Rabu, 01 September 2021

TARUNG SADULUR, BITOTAMA RANCA BEUREUM

TARUNG SADULUR - BITOTAMA RANCA BEUREUM
(Tarung Hariang Kuning sareng Hariang Kancana)

ku Ki Damar Giri

Tarung sadulur nu dimaksad dina judul pedaran ieu, kanggo ngirabkeun carios palaputra Prabu Borosngora anu galungan rongkah, antara Raden Hariang Kuning putra pangcikalna lawan Raden Hariang Kancana putra bungsu. 

Kecap Tarung atawa galungan dina carios ieu, aya pendapat anu nyebutkeun leuwih tepat make kecap Perang. Ceunah, lantaran tarung, galungan atawa gelut dina carios eta bari ngalibatkeun balatentara masing-masing. Lain sakadar gelut antara nujadi raka jeung nujadi rai wungkul, tapi oge campuh tawuran antara prajurit karajaan Panjalu nu dipingpin Raja Raden Hariang Kuning lawan pasukan pengawal Raden Hariang Kancana ti Jampang. Dinapedaran ieu aya dua unsur anu galungan. Kahiji gelut antara Raden Hariang Kuning lawan Raden Hariang Kancana, saterusna baris disebut tarung. Kadua, tawuran antara prajurit Panjalu lawan pasukan pengawal ti Jampang, saterusna baris disebut perang. Kecap perang, sakumaha disarankeun ku Sdrk. Kaka Anugrah dina Grup Facebook Dongeng Sunda, dina pedaran ieu bade ngangge istilah bitotama.

Sejarah nyatet yen tina kajadian eta loba korban anu roboh. Utamana ti prajurit karajaan Panjalu, seueur nu guyang getih, babatang pating gulimpang di sabundeureun Ranca palih kuloneun Situ. Getih tina garudawang tatu prajurit ngocor dugi ka ranca janten warna beureum. Kajantenan eta salajengna disebat "Bitotama Ranca Beureum". 

Tapi dalang, netepkeun poko judul dina pedaran ieu, tetep rek nyebut teh "Tarung Sadulur" sabab kasang tukang perang atawa bitotama teh masalah pribadi masing-masing nu miboga watak jeung tabeat anu beda antara lanceuk jeung adi disagigireun boga sifat nu sarua nyaeta papada egois ngabela gengsi masing-masing. 

Sakumaha tos ka pedar kapengker dina judul carios Karajaan Islam Panjalu, yen Prabu Borosngora janten Raja Panjalu teh ngagentos nu janten raka nyaeta Prabu Lembu Sampulur II. Sedengkeun Prabu Lembu Sampulur II ngalih, ngolah nagara enggal di Gunung Tampomas Sumedang. 

Karajaan Panjalu, waktos di cangking ku Prabu Borosngora kacida majengna. Rahayatna sejahtera tur warekel kana ngajalankeun agama. Kituna mah, ningal ketak Sang Raja mikawelas tur mikaasih ka rahayatna. Anjeun na mah sering ngurilingan lembur, ngaroris ka tiap dapur bisi aya hawu nu teu bisa ngebul. Panginten ngajalankeun cara kitu teh anjeun na uninga hikayat Sahabat Syaidina Abu Bakar nu mikanyaah ka rahayatna. 

Disagigireun eta dina ngajalankeun kakawasaan, Sang Raja ngutamikeun kana pangwangunan, boh tatanen atanapi kaminaan. Ki dalang ngagunakeun kecap kaminaan tina asal kecap mina atanapi lauk, kanggo ngagentos istilah perikanan, pikeun nyingkahan ngagunakeun istilah Kalaukan. 

Tah, dina raraga ngaronjatkeun widang kaminaan rahayat, Sang Raja ngadamel Situ Lengkong teh.

Ari Prabu Borosngora, ngagaduhan dua urang putra, karasep, garagah jeung sarakti, bubuhan didikan tinu jadi rama. Anu cikal namina Raden Hariang Kuning, sedengkeun raina Raden Hariang Kancana.

