkeun Naskah Pararaton Jeung Carita Parahyangan, nyebatkeun yen saleresna Ki Gedeng Tapa teh bibit buitna ti Galuh Kawali. Manten na putra Prabu Niskala Wastu Kencana alias Prabu Wangisutah ti Dewi Mayangsari, putri Mangkubumi Bunisora Suradipati.

Ti Dewi Mayangsari, Prabu Wastu Kencana ngagaduhan putra Opat, nyaeta :
1. Prabu Dewa Niskala, Prabu Ningrat Kencana. 
2. Ki Ageng Sindangkasih/Sedhang Kasih (Majalengka), 
3. Ki Ageng Singhapura atanapi Prabu Suryawira Sakti. 
4. Ki Ageng Tapa

Ki Ageng Sedhang Kasih (Raka Ki Ageng Tapa), janten Juru Labuan Muara Jati anu ngawasa di sapanjang basisir Nagari Carbon. 
Wilayah Carbon nu aya dilereng Gunung Ceremai disebut Carbon Larang. 

Baheulana nagari Carbon Larang teh di
Ratuan ku Ki Ageng Kasmaya atanapi Raden Giridewata, nyaeta putrana Mangkubumi Bunisora Surasipati. 

Hartosna Ki Ageng Kasmaya teh rakana Dewi Mayangsari, Uwana Ki Ageng Tapa, Prabu Dewa Niskala, Ki Ageng Sedhang Kasih, oge uwana Ki Ageng Singhapura. 
Lengkepna mah palaputra Mangkubumi Bunisora Suradipati nyaeta :
1. Ki Ageng Kasmaya/ Raden Giridewata
2. Bratalegawa
3. Nay Ratna Mayangsari.
4. Nay Banawati

Janten pami Carbon Larang ahirna dilungsurkeun ti Raden Giridewata ka Ki Ageng Sedhang kasih teh sanes kasasaha, tapi ti Uwa ka Alo. Kitu deui jabatan juru Labuan anu dicepeng ku Ki Ageng Sedhang Kasih, satutasna pupus teh dilungsurkeun karaina nyaeta Ki Ageng Tapa kalayan gelar Ki AGENG JUMAJAN JATI nu gaduh kawasan di sapanjang Basisir.

Disagigireun ngagentos Ki Ageng Sedhang Kasih janten Juru Labuan, Ki Ageng Tapa oge ngagentos rakana nyaeta Surya Wijaya Sakti janten  pejabat di Singapura kalayan pangkatna Mangkubumi, langsung dibawah parentah Karajaan Galuh. 
Singhapura teh tina kecap Sing Apura. Anu hartosna "nu ngahampura".
Istrina Ki Ageng Tapa nyaeta Nay Retna Kerancang, putri  Ki Ageng Kasmaya atanapi Giridewata, raja di Carbon Girang. Tina laki rabi eta, Ki Ageng Tapa  ngagaduhan Putri anu jenengannana NAY SUBANG LARANG, anu jaganing geto janten Istrina Prabu Siliwangi.

Saupami dina ahirna Nay Subang Larang dipigarwa ku Prabu Siliwangi, saleresna anu janten caroge teh kapirakana keneh. Panginten ka Ramana Prabu Siliwangi nyaeta Prabu Dewa Niskala, ari Subang Larang mah pernahna Uwa. Atuh Dewi Subang Larang ka Prabu Siliwangi teh pernahna KAKANG PRABU. 

Dina Rumah Tangga Prabu Siliwangi sareng Dewi Subang Larang janten BOJO RASA ADI.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA ( Dicandak tina Novel Perang Bubat - Tragedi Dibalik Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka; k...