Kamis, 26 Agustus 2021

RABUYUT SAWAL: PRIANGAN TEMPAT PARA RAHYANG

RABUYUT SAWAL.
PRIANGAN TEMPATNA PARA RAHYANG

Numutkeun sajarah Panjalu, netelakeun yen ngadegna Karajaan Panjalu, lantaran samemehna aya hiji kabataran atawa Kabuyutan di Karantenan Gunung Sawal, anu katelah Kabuyutan Sawal.

Kecap Kabuyutan Sawal mimiti nembrak dina sajarah, lantaran dina Naskah Carita Parahiyangan karya Pangeran Wangsakerta, kasabit aya ngaran Kabuyutan Sawal waktu nyaritakeun Rakyan Jamri atawa Sanjaya niat nyerang Karajaan Galuh pikeun ngarebut deui akakawasaan ti Purbasora. 

Kasangtukang Sanjaya ngayakeun serangan ka Galuh pikeun ngarebut kakawasaan, lantaran samemehna Purbasora nu ngarebut kakawasaan ti Sena ramana Sanjaya. 
Sabenerna Purbasora oge, dina ngarebut kakawasaan ti Sena teh ngabogaan alesan nu tangtu, nyaeta aya patalina kana "pengangkatan" Sena janten Raja Galuh. Padahal di kulawarga karaton geus jadi sabiwir hiji yen Sena teh buah tina "samarakarya" atawa hasil tina salingkuh antara Rakean Jalantara atawa Prabu Mandiminyak jeung lanceuk iparna nyaeta Pohaci Rababu. Ari Pohaci Rababu teh nyaeta garwana Rakean Jatmika atawa Batara Sempakwaja nu jadi raka pangcikalna Mandiminyak.

Kanggo jelasna, Raja Galuh munggaran nyaeta Mahaprabu Suradharma Jayaperkosa atanapi langkung dipikawanoh ku nami Sang Wreti Kandayun, anu gaduh nami nuju alit Rakean Amara atanapi waktos jajaka katelah Daniswara. Ari Dani teh hartosna "kebo" atanapi "munding". Di landi kitu teh, dumeh nuju jajaka, Rakean Amara salaku putra bungsu, waktos nuju moro, diajak saembara ku dua rakana yen sing saha anu pangheulana tiasa nombak "kebo wulan" mangka jaga ning geto baris nyekel kalungguhan Raja Kendan di Madang Jati  jeung miboga hak ngagentos ramana, Resi Kandiawan. Kaleresan waktos harita, Rakean Amara nu tiasa maehan kebo wulan teh, tur salajengna di landi Daniswara. Cunduk kana waktosna Rakean Amara atanapi Wreti Kandayun janten Raja Kendan di Menir, lajeng ngalihkeun purasaba ka Karang Kamulyan sareng ngagentos nami Karajaan janten Galuh.

Wreti Kandayun nikah ka putrina Resi Makandria nyaeta Pohaci Bungatak Mangale-ale atanapi nami nuju alit disebat Dewi Manawati atanapi nami nuju nonoman katelah Dewi Mana Kasih, tos janten prameswari gaduh gelar Dewi Candra Resmi.

Raja Wreti Kandayun ti Prameswari Dewi Candra Resmi, kagungan putra tilu nyaeta;
1. Rakean Jatmika atanapi Rahyang Sempak Waja.
2. Rakean Jantaka atanapi Batara Wanayasa salajengna ka telah Resiguru Denuh.
3. Rakean Jalantara atanapi Rakean Suraghana atanapi Rahyang Mandiminyak.

Tilu putra raja galuh eta ngagaduhan tabeat teu sarua disagigireun miwanda rupa nu beda. Rakean Jatmika kalebet tanpadaksa, ngagaduhan cacad fisik nyaeta ompong, teu gaduh waos ti nuju alit. Ku ramana dilandi "Sempak Waja". Sempak hartosna rogol atanapi ompong, Waja hartosna Waos.  Kitu deui Rakean Jantaka, anjeuna gaduh cacad panyawat "hernia" alias "burut". Tapi boh Jatmika, boh Jantaka kagungan tabeat sae. Aranjeuna leuwih resep ngagali elmu, neuleuman kaagamaan jeung elmu kanuragan, numawi aranjeuna mah milih hirup di Kabataran janten resi tibatan di Karaton. Beda jeung Rakean Jalantara miwanda dedeg sampe rupa hade. Soca seukeut cureuleuk, pangambung bangir, kulit koneng umyang tur bersih cahayaan. Herang lir dibalur minyak. Kumargi kitu, anjeuna katelah nami Rakean Mandiminyak, lantaran cenah katempona herang lir ibarat tos dimandian minyak. Mung aya hanjakalna, Mandiminyak ngagaduhan tabeat "glamour", resep hirup dina kamewahan.Karesepna "hura-hura" jeung pesta.