Nyaeta, aya babasan kalapa samanggar tara mulus kabeh, Raden Hariang Kuning sanaos sakocoran ti rama nu luhung tur soleh, tapi ngagaduhan sifat sareng tabeat nu beda jeung Raden Hariang Kancana. Ari lanceukna mah boga sifat rada gumenak, asa uing uyah kidul, asa reueus jadi putra raja, bari jeung barangasan, sasauran tara diumpak-umpak matak loba nyelekit kana hate jalma leutik. Katambah sicikal mah rada mumul kana gawe. Sawangsulna ari Hariang Kancana, keur mah basajan, handap asor, nyaurna santun lemah-lembut  jeung rancage kana gawe. Utamina mah si bungsu teh resep dina widang tatanen. Eta bae, tegalan anu ayeuna katelah Nusa Pakel diolah kunyalira dipelakan bubuahan. Buah Mangga, buah manggu laleubeut tinggarayot. Ceunah dingaranan Nusa Pakel teh aya hubungan na kana panen buah (mangga) ngarora keneh (pakel).

Ayana beda watak antara adi jeung lanceuk, di gambarkeun dina babad panjalu, hiji paguneman catatur sa model kieu:

Sang Raka :" Euweuh gunana Rama Prabu nyieun Situ Lengkong teh, kacape-cape kudu ngabendung. Padahal antep be, da teu aya Situ oge urang mah teu burung beunghar ieuh".
Sang Rai : "Ih... ari Kakang, Situ teh gede pisan manfaatna jang rahayat Panjalu mah, teu kurang cai jeung bisa nyawah, pepelakan salubur, sasatoan lalintuh atuh lauk oge mani ceuyah. Rahayat katembongna barungaheun pisan".

Sang Raka :" Heueuh da Adi mah patani. Ari Akang mah teu hayang teuing jadi Patani. Akang mah geus tangtu jadi Raja mun Kanjeng Rama pupus teh", nyerengeh bari agul.

Sang Rai :"Leres ari kitu tea na mah, nanging pan raja ge kudu digangbang ku rahayat. Mun rahayat ngedul tur pakaya gaplah, meureun bakal sangsara. Mun rahayat geus sangsara, meureun Raja ge kabawa malarat. Saha nu salah cing?, Meureun Raja nu teu bisaeun mingpin".  

“ Meunggeus gandeng! tong sok mapatahan ari ka lanceuk teh! pamali.” ceuk Rahyan Kuning muncereng keuheul. 

Sabaraha taun tiharita, Prabu Borosngora ngecagkeun kalungguhan Raja Panjalu, ngadegkeun pasantren di Jampang pikeun nyebarkeun Agama Islam di wewengkon Pajajaran Girang.  Anjeuna masrahkeun karajaan ka putra  cikalna nyaéta ka Raden Hariang Kuning, sedengkeun Raden Hariang Kencana mah ngiring ka Jampang, kumawula kanu janten rama bari ngasakkeun elmu pangaweruh kaagamaan jeung kasatriaan.

Saprak Panjalu di rajaan ku Prabu Hariang Kuning, kawitna mah kahirupan di karajaan teh reugreug pageuh, weureu seubeuh, margi dikantunan pakaya anu sakitu meuweuhna ku Prabu Borosngora. Disagigireun dititipan barang karamat Pedang, Cis sareng Jubah kanggo di rawat tur dimumule, oge dikantunan cepeng emas jeung perak mang peti-peti. Nanging selang sababaraha taun, rahayat jadi sangsara, ceunah hasil tatanen jeung pakaya rahayat teh sabagean gede kudu diserahkeun ka Raja. Jaba ceunah Raja na teh mindeng cacarek jeung popolotot. Atuh rahayat teh jadi mumul digawe tur teu nurut kana titah raja, ari lain ka paksa jeung dipaksa mah.

Selang sawatara waktu salajengna, cepeng emas jeung perak koredas dina peti, leuit geus sisip ku eusi, pare geugeusan jeung hasil tatanen di Lumbung mimiti suwung, malah maol pimahieun jang bekel sabulan-bulan acan. Mun ayeuna mah meureun kasebutna teh "Cadangan devisa nagara aya dina titik minus".

Kulantaran geus euweuh pijalanneun sejen, da maksakeun pundut punden ka rahayat mah sarua keur weritna. Kawas