Senin, 30 Agustus 2021

KARAJAAN ISLAM PANJALU

KARAJAAN ISLAM PANJALU
ku : Ki Damar Giri

***

Lamun ngabandungan lajuna sajarah, Karajaan Panjalu bisa dibagi sababaraha periode. Dina pedaran didieu, nyobi ngabagi janten opat periode, nyaeta :
1. Periode Kabataraan.
2. Periode Karajaan Hindu-Budha
3. Periode Karajaan Islam
4. Periode Kaadipatian

Dina periode kahiji,  saleresna teu acan aya Karajaan Panjalu, margi teu acan aya struktur pamarentahan jeung teu aya unsur-unsur sanesna anu pantes disebut nagara. Dina mangsa harita mah Karajaan Panjalu teh teu acan diadegkeun, malah teu acan kauninga di tatar Galuh aya hiji Karajaan anu disebut Panjalu. Sanaos aya anu berpendapat  yen awalna ngaran Panjalu teh tina Singacala, tapi tina Sejarah Astana Gede Kawali ngabutikeun yen Karajaan Singacala mah benten sareng anu dimaksad Karajaan Panjalu, sok sanaos lokasina pacaket. Dina periode ieu mah nembe aya Kabataraan nyaeta "Kabuyutan Sawal" atanapi "Rabuyut Sawal" (teu disebat kabuyutan Panjalu). Sanajan teu bisa dipungkir yen sabenerna kabataraan sawal teh anu jadi cikal bakal ngadegna Karajaan Panjalu. 

Numutkeun babad Panjalu, Kabuyutan Sawal diadegkeun tur disesepuhan ku Batara Tesnajati di Karantenan Gunung Sawal. Nanging dina babad eta, teu aya pedaran rinci tur logis, saha jeung timana asal-muasalna Batara Tesnajati, salian ti penjelasan irrasional yen Batara Tesnajati teh jelmaan Dewa.

Aya pendapat nu nyebatkeun yen Batara Tesnajati teh nyaeta Prabu Kertajaya Raja Panjalu-Kediri anu diudag-udag bade ditelasan pati ku Ken Arok. Pendapat eta didasarkeun kana penafsiran Kitab Nagara Kertagama anu nerangkeun yen Raja Panjalu-Kediri diudag-udag ku Ken Arok, terus "bersembunyi" di Dewalaya. 

Tina kecap dewalaya aya dua tafsir anu beda. Kahiji, nafsirkeun kecap Dewalaya teh tempat suci para dewa atanapi nirwana. Ku kituna diangge dasar kanggo nyimpulkeun yen Prabu Kertajaya teh pupus ku kerisna Ken Arok dilajengkeun hirup di alam Nirwana. 

Kadua, nafsirkeun yen kecap dewalaya teh nunjukkeun kana tempat suci paranti para batara, ngayakeun ritual ka para dewa, anu disebat Kabataraan atanapi Kabuyutan. Pendapat ieu nyimpulkeun yen Prabu Kertajaya teh saleresna henteu pupus, tapi nyamuni di salah sahiji kabataraan atanapi kabuyutan di tatar kulon. Sejarah negaskeun yen di Javadwipa (Pulau Jawa) tempatna para Batara, Para Rabuyut jeung Para Hyang mah teu aya deui iwal di Parahyangan, Komo deui Aya keterangan yen arah lumpatna Prabu Kertajaya teh ka palih kulon. Malah aya nu tegas nyebatkeun yen Kertajaya nyumput di Kabuyutan Sawal. 

Kuayana hal eta, saruana ngaran Panjalu jeung Panjalu-Kediri teh lain hal anu kabeneran jeung lain teu aya kantengan "benang merahna".
Prabu Rangga Sakti, salaku inisiator nu mere ngaran pikeun Karajaan nu diadegkeun ku anjeunna, henteu sagawayah mere kitu bae, tapi didasaran ku pertimbangan anu "matang" anu ngabogaan ajen historik motivasi. Prabu Rangga Sakti teh teureuh (buyutnya) Batara Tesnajati. Anjeun na tangtos uninga timana bibit-buit Batara Tesnajati nu jadi luluhurna . Anjeun na tangtos apal yen "moyangna" pernah jadi raja di Panjalu-Kediri . Lamun tea na mah, karajaan anu di adegkeun ku anjeuna dingaranan Panjalu, sarua jeung ngaran karajaan nu pernah dicekel ku buyutna, gede kamungkinan miboga maksud ngagunakeun moment pikeun malikan kasuksesan anu pernah kahontal ku luluhurna di Kediri.

Dina Carita Parahyangan, hasil gawe Pangeran Wangsakerta Cirebon, kasabit ayana kecap Rabuyut Sawal, kitu oge dumeh keur nyaritakeun Sanjaya di jurung ku Batara Wanayasa kanggo nyandak Pustaka Ratuning Bala Sarewu ti Rabuyut Sawal. Sanaos ngan kaulas sakecap, nanging ageung pisan hartosna, margi ngabuktoskeun yen Rabuyut Sawal teh fakta, jeung aya bukti Sajarahna.