Sabenerna mah kuayana beda tabeat jeung wanda palaputra raja galuh eta nu salajengna milu ngawarnaan perjalanan sejarah karajaan galuh. Tina sajarah galuh nembrak, yen dina waktu harita sajarahna terus-terusan di warnaan "pacengkadan internal", silih jungkelkeun kakawasaan antara teureuh Sempak Waja jeung teureuh Mandiminyak. Malah aya deui pintonan sajarah kahirupan di  Karajaan Galuh nu teu kudu di conto, geus lain sakali ayana "skandal birahi"  diantara kulawarga.

Dina waktu harita Galuh aya dina periode awal nyaeta periode Galuh Sindula di Karangkamulyan, pacengkadan terus-terusan mopohokeun ngudag karaharjaan rahayatna nepi ka ahirna bisa rengse, sanggeus aya dina kakawasaan Sang Manarah atawa Ciung Wanara.

Periode Sejarah Galuh di Karang Kamulyan mah kirang mintonkeun sajarah pikareueuseun, benten sareng periode Galuh Kawali. Loba tapak sajarah nu gede ajenna tug ka kiwari. Mangga tingali salah sawios kecap tina prasasti Kawali : "nu marigi sa-kuliling dayĕh nu najur sakaladesa aya ma nu pa(n)deuri pakĕnagawe rahayu pakĕn hebel jaya dina buana". 

Ayana sesekelan dina sejarah Galuh Sindula, dikawitan waktos Raja Wreti Kandayun ngangkat putra bungsu (Mandiminyak) janten wirasaba sanes Sempak Waja nu janten putra pangcikalna. Sanaos hal eta tiasa ka maphum ku waruga Sempak Waja tanpadaksa dianggap teu pipanteseun jadi raja, nanging tetep dina hate leutik mah nyimpen kakuciwaan. Kuciwa Sempak Waja langkung nambih, waktos kanyahoan garwana ngayakeun samarakarya sareng nu janten rai, dugi ka ngagaduhan putra nyaeta Bratasenawa atanapi Sena. Malah kakuciwaan tos teu kaampeuh deui, waktos Sena diistrenan janten Raja Galuh . Disagigireun eta, Purbasora putra Pohaci Rababu ti Sempak Waja nganggap leuwih ngabogaan hak jadi Raja Galuh dibandingkeun Sena anu dianggap "anak jadah". Salajengna Purbasora ngajorag Karajaan Galuh mung Sena tiasa lolos tur kabur ka Gunung Merapi.
Saleresna Sena teh nikah ka Sanaha putri Ratu Shima ti Kalingga, kalayan kanggungan putra nyaeta Rakean Jamri atanapi Sanjaya.

Lir ibarat muterna roda, kuciwa anu mimitina aya dipihak Sempak Waja, waktu harita pindah ka teureuh Mandiminyak, Sanjaya putra Sena putu Mandiminyak ngarasa diteungteuingan ku ketakna Purbasora ngarebut kakawasaan ti ramana. Amarahna ngagedur-gedur hayang males dendam ka kulawarga Galuh.  Nanging Sena atanapi Bratasenawa mah gaduh sifat minandita benten sareng ramana. Anjeuna mah asak jeujeuhan, numawi masihan wejangan ka Sanjaya supados dina males dendam kedah ngahargaan ka sesepuh nu aya di Galuh, margi aranjeuna oge masih sepuhna keneh Sanjaya. Lamun ge rek ngayakeun babales, cukup ka pribadina Purbasora.

Kalayan bekel wejangan tinu jadi rama, Sanjaya ngerahkeun pasukan berangkat ka Galuh, nanging langkung tipayun mendakan heula uwana, Resi Wanayasa atawa Batara Denuh.
Ku uwana, Sanjaya dipasihan pituduh supados mendakan heula Batara Seda Sakti di Kabuyutan Sawal. Saurna, di kabataraan eta disimpen pusaka karuhun Kendan anu katelah " Pustaka Ratuning Bala Sarewu"

Pustaka Ratuning Bala Sarewu, eusina teh ngeunaan Sarebu Strategi militer jeung Katatanagaran Karajaan, khususna di tatar sunda. Mimitina mah buku eta teh jadi referensi wajib dina nempa para kesatria jeung Jagabaya Tarumanagara di Kabataran Kendan. 

Waktu Karajaan Tarumanagara aya dina pangawasa Prabu Suryawarman, kabataran kendan teh dikhususkeun jang ngagembleng para prajuritna jeung calon pejabat karajaan. Lamun ku bahasa ayeuna mah, Kendan teh mereun sabangsa Akademi Militer. Malah leuwih ti kitu, di Kabataran Kendan oge diulik tur neuleuman elmu kaagamaan jeung Kanagaraan. Kabataran Kendan dina waktu harita leuwih luhur ajena tibatan nagara bawahan Tarumanagara sejenna, lantaran dideudeul ku kakawasaan Raja Tarumanagara. Raja Suryawarman ngembarkeun ka para raja bawahan yen sakabeh raja kudu ngaku, ngahormat jeung tumut ka Sang Resi Guru Manikmaya salaku Batara di Kendang, margi disagigireun Manikmaya jadi Maharesi nu linuhung tur loba jasana ka nagara, oge anjeuna teh mantuna raja. Malah Raja Tarumanagara ngayakeun ancaman, yen lamun aya karajaan bawahan anu mungpang, komo deui ngamusuhan Kendan, baris diserang ku Tarumanagara oge dihapus status karajaan nana.

Salaku Maharesi (mun ayeuna meureun istilah na teh Guru Besar), Batara Manikmaya ngayakeun panalungtikan kana hal-hal nu nyababkeun Linuhungna Raja Purnawarman bisa ngangkat darajat Karajaan Tarumanagara jadi nagara kawentar di Nusantara. Malah panalungtikan Maharesi leuwih jero, ngaguar ti mimiti Raja Dewawarman ngawasa di Karajaan Salakanagara. Hasil panalungtikan eta ku Maharesi dihimpun dina hiji buku anu katelah "Pustaka Watang Ageng". 

Cenah, Pustaka Ratuning Bala Sarewu teh mangrupa cutatan sabagian tina Pustaka Watang Ageng, malah nu nyusun na oge sanes Maharesi Manikmaya ku anjeun, nanging ku putrana nyaeta Sang Suraliman anu pinunjul dina elmu kamiliteran. malah pernah janten Panglima Perang (Angkatan Laut) kerajaan Tarumanagara kalayan gelar " Baladhika Ning Wadyabala".

Pustaka Ratuning Bala Sarewu, salajengna dijantenkeun ageman ku para raja di tatar sunda, sok sanaos aya keterangan yen henteu sakabeh raja anu mampu ngawasa sakabeh elmu nu diserat dina pustaka eta. Tiap-tiap raja benten-benten kamampuan neuleuman elmu dina lebet pustaka. Mung sababaraha urang raja nu dianggap hatam, nyaeta:
1. Prabu Terusbawa, raja Sunda mimitran.
2. Prabu Wreti Kandayun, raja Galuh mimitran.
3. Sanjaya, Raja Sunda-Galuh- Mataram.
4. Prabu Lingga Buana,  Prabu Wangi, Raja Galuh nu Gugur di Bubat.
5. Prabu Lingga Wastu Kencana, Prabu Wangisutah, raja Sunda-Galuh di Kawali
6. Prabu Jayadewata, Prabu Siliwangi, Raja Sunda-Galuh di Pakuan Bogor.

Aya deui keterangan anu nyebatkeun yen buku Pustaka Ratuning Bala Sarewu anu asli teh teu kapendak dugi ka ayeuna. Saatosna dicandak ku Sanjaya ti Rabuyut Sawal, teras di perdalam ku anjeuna tug dugi ka fasih tur wacis dina ngamalkeunna. Seueur kaberhasilan nu kahontal ku Sanjaya tina ngalap elmu nu aya dina pustaka eta.

Numutkeun Aan Merdeka Permana, Raden Sanjaya ngahijikeun Nusantara. Inyana ngabogaan stratégi perang jeung tata-nagara, didasaran sifat "Tilu Tu" nyaeta:
1. “Tuhu” (kuat dina kasatiaan),
2. “Tuah” ( kuat lahir batin) jeung 
3. “Tulah” (kuat atawa sanggup dina ngahukum deungeun). 

Raden Sanjaya, Radén Wijaya, Prabu Lingga Wastu Kencana (Prabu Wangisutah) jeung Prabu Jayadewata ( Prabu Siliwangi,) miboga tilu kakuatan eta, ngajalankeun élmu Kitab Karatuan tina Pustaka Ratuning Bala Sariwu.

Radén Sanjaya ngawasa eusi dua Kitab ajaran. ngeunaan Kapamingpinan jeung élmu perang “Yuddhenipuna mwah Baladhika ning Wadyabala”, nyaeta Ratuning Bala Sarewu jeung Sanghyang Sasanakerta anu sumberna tina Kitab Sanghyang Watangageung, karya Resiguru Manikmaya.

Pustaka Ratuning Bala Sarewu dicutat ku Raja Tarumanagara nyaeta Resi Suraliman anu samemehna janten Panglima Perang. Sedengkeun Kitab Sanghyang Sasana Kerta disusun ku Sang Kandiawan Dewaraja anu diwariskeun ka Wreti Kandayun Raja Galuh. 

Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu karya Prabu Suraliman, diwariskeun ka Prabu Linggawarman, Prabu Tarusbawa Karajaan Sunda taun 669 Maséhi.

Radén Sanjaya téh turunan Wretikandayun, ti Bratasenawa ti Mandiminyak. Bratasenawa jadi Putra Mahkota Galuh. Kitab Sanghyang Sasanakerta kagungan Wretikandayun, di warahkeun ku Resiguru Rabuyut Sawal di Gunung Sawal nyaeta Resi Séda Sakti atawa Séda Suci ka Sanjaya, bari jeung nyerahkeun Pustaka Ratuning Bala Sarewu.

Radén Sanjaya ditugaskeun ku Tarusbawa mraktekeun élmu Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu dina numpas kaum karaman (rampog) di wilayah Karajaan Sunda. “Kaampuhan Pustaka Ratuning Bala Sariwu na yudhakala rebut kreta Galuh Pakuan na kadatwan wus dumadi ranasabha ingga purbasora pinenjahan dening Sanjaya yudhakala.” 
Maksudna, kaampuhan Kitab Pustaka Ratyuning Bala Sariwu geus sanggup meruhkeun Galuh katut ngabinasakeun Purbasora.

Ku Sanjaya, Kitab Pusaka diwariskeun ka karajaan-karajaan nu aya di Jawa Tengah jeung Jawa Timur, tarapis pisan dina cara ngagedékeun komara nagara, tata-nagara boh kamilitéran. 
Radén Sanjaya téh dianggap Gurhyang Duta Laksana (Panembahan Patriot Sunda).

Sabenerna Ratuning Balasarewu teh aya sarebu jurus jang ngolah Nagara, tapi urang Sunda, kaasup Prabu Linggabuana kakara neuleuman elmu nepi ka dua puluh jurus.

Tina ngawasa elmu Ratuning Bala Sarewu, salajengna aya pangaruh awon kana kajiwaan Sanjaya. Anjeuna janten jumawa tur "maniak perang". Sikapna ekspansif, resep naklukeun-naklukeun karajaan sejen. Malah sikap eta kabawa nepi ka Karajaan Mataram.

Di Tatar Sunda, sanaos pustaka Ratuning Bala Sarewu anu asli tos teu aya, tapi seueur para batara anu hatam kana eusina tur ngajarkeun deui ka calon-calon pejabat karajaan utamina ka para putra mahkota. Malah seueur para Batara anu  ngajabarkeun deui dina pustaka sewang-sewangan, seperti Kabataran Galunggung ngagaduhan Pustaka Amanat Galunggung, Prabu Jayadewata ngagaduhan Siksa Kandang Karesian, Kabuyutan Sawal gaduh "Sanghyang Sasanakerta".  Kabataran anu kawentar ngajarkeun elmu tina Pustaka Ratuning Bala Sarewu, diantawisna Kabataran Jampang.

Aya dua putra mahkota Karajaan Sunda anu resep ngalalana, ngalap pangarti mapay-mapay sakabeh Kabataran nu aya, nyaeta Prabu Lingga Wastu Kecana atanapi Prabu Wangisutah sareng Prabu Jayadewata atanapi Prabu Silihwangi. Numawi saatos maranten na diistrenan janten raja, katawis onjoyna margi diwuwuh ku pangaweruh ti unggal kabataraan. Dua Maharaja eta tiasa ngawujud keun Karajaan Sunda janten "Nagara Gemah Ripah Loh jinawi, aman tintrim kertaraharja".

Aya ahli sejarah anu nyebutkeun yen elehna tentara Sunda ku Majapahit di palagan Bubat teh lantaran "termakan strategi sendiri". Disebatkeun yen pasukan khusus Bhayangkara ti Karajaan Majapahit bener-bener geus mempelajari Pustaka Ratuning Bala Sarewu anu dibawa ku Sanjaya ti tatar Sunda. Rata-rata para bhayangkara geus ngawasa leuwih ti dua puluh jurus. Ceunah, strategi militer nu aya dina pustaka eta teh kabehna aya sarebu jurus. Pasukan Karajaan sunda kakara mempelajari ngan nepi ka jurus kadua puluh.


Kabuyutan nyaeta istilah basa sunda nu diwangun ku kecap asal "buyut" atawa "uyut".
Kecap buyut ngandung dua hartos. Kahiji, ngandung hartos turunan katilu (anak incu) atanapi lululuhur ka opat (indung/bapa ti nini/aki). Kadua, ngandung hartos pantangan, pamali, tabu atawa cadu.

Aya kalana kecap buyut teh mangrupa kecap sifat anu konotasina kana hal-hal nu dianggap suci atawa karamat. Misalna bae barang-barang atawa tempat nu dianggap karamat disebutna Kabuyutan. Aya oge istilah "satru kabuyutan" anu hartosna musuh turunan nepi ka anak incu.

Kecap kabuyutan nu dimaksad dina pedaran di dieu mah ngarujuk kana tempat nu dianggap suci paranti ngatik jeung neuleuman elmu kaagamaan jeung kanagaraan anu disesepuhanan ku resi atanapi batara. Kawasan tempat ngadegna kabuyutan biasana marupak undakan batu (batu berundak).

Istilah sejen tina kecap Kabuyutan nyaeta Kabataraan anu dipingpin ku saurang batara. Saleresna Kabuyutan sareng Kabataraan ngagaduhan hartos nu sami, mung ari kabuyutan mah nyirikeun aya kosmos Sunda, dimana euisi ajaran dumasar kana sunda wiwitan. Nanging ari kabataraan mah sagemblengna nyirikeun ajaran Hindu. 

Aya ahli filologi nu ngabentenkeun Kabuyutan sareng Kabataraan. Saurna di Kabuyutan utamina janten Skriptorium atanapi tempat naskah-naskah karajaan di serat sareng disimpen, sedengkeun Kabataraan ngutamikeun kana penggemblengan elmu kaagamaan jeung kanagaraan. Panginten ayeuna mah disebat Pusdiklat atanapi "academia" zaman Socrates.

Ku ayana kitu, teu janten aneh upami Kabuyutan Sawal janten tempat panyimpenan Ratuning Bala Sarewu sareng Sanghyang Sasanakerta. Ageung kamungkinan, dina waktos harita kabuyutan Sawal janten tempat nyerat sareng nyimpen naskah karajaan zaman Wreti Kandayun.

Kecap Kabuyutan oge ngabogaan fungsi nunjukeun barang. Dina hal ieu kabuyutan ngarujuk kana tempat-tempat nu tangtu nu dianggap saktal. Wujudna bisa mangrupa bangunan, kawasan taneuh nu pinuh ku tatangkalan. Misalna wilayah Kanekes di Leuwidamar Banten biasa disebut Kabuyutan. 

Sabage kecap gaganti barang, kabuyutan miboga harti nu khusus, nyaeta jang nunjukkeun tempat pendeta atawa pujangga ngalakukeun pagaweanna, atawa tempat kagiatan religius. Di Kabuyutan jalma-jalma terpelajar nulis naskah, ngajarkeun elmu agama jeung ngadaro’a. 

Sahenteu-henteuna istilah Kabuyutan geus aya di awak abad 11 Masehi. Prasasti Sanghyang Tapak anu dijieun kira-kira taun 1006-1016 Masehi. Nerangkeun yen Prabu Sri Jayabupati sabage raja sunda netepkeun yen sabagian ti wilayah walungan Tapak jadi Kabuyutan, nyaeta tempat anu miboga pantangan jeung hal eta kudu diturut ku sakabeh rahayat.

Kabuyutan anu dibarengan jeung atikan wawasan kaagamaan jeung kanagaraan, sering disebut Mandala atawa Kamadalaan.

Numutkeun Undang A Darsa, dina jaman sistim karajaan, lembaga formal pendidikan atawa pabrik nu ngahasilkeun jalma-jalma palinter, salah sahijina nyaeta Mandala.  

Mun dipake kecap sejen, hartina Mandala bisa oge disebut Lembaga Pendidikan Formal di Tatar Sunda Jaman Karajaan. 

Dina Kronik Lontar Sunda Kuno abad 15 – 16 masehi, kacatet aya 74 Mandala di Tatar Sunda di sagigireun Kabuyutan Sawal nu ngadeg ti mimiti Ujung Kulon nepi ka batas wetan karajaan sunda di Cipamali, nyaeta :
1. Mandala Gunung Kidul,
2. Mandala Hujung Kulon,
3. Mandala Purwalingga,
4. Mandala Agrabinta,
5. Mandala Purwanagara,
6. Mandala Bhumi Sagandu,
7. Mandala Sabhara,
8. Mandala Nusa Sabay,
9. Mandala Cupunagara, Subang
10. Mandala Paladu,
11. Mandala Kosala,
12. Mandala Rajalegon,
13. Mandala Indraprahasta, Cirebon Girang, Cirebon
14. Mandala Manukrawa,
15. Mandala Malabar,
16. Mandala Sindangjero,
17. Mandala Purwakreta,
18. Mandala Wanagiri, Palimanan, Cirebon
19. Mandala Rajadesa,
20. Mandala Purwagaluh,
21. Mandala Cangkuang, Garut
22. Mandala Sagara Kidul, Sukabumi
23. Mandala Kubanggiri,
24. Mandala Cupugiri,
25. Mandala Alengka,
26. Mandala Manikprawata,
27. Mandala Salakagading,
28. Mandala Pasirbatang,
29. Mandala Bitunggiri, Talaga Majalengka
30. Mandala Tanjungkalapa,
31. Mandala Sumurwangi,
32. Mandala Kalapagirang,
33. Mandala Kalapalarang,
34. Mandala Tanjung Camara,
35. Mandala Sagarapasir,
36. Mandala Rangkas,
37. Mandala Puradalem,
38. Mandala Linggadewata,
39. Mandala Wanadatar
40. Mandala Wanajati,
41. Mandala Jatiageung,
42. Mandala Komandan Abdiraja,
43. Mandala Sundapura, Bekasi
44. Mandala Rajatapura,
45. Mandala Kalapadua,
46. Mandala Pasirmuara,
47. Mandala Purwagading,
48. Mandala Muarajati, Cirebon
49. Mandala Pasirsagara, Bekasi
50. Mandala Raksapura,
51. Mandala Jasinga, Bogor
52. Mandala Raja Purnawijaya Pradesa,
53. Mandala Sumurwangi,
54. Mandala Tejakalapa,
55. Mandala Girilarang,
56. Mandala Mandalaherang,
57. Mandala Kalapajajar,
58. Mandala Cibinong,
59. Mandala Sundapasir,
60. Mandala Sunda Sambawa,
61. Mandala Kandangwesi, Garut
62. Mandala Pasirluhur,
63. Mandala Wahanten Girang,
64. Mandala Parajati,
65. Mandala Singhapura,
66. Mandala Wanakusumah,
67. Mandala Salakadomas,
68. Mandala Cirebon Larang,
69. Mandala Purwa Talaga, Talaga, Majalengka
70. Mandala Jayagiri,
71. Mandala Sindangkasih, Majalengka
72. Mandala Purwa Sanggarung, dan
73. Mandala Jatianom.
74. Mandala Sindangwangi,Majalengka.

Tina makna Kabuyutan atawa Kabataran sering dipacorokeun harti malah aya oge anu nganggap hartina sarua. Memang dina sajarahna aya sababaraha kabuyutan anu ngarobah statusna jadi karajaan, seperti Kabuyutan Kendan jadi Karajaan Kendan, Kabuyutan Galunggung jadi Karajaan Galunggung. Kaasup Kabuyutan Sawal jadi Karajaan Panjalu. Tapi loba oge kabuyutan sejenna anu tetep jadi wilayah “perdikan”.
 
Ayana salah harti teh lantaran struktur kabuyutan mirip jeung struktur pamarentahan karajaan baheula. Misalna bae, di Kabuyutan Kendan ngabogaan struktur pamingpin pangluhurna anu disebut Resiguru, oge ngabogaan para wasi anu dianggap sarua jeung rahayat, atawa boga para jagabala anu mirip jeung prajurit kerajaan.  

Sakumaha nembrak dina sajarah, yen ditatar sunda, khusuna tatar sunda bagian wetan, meuweuh pisan ku kabataran. Loba para Resi, para batara jeung para Rahyang nu ngajarkeun elmu pangaweruh na di eta kawasan. Kawasan eta geus katelah tempatna Para Rahyang. Nepikeun ka kiwari katelah Parahyangan, Prahiangan atawa dina letah Walanda disebut Preanger.

Kabataran di tatar sunda anu mimiti nyaeta Kabataran Kendan anu salajengna culcel di unggal wilayah ngadeg Kabataraan sewang-sewangan. Silih sambung silih tuluykeun. Sanggeusna Kabataran Kendan mepempem, disambung ku Kabataraan Galungggung.

Numutkeun Sajarah Galunggung, para batara anu pernah nyepeng kabataraan di Galunggung nyaeta: 
1. Batara Sempak Waja,
2. Batara Kuncung Putih,
3. Batara Kawindu, 
4. Batara Wastuhayu jeung
5. Batari Hyang. 

Numutkeun prasati Geger Hanjuang , Batari Hyang dinobatkeun jadi pangawasa Galunggung dina tanggal 21 Agustus 1111 Masehi atawa 13 bhadrapada 1033 Caka. 

Kabataraan Galunggung mangrupakeun cikal bakal Karajaan Galunggung anu dina jaganing geto jadi Kabupaten Sukapura anu satuluyna jadi Kabupaten Tasikmalaya.

Mungkin, saenggeusna pungkas periode Kabataraan di Galunggung, kakawasaan kabataran di Kamaharajaan Sunda dicekel ku Batara Tesnajati ti Karantenan Gunung Sawal.

Para Batara anu pernah nyekel kalungguhan di Karantenan Gunung Sawal nyaeta Batara Tesnajati, Batara Layah jeung Batara Karimun Putih. 
Salajengna dina masa kakawasaan Sanghyang Rangga Sakti, putra Batara Karimun Putih, ngarobih status kabataraan janten Karajaan anu ayeuna katelah Karajaan Panjalu.

Satutasna Kabataraan Sawal jadi Karajaan Panjalu, kakawasaan kabataran di wilayah kamaharajaan sunda diteruskeun ku Prabu Guru Aji Putih di Gunung Tambong Agung. Prabu Guru Aji Putih teh taya sanes perintis ngadegna Karajaan Sumedang Larang.
Prabu Guru Aji Putih digentos ku putrana nyaeta Prabu Resi Tajimalela. 

Numutkeun Sumber Sejarah Sumedang Larang, hirupna Prabu Resi Tajimalela sajaman jeung Maharaja Galuh-Sunda Kawali nyaeta Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350).

Prabu Resi Tajimalela digentos ku putrana anu gaduh wasta Prabu Resi Lembu Agung. Salajengna Prabu Lembu Agung digentos ku raina nyaeta Prabu Gajah Agung nu 
nyakrawati di Ciguling.

Waktu kabataraan Sumedang Larang dicekel ku Prabu Gajah Agung, Kabataraan ditingkatkeun statusna jadi Karajaan.

Kakawasaan kabataran saterusna ngageser ka Kabataraan Gunung Picung. Kabataraan eta jadi cikal bakal Karajaan Talaga. Batara Gunung Picung nyaeta putra Suryadewata. Suryadewata kuanjeun nyaeta putra bungsu Prabu Ajiguna Linggawisesa Maharaja Sunda.

Batara Gunung Picung digentos ku putrana nyaeta Prabu Darmasuci. Salajengna Prabu Darmasuci digentos ku putrana nyaeta Begawan Garangsiang. Salajengna deui, Begawan Garangsiang digentos ku raina anu janten Raja Talaga nyaeta Sunan Talaga Mangun. Ti kawit harita kabataraan robah status jadi Karajaan Talaga.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA ( Dicandak tina Novel Perang Bubat - Tragedi Dibalik Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka; k...