Para Batara nu  nyepeng Kabuyutan Sawal, berturut-turut, nyaeta:
1.Batara Tesnajati, kagungan putra nyaeta:   2.Batara Layah, anu ngagentos kalungguhan ramana. Batara Layah kagungan putra nyaeta 
3. Batara Karimun Putih. Batara Karimun Putih ngagentos ramana mingpin Kabuyutan Sawal anu ngalihkeun Kabataraan ti Karantenan ka Pasir Putih Gunung  Sawal. Batara Karimun Putih kanggungan putra nyaeta Sang Marangga Sakti. Saterasna Sang Marangga Sakti kagungan putra Rangga Gumilang atanapi Rangga Sakti (pendiri kerajaan Panjalu).

Kabuyutan Sawal ngan ngalaman tilu batara, margi katurunan (incu) Batara Karimun Putih nyaeta Ranggga Sakti, sok sanaos anjeun na ngagentos janten Batara, nanging waktos harita mah masa kabataraan tos lekasan. Prabu Rangga Sakti teras ngadegkeun hiji karajaan nyaeta Karajaan Panjalu anu purasabana di Dayeuh Luhur Maparah.

Karajaan Panjalu dina periode sajarah ieu nunjukkeun corak agama Hindu-Budha, ku kituna lebet kana periodesisasi kerajaan Hindu-budha.

Periode kadua atanapi periode Karajaan Hindu-Budha, Panjalu mung ngalaman opat Raja, nyaeta :
1. Prabu Rangga Sakti
2. Prabu Sanghyang Lembu Sampulur I
3. Prabu Cakradewa
4. Prabu Sanghyang Lembu Sampulur II

Waktos ngadegna Karajaan Panjalu, nu dipitembeyan ku Prabu Rangga Sakti, netepkeun purasaba di Dayeuh Luhur Maparah. Margi lokasi di Karantenan atanapi di Pasir Putih Gunung Sawal dianggap kirang strategis pikeun ngajalankeun roda pamarentahan disagigireun periode kabataraan parantos lekasan.

Prabu Rangga Sakti nikah ka putri ti Karajaan Gunung Bitung Talaga Majakengka (Soko Galuh) nyaeta Ratu Permana Dewi. Singhoreng ngadegna karajaan Panjalu ku Rangga Sakti teh henteu ujug-ujug kitu bae, ngagentos wanda kabataraan jadi karajaan, nanging ngalangkungan proses anu unik, dimana kawitna diwewengkon eta aya Karajaan Gunung Bitung anu nyakrawati nyaeta Ratu Permana Dewi. Upami aya pendapat nu nyebatkeun yen Karajaan Panjalu pernah di cepeng ku saurang Ratu, ceuk Kuring mah nyieun pendapat kitu teh gurung gusuh, sabab waktos Sang Ratu Gunung Bitung nikah ka Sang Batara Sawal, harita tos teu aya istilah Karatuan sareng Kabataraan, tapi langsung diadegkeun karajaan anyar nyaeta Panjalu, kalayan pingpinan na langsung dicepeng ku Raja Rangga Sakti (Jalu/male) sanes ku Ratu Permana Dewi (pan-jalu/female).

Numutkeun Sajarah Panjalu anu nyampak di "Yayasan Boros Ngora" netelakeun yen awal ngadegna Karajaan Panjalu teh mangrupi gabungan antara dua institusi nyaeta Karajaan Gunung Bitung sareng Kabataraan Sawal.

Disebatkeun (dina dokumen di Yayasan Borosngora) yen baheula, di kawasan anu disebat Panjalu ayeuna, ngadeg hiji karajaan Gunung Bitung anu katelah Karajaan Soko Galuh. Anu ngawitan mingpin karajaan Soko Galuh nyaeta Sanghyang Tunggal, anu salajengna ngawariskeun tahta karajaan ka Batara Babar Sajagat sareng Sanghyang Cipta Permana Dewa.

Sanghyang Cipta Permana Dewa gaduh katurunan, tilu urang putra/i kembar, nyaeta:
1. Sanghyang Bleg Tambleg, Raja Gulingan.
2. Sanghyang Pamunggang, Sang Rumanghyang.
3. Ratu Permana Dewi

Ari Sanghyang Bleg Tambleg teh ngawasa elmu kadunyaan, anu salajengna bubuara ka, janten Raja di Kuningan, sedengkeun Sanghyang Pamunggang ngawasa elmu Kadugalan tur salajengna bubuara ka, janten Raja di Talaga. Ratu Permana Dewi ngawasa elmu Karahayuan salajengna teras calik ngaratuan di Karajaan Gunung Bitung.  

Ratu Permana Dewi salajengna di pigarwa ku saurang batara ti Kabuyutan Sawal Karantenan, nyaeta Batara Rangga Gumilang atanapi Batara Rangga Sakti. Salajengna ngadegkeun Karajaan Panjalu anu pusatna di Dayeuh Luhur Maparah. Janten numutkeun versi Yayasan Boros Ngora mah, ngadegna Karajaan Panjalu teh gabungan ti Karatuan Gunung Bitung anu dicepeng ku Ratu Permana Dewi sareng Kabataraan Sawal anu dicepeng ku Batara Rangga Sakti. Versi ieu dinilai ku Sim Kuring logis jeung runtut lamun disandingkeun jeung sumber sejarah sejenna.

Mung aya bentenna silsilah Kabuyutan Sawal anu dipedar ku Yayasan Boros Ngora mah, Batara Rangga Sakti disebatkeun sanes katurunan kahiji (putra) Batara Karimun Putih nanging disebatkeun putuna. Putra Batara Karimun Putih mah nyaeta Sang Marangga Sakti, anu disebatkeun ramana Batara Rangga Sakti. 

Mungkin bae dina Babad Panjalu (oge sumber sejarah sanesna) pang na nyusun kabuyutan Sawal ti Karimun Putih langsung ka Rangga Sakti teh dumeh dina judulna oge Susunan Para Batara sanes Silsilah Keluarga (geneologis). Ageung kamungkinan Sang Marangga Sakti mah henteu pernah janten Batara di Kabataran Sawal.

Nanging kamana saterasna Sang Marangga Sakti sareng saha bae seuweuna salian ti Rangga Sakti, teu acan aya sumber sejarah anu tiasa netelakeun. 

Tina pernikahan sareng Ratu Permana Dewi, Rahyang Rangga Sakti kanggungan putra jenengan na Rahyang Lembu Sampulur. Saatosna Prabu Rangga Sakti pupus, kalungguhan raja lungsur ka putrana, Nyaeta Rahyang Lembu Sampulur. Patilasan Rangga Sakti aya di Makam Cipanjalu.

Prabu Rahyang Lembu Sampulur I, naek kalungguhan janten raja Panjalu ngagentos ramana, Salajengna di lungsurkeun ka putrana nyaeta Prabu Rahyang Cakradewa. 

Prabu Cakradewa kangungan garwa seuweu Galuh nyaeta Ratu Sari Kidang Pananjung. Ti anjeun na kagungan putra/putri genep urang, nyaeta:
1) Sanghyang Lembu Sampulur II,
2) Sanghyang Borosngora,
3) Sanghyang Panji Barani,
4) Sanghyang Anggarunting,
5) Ratu Mamprang Kancana Artaswayang,
6) Ratu Pundut Agung

Numutkeun Babad Panjalu, Prabu Cakradewa janten Raja Panjalu, adil tur bijaksana. Nuju dicangking ku anjeuna, Panjalu janten karajaan nu makmur tur dipiajrih ku karajaan sanes.

Proses Islamisasi Karajaan Panjalu.

Dina hiji waktos, Sang Raja Cakradewa ngadugikeun kahoyongna yen lamun geus sepuh ripuh anjeun na hoyong "ngadeg pinandita", bade "tapa brata" tur "lengser kaprabon" ngatunkeun kalungguhan. Kumargi kitu anjeun ngangkat wirasaba, putra pangcikalna nyaeta Prabu Rahyang Lembu Sampulur II. Sedengkeun putra kadua, nyaeta Prabu Rahyang Borosngora, dipersiapkeun kanggo Patih atanapi Senapati Yuda (Panglima Perang).

Kumargi kitu, Prabu Borosngora dijurungkeun angkat ku ramana supados ngalalana nepangan para brahmana permana tingal, resi sakti, wiku linuhung disakuliah tanah Jawa, supados ngawasa sagala elmu kasakten tur elmu olah perang.

Selang sababaraha taun salajengna, Prabu Borosngora mulih ti pangumbaraan ka lemburna, dibageakeun ku acara panyambutan meriah di Kaprabon Dayeuh Luhur. Prabu Cakradewa anu jadi rama ngaraos baluas ningali putra nembe sumping tos ngantunkeun lembur sakitu lamina.

Dina hiji acara, Sang Rama nyuhunkeun Prabu Borosngora mintonkeun atraksi adu pedang ngalawan rakana, Prabu Lembu Sampulur. Maksadna mah hoyong nimbang dugi kamana pangawasa elmu pedang hasil bubuara. 

Waktos kadua pangeran tarung, silih deseh silih serang, sarua sakti jeung tarapisna ngagunakeun elmu pedang. Kalayan teu kahaja, congo pedang Prabu Sampulur II nu kacida seukeutna nurih jubah Prabu Borosngora dugi ka soeh. Bitis Prabu Borosngora ngaboleklak, katingal ku rama na aya rajah (tatto) nandakeun nubogana muhit "elmu hitam".

Eta teh mangrupa hal anu dipahing pisan ku papagon panjalu, margi falsafah panjalu nangtukeun " mangan, karana halal. pake karana suci, tekad, ucap lampah sabhenere". Atuh Sang rama Prabu Cakradewa teh kacida benduna mireungeuh putrana muhit elmu kitu teh. 

Langsung Sang Raja marentahkeun Prabu Borosngora supaya miceun elmu nu nu dipantang eta. Tur diparentahkeun supaya nyiar elmu sajati anu bisa nungtun kana jalan kasalametan. Pikeun nandakeun sang putra geus nyangking elmu sampurna nu dipikaharep ku ramana, Prabu Borosngora dibekelan "Gayung Kerancang" nyaeta sisiuk tina batok kalapa anu marolongo. "Lamun hidep geus kataekan ngalap elmu sampurna, tangtu bisa nyiuk cai make gayung karancang ieu", kitu wejangan Prabu Cakradewa ka putrana.

Kanggo kadua kalina Prabu Borosngora ngantunkeun Kaprabuan Dayeuh Luhur, tapi dina waktu ieu mah anjeun na angkat teu puguh jugjugan. Mapah sakaparan-paran, asup jeung kaluar leuweung geledegan. Malipir pasir lungkawing, nyorang jungkrang longkewang geus jadi pagawean unggal poe. Kadang-kadang kudu naratas tegalan panjang bari katojo panasna sarangenge. Matak lungse matak cape, matak leuseuh ku halabhab. Antukna kalah wowotan. Najan awak perkasa, dedeg seseg tur kuat, tapi ahirna Prabu Borosngora teu mampu ngungkulan kakuatan alam. Anjeuna geus teu kiateun ngalengkahkeun suku-suku acan, ongkoh samemehna ge mapahna teh geus disesered, kundang iteuk.  Bruk... Sang Pangeran nu perkasa teh nyuksruk mung untung ngan nepi ka deku. Titingalian na kararoneng, bari alam karasa oyag. Ku sesa tanaga nu aya, anjeun na maksakeun ngorondang ngadeukeutan batu demprak handapeun tangkal caringin nu teu pati jauh ti tempat labuh anjeuna. 

Sabenerna lain hayang ngungkulan "keras na alam" wungkul nu jadi kabeubeurat pikir Prabu Borosngora teh, tapi leuwih utamana kumaha nedunan kahayang sepuh kudu miboga elmu sampurna nu sajati anu bisa mawa hirup salamet. Ngan elmu naon atuh, eta ngaranana?, anjeun na can ngarti jeung teu kaharti. Komo bari kudu bisa neguh dimana ayana mah, bagi pikir anjeun na mah poek mongkleng. 

Abong ge teureuh Sang Cakradewa anu luhung ku elmu, lega pangabisa, dihenteu-henteu ge baris nitis kaputrana, Prabu Borosngora langsung sila luhureun batu. Sidakep sinuku tunggal, ngahijikeun sukma jeung raga. Bari meureumkeun soca neda-neda kanu kawasa, by ngusik-malikeun kahirupan sakabeh alam, kalawan manahna pasrah-sumerah, ngangken yen kamampuan manusa mah tuna daya, tuna upaya. 

Pinasti Gusti Yang Widi, mun ngucap pasti ngajadi, dina waktu harita Prabu Borosngora nampi pituduh. Duka ngalangkungan impenenan, duka memang aya sora tanpa rupa.  Teu penting hal eta mah, da nu penting mah eusi pituduhna. Cenah, elmu anu nuju dipilari ku Prabu Borosngora teh ayana dipeuntaseun lautan, ditempat nu hese ku cai, loba gunung tina keusik jeung jarang tatangkalan. Inyana teu kungsi hese neangan tempat nu dimaksud jeung mikiran kumaha meuntas lautan, da geus nyampak palapah upih nu baris bisa di pake kendaraan jeung nuduhkeun tempatna.

Prabu Borosngora gugah tina menekung tatapa. Barang bray beunta, kareret dina handapeun Caringin aya palapah upih garing ngagoler. Gep, palapah upih dicokot, kuniang hudang, terus leumpang nuju kabeulah kulon. Ayeuna mah salira Prabu Borosngora ngadadak jagjag tur seger, da eta leumpang sakedapan ge geus anjog ka sisi basisir. Sing horeng tempat Prabu Borosngora tadi tatapa teh teu jauh ti basisir paling kulon pulo Jawa. Meureun mun ayeuna mah disebutna teh Ujung Kulon.

Sababaraha lila Prabu Borosngora ngarasakeun kaendahan laut jeung basisir. Kitu na mah anjeun na teh kaasup urang Gunung, jadi loba kaanehan nu karasa nempo laut teh. Anjeun na calik luhureun batu sisi basisir. Sampean duanana dirumbaykeun kana cai laut, bari dikupyak-kupyak kawas budak keur ulin. Teu karaoseun,  palapah upih ragrag ka laut sumedeng ombak pating sariak. Lajeng, Prabu Borosngora nyologorkeun sampean katuhuna, maksadna bade nyapit palapah upih ku jempol na. Nanging nembe ge sampean na antel kana palapah upih, salira pangeran sepertos aya anu ngadudut ka laut. Gubbyaarr anjeun na tigujubar,  teu lami sieet....sieet.... kacandak ka tengah laut. Anehna, sang pangeran henteu ti kerelep ka Jero laut, tapi katingal ngadeg dina beungeut cai. Lamun ayeuna mah kawas jalmi nuju ngadeg di luhur "papan selancar". 
Lajuna palapah upih kacida tarikna. Ku itungan kiceup, sang pangeran tos katingal celat-celat ngadeg dina tungtung laut, suku langit. Lamun tea para ahli fisika kiwari ngitung make "kecepatan cahaya", mereun lajuna palapah upih teh mapakan eta. Da buktina samemeh Ki dalang ngarengsekeun dongeng, bari jeung can sempet nginum cikopi, Prabu Borosngora tos dugi di Jaljirah Arab.

Sabada Prabu Borosngora nincakeun dampal di Jaljirah Arab, lajeng anjeuna ngalalana ka unggal tempat, turas-taros ka saban jalmi dimana ayana elmu sampurna. 

Dina waktos harita urang  Arab teu ngartieun kana naon anu dimaksad ku pangeran ti Panjalu teh, disagigireun bahasana dianggap aneh, lolobana kasauran Prabu Borosngora ngangge pepeta. Ngan kaleresan aya saurang sodagar Arab anu pernah bubuara di wewengkon karajaan Singhapura Cirebon. Ceunah anjeuna pernah dagang di tanah Jawa mang taun-taun, malah pernah ngalaman ka Karajaan Panjalu sagala. 

Ari urang Arab harita, ka sakabeh pendatang asal nusantara, rek asal ti sumatra, kalimantan, jeung timana wae, kaasup ti tatar sunda, tetep be disebut na teh Al-Jawi  atawa urang Jawa. 

Waktu anu disebut Al-Jawi tepung jeung sodagar eta di tanah Arab, maranehna bisa ngobrol omhang kawas nu geus lila wanoh. Sabab na mah sang sodagar teh geus bisa bahasa sunda. Tina hasil wangkongan jeung Al-Jawi, Sang Sodagar jadi apal yen anu diajak cacarita teh saurang pangeran ti Panjalu. Jeung nyaho naon anu dipimaksud Pangeran Panjalu, jauh-jauh datang ka Arab. 

Pikeun Sang Sodagar anu ti bubudak geus jadi muslim mah, cop be boga pikiran yen Allah rek masihan Hidayah ka saurang pangeran ti karajaan anu kacida jauhna. Elmu Sajati tur Sampurna, anu bisa nyalametkeun hirup di dunya tur aherat,  elmu nu keur diteangan ku Pangeran Panjalu teh, dina pamahaman Sang sodagar mah taya sanes Din Al Islam. Agama Islam anu mere rakhmat jeung kasalametan ka sakuliah alam. Numawi, salajengna Sodagar masihan pituduh ka Prabu Borosngora supados nepangan hiji sepuh nu aya di Kota Mekah. Ngahaja anjeun na teu langsung nyebatkeun nami, yen anu kedah di tepangan teh Sahabat Rosulullah, nyaeta Sayidina Ali Radiyallahu anhu, supados perjalanan kerohanian sang pangeran dirandapan ku perjuangan.

Kacarioskeun di saluareun Kota Mekah, disisi Gurun Pasir, aya kemah anu dilinggihan ku saurang sesepuh nuju nyerat ngangge Kalam, atanapi gagang pena.

Duka dumeh jadi Pangeran anu ngarasa kumawasa jeung jadi jawara taya tanding atawa duka pedah beda budaya, Prabu Borosngora kalayan jumawa norojog tanpa larapan, teu punten teu sampurasun, sumawona uluksalam sakumaha kabiasaan muslim, gordeng tenda langsung disuaykeun bari teras ngabedega payuneun kasepuhan Mekah.

Kasepuhan pura-pura reuwas, ngagebeg kasumpingan tamu nu ngadadak. Kalam anu dicepeng ku anjeuna, sapada harita ragrag tur nanceb dina keusik. Kasepuhan misterius mangloh ka Sang Pangeran dumeh norojol teu uluksalam dugi ka kalamna ragrag. Padahal saleresna ngahaja anjeun na ngaragragkeun pena hoyong ngadoja kadigjayaan Pangeran Panjalu anu ngarasa jumawa miboga kasaktian.

Salajengna kasepuhan naroskeun naon kaperyogian dugi ka norojog tanpa larapan. Prabu Borosngora ngajelaskeun yen dirina keur milari elmu sajati, oge aya nu nuduhkeun kedah nepangan anjeun.  Kasepuhan anu taya sanes Sayidina Ali ngan ukur imut ngabandungan kasauran Prabu Borosngora kitu teh. Anjeun na neuteup seukeut kana raray Prabu Borosngora tur miwarang pang nyandakeun kalam nu naceb dina keusik.

Sang pangeran enggal-enggal nedunan kahoyong Sayidina Ali. Kawitna mah nyapelekeun, nyandak kalam teh dicomot ku ramo tutunjuk jeung indung leungeun. Tapi karasana pageuh. Lajeng Kalam di ranggeum ku leungeun tengen, dicabut rada make tanaga. Tapi si kalam tetep pageuh nanceb dina keusik. Antukna Prabu Borosngora ngagunakeun dua panangan nyabut kalam bari ngajegang masang kuda-kuda. Malah Kalam teh teu usik sakedik-kedik acan. Panasaran, Prabu Borosngora mapatkeun jampe pamake pamusat tanaga. Tapi batan kalam kacabut, kalah Prabu Borosngora ku anjeun anu luut-leet kesang bari salirana ngajeblag ka tukang lajeng ngalempreh seepeun tanaga.

Ti dinya nembe Sang Pangeran, Calon Senapati Yuda Karajaan Panjalu teh sadar yen sesepuh anu dipayunan teh lain jelema jore-jore. Sabage Pangeran nu miboga jiwa ksatria, Prabu Borosngora enggal-enggal ngarawu sampean Sayidina Ali nyuhunkeun dihapunten tos kumawantun tur lancang ka anjeun na. Bari ngangken pinunjulna elmu nu di kawasa ku Sayidina Ali. Prabu Borosngora lumengis nyuhunkeun diwaris elmu pinunjul kawas kitu. Saiyidina Ali ngan ngajengkeun syarat kedah ngucapkeun lapad "Laa ilaha Ilallahu, Muhammadarasulullah". Satosna sababaraha kali nurutan ucapan Sayidina Ali bari balelol, ahirna Prabu Borosngora tiasa ngucapkeun Kalimat Syahadat, kalayan lancar. Teu sakara-kara Kalam nu nanceb teh molonyon dicabutna.

Saatosna kajadian tadi, Prabu Borosngora lebet Islam tur lami mukim di Mekah kanggo memperdalam Agama. Dugi kana waktosna tos pinuh ku pangaweruh agama islam, Prabu Borosngora dipasihan amanat supados nyebarkeun syiar islam di lembur asalna tur dibekelan Cindramata mangrupi Pedang, Cis sareng jubah. Malah Prabu Borosngora anu tos gentos nami janten Mohammad Abdul Iman, nyempat keun nyiuk cai Zam-zam ku Gayung Karancang. Anehna Cai dina gayung teu ngeclak sakedik-kedik acan sanajan wadahna marolongo.

Bagja kacida, geuning anu dimaksad elmu Sajati ku ramana teh ternyata Syariat Islam. 
Paingan, baheula keur leutik sok ngadenge dongeng tinu jadi aki (seuweu panjalu) yen ramana Prabu Borosngora mah lain pangagem agama Hindu-Budha, tapi ngagem Sunda wiwitan numawi dinamian Cakradewa teh hartosna pangeran nu nolak dewa (Cakra = nolak).

Ari ajaran Sunda Wiwitan, cenah dina prinsipna sapatotos  jeung Agama Islam. Ajaran Sunda Wiwitan henteu ngayakeun personifikasi wujud benda ka sesembahan na. Numawi, ceunah panalungtikan arkeologi karajaan di Pasundan mah saeutik (lain euweuh) manggihan arca-arca, beda jeung karajaan di Jawa anu kentel pangaruh hindu-budhana. Ceunah ajaran Sunda wiwitan mah langsung ngagambarkeun sesembahan teh kana hal abstak, Hyang (Gaib). Salian ti eta Dina ajaran Sunda geus mengenal Keesaan (Hyang Tunggal). Numawi dina ngislamkeun Karajaan di tatar Sunda mah, umumna langkung lancar tur gampil.

---
Urang tunda perjalanan kabathinan Prabu Borosngora anu memperdalam agama islam di kota Mekah, urang teang deui kaayaan di Karajaan Panjalu. Harita teh yuswa Prabu Cakradewa parantos kacida sepuhna (yuswana langkung ti 100 taun).  Anjeun tatahar lengser kaprabon ngandeg pandita. Kaprabuan Panjalu nu purasaba di Dayeuh Luhur di pasrahkeun ka putra pangcikalna nyaeta Lembu Sampulur II.

Disebutna ge Dayeuh Luhur, nunjuk keun hiji lembur nu tempatna aya di luhur lamping. Mun ayeuna, pernahna di Bukit Citatah, sisi Situ Sanghyang Desa Bahara. 
Teu jauh ti Dayeuh Luhur, aya hiji Leuweung angker anu disebut Cipanjalu. Baheulana di Cipanjalu tempat tatapa para Raja Panjalu. Cenah, Bung Karno nuju Sakola di Technologie Hugo School Bandung atanapi THS, upami ayeuna mah ITB, pernah zarah ka Cipanjalu. Ari KH. Abdurahman Wahid mah, waktos nyepeng kalungguhan Presiden teh mung zarah ka Nusa Gede atanapi Nusa Lengkong ayeuna.

Ari Dayeuh Luhur teh purasaba atawa ibukota mimiti Karajaan Panjalu. Ti mimiti ngadegna Karajaan tug nepi ka lekasanna, karajaan Panjalu geus sabaraha kali mindahkeun ibu kota, nyaluyukeun kana perkembangan atawa kabijaksanaan raja nu ngawasa dina waktuna. 

Tempat anu pernah dipake purasaba Karajaan Panjalu, nyaeta :

1. Dayeuh Luhuruh Maparah, ibu Kota Karajaan zaman Rajana Rangga Sakti, Prabu Cakradewa sareng Prabu Lembu Sampulur II.

2. Nusa Gede atanapi Nusa Larang atanapi nusa nu aya ditengah Lengkong ayeuna, mangrupi ibu kota kerajaan panjalu zaman raja na Prabu Borosngora kaasup zaman Raja Rahyang Kancana.

3. Dayeuh Nagasari Ciomas janten ibukota karajaan panjalu nuju zaman Rahyang Kuning dugi ka Adipati Wirabaya.

4. Dayeuh Panjalu atanapi ibukota desa/kacamatan Panjalu ayeuna, dijantenkeun purasaba ti kawitan Adipati Raden Tumenggung Wirabaya dugi ka dihapuskeun karajaan ku kompenti janten kesatuan masyarakat anu disebat Desa.

Di dugikeun teh sangkan ulah sasab emutan nganggap karaton Panjalu teh satuluyna aya di Nusa Gede, kawas Ki dalang keur budak ka sasabkeun ku dongeng forklore, ceunah Raja Panjalu Prabu Cakradewa teh bendu pisan ka putrana jalaran teu kersa lebet Islam. Gayung Karancang ditajong dugi ka cai zam-zamna bahe ka sabundeureun Istana anu ahirna janten Situ.

Padahal saleresna mah ngadegna Karaton di Nusa Larang mah saatos na Prabu Cakradewa pupus.

Ngaran Panjalu teh asal na tina kecap basa Sunda "Jalu" anu hartosna Jago, Jantan atawa Maskulin. Ayana awalan "pan" saacan kecap Jalu boga konotasi hartos: Jagoan, Jawara atawa Pendekar. Aya oge nu nafsirkeun yen kecap Panjalu teh hartosna "awewe". Dumasar Kana uraian yen lamun kecap Jalu dibere awalan pan ngandung harti sabalikna tina jalu. Sakumaha dina bahasa Inggris Male dibere awalan Fe jadi Female hartina awewe. Dihartikeun kitu teh, ceunah Karajaan Panjalu pernah dipingpin ku saurang Ratu nyaeta Permana Dewi.

Batas-batas karajaan panjalu waktos harita di wuwuh ku mancangkeun patok-patok bari ngadegkeun pos-pos penjagaan. Sadayana aya salapan pos penjagaan anu katelah "batara salapan" nyaeta:
1. Batara Sri Manggelong nu aya di Kubang Kelong Rinduwangi.
2. Batara Manggulang, nu aya di Cipalika Bahara.
3. Batara Kebo Patenggel nu aya di Muara Cilutung Hujungtiwu.
4. Batara Sri Keukeuh Seukeurweuleuh nu aya di Rancagaul Tengger.
5. Batara Lembu Dulur nu aya di Giut Tenjolaya Sindangherang.
6. Batara Bukas Tangan nu aya di Citatah Citaman.
7. Batara Terus Patala nu aya di Ganjar, Ciroke Desa Golat Panumbangan.
8. Batara Sang Ratu Lahuta nu aya di Gajah Agung Desa Jayagiri Panumbangan.
9. Batara Sri Pakancilan nu aya di Curug Goong Maparah.

Singkat carita, waktos Prabu Lembu Sampulur II nyepeng kalungguhan Raja Panjalu, Prabu Cakradewa pupus dina yuswa anu kacida sepuhna. Aya sumber nu nyebatkeun yen yuswa Prabu Cakradewa langkung ti saratus taun. Pangcalikan Raja Panjalu ieu aya di komplek makam Cipanjalu.

Prabu Borosngora anu mukim di Mekah, enggal-enggal mulih ka Panjalu seja ngalaksanakeun amanat nu janten guru Baginda Ali Radiayallahu anhu kanggo nyebarkeun agama Islam di tatar pasundan. 

Teu kacaturkeun ngangge naon mulihna Prabu Borosngora ka Karajaan Panjalu. Naha ngangge palapah upih deui, atanapi ngangge Kapal Layar anu lamina langkung ti genep sasih. Anu jelas mah Prabu Borosngora sumping ka Karaton Dayeuh Luhur disambut meriah ku Sang Raja sareng sadaya Karabat Karaton.

Aya versi nu nyebatkeun yen Prabu Borosngora teh dibageakeun kunu janten rama nyaeta Prabu Cakradewa, da versi ieu mah nganggap Sang Raja teh masih jumeneng keneh. Malah ngalaman pagedug catur tina soal kayakinan anu dicandak ku Prabu Borosngora. Saurna teh Prabu Cakradewa anu ngagem kayakinan Sunda Wiwitan nampik lebet Islam tug dugi ka bendu na bari najong gayung karancang anu eusina cai zamzam. Cai zamzam bahe ka palih lebakeun karaton, tur caina ngeyembeng anu ahirna janten Situ Lengkong.

Versi eta numutkeun ki dalang mah ngandung hal-hal anu ganjil, diantawisna.
1. Karaton Panjalu teu acan ngalih ka Nusa Gede, tapi masih di Dayeuh Luhur.
2. Mencog tina konstruksi awal anu mana Prabu Cakradewa tikawitanna miharep Sang Putra tiasa milari elmu nu sampurna. Asa patojaiyah lamun dina ahirna nolak malah dugi ka benduna.
3. Hasil Panalungtikan netelakeun yen Situ Lengkong mangrupi "Danau Buatan" sanes danau alam.
4. Numutkeun Sejarah, Prabu Borosngora tiasa ngislamkeun sadaya kulawarga karaton  Panjalu teu ngalangkungan pacogregan, kalebet ngislamkeun Prabu Lembu Sampulur II anu janten rakana.

Raja Panjalu (Rahyang Lembu Sampulur) kacida baluasna nampi kasumpingan adi anu mulan malen teu papendak. Kitu deui Prabu Borosngora ngaraos sedih teu tiasa nungkulan ramana pupus. 

Saleresna Prabu Borosngora sumping ka Panjalu teh senes bade ngudag-ngudag kalungguhan, sakumaha anu dipikahoyong ku ramana janten Mahapatihna Prabu Lembu Sampulur II, tapi estu tekadna mah hoyong nyebarkeun Syariat Islam di Karajaan Panjalu.

Prabu Lembu Sampulur II saatos na lebet Islam sasarengan sadaya rai-raina, kalebet Rahyang Panji Barani oge sadaya kulawarga karaton, mandang ka Prabu Borosngora anu luhung ku elmu agama, asa kirang pantes mung sakadar nyepeng kalungguhan patih. Ku kituna, Prabu Lembu Sampulur II, lungsur tina kalungguhan Raja Panjalu nyerahkeun ka Prabu Borosngora bari ngangkat Rahyang Panji Barani janten Mahapatih na. Anapon Prabu  Sampulur II nyepeng Karajaan enggal di Tutugan Gunung Tampomas, anu kapayun na janten Karajaan di Cimalaka Sumedang.

Prabu Borosngora salaku muslim anu janten Raja, tangtos bae agama islam di Panjalu majeng kacida pesatna. Ku kituna mah sagala kabijaksanaan raja teh dilandaskeun kana Syariat Islam. Tiasa disebatkeun karajaan dina cangkingan Prabu Borosngora mangrupi KARAJAAN ISLAM PANJALU.

Raja Muslim Munggaran di Karajaan Panjalu, ngalihkeun ibukota Karajaan ka Nusa Gede anu samemehna katelah Pasir Jambu. Di sabundeureun pasir dikurilingan lengkob tur ngagembat walungan Cibutut. Dina sungapan aya cinyusu tara saat tur ngaluarkeun cai kacida gedena. Salajengna, Sang Raja ngarurug taneuh, ayeuna mah pernahna di blok Siriwinangun, ngabendung situ anu katelah Situ Lengkong Panjalu. Karaton Panjalu teh dikurilingan Situ, kalayan kanggo meuntasna aya diwewengkon Cukang Padung. Konsep ngawangun istana dikurilingan cai, boh walungan atanapi situ, memang galib di Karajaan Timur Tengah mah. Hal eta kanggo kaamanan istana tina serangan musuh.

Nanging kanggo Prabu Borosngora mah, nempatkeun Karaton di tengah Situ teh lain sakadar di dasaran Kosep Kaamanan wungkul, utamina mah kanggo kasejahteraan rakyat Panjalu tiasa melakan Lauk.

Pernah lengkong di bedahkeun nuju zaman palaputrana nyaeta Rahyang Kuning sareng Rahyang Kencana, dugi ka aya kanjantenan "tarung papada dulur bitotama Ranca Beureum.

Sateucan namatkeun carios, peryogi diuningakeun rehna dina mitembeyan ngabendung situ, Prabu Borosngora ngabahekeun Cai Zamzam dina "Cinyusu", maksadna mah disagigireun mieling kenangan sareng nu janten guru, Sayidina Ali bin Abithalib, oge ngalap kaberkahan tina carios bayi Ibrahim sareng Cai zamzam.
JADI JELAS SITU LENGKONG TEH SANES CAI ZAMZAM SASIWUR NGADADAK JANTEN SITU.

TAMAT.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA ( Dicandak tina Novel Perang Bubat - Tragedi Dibalik Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka; k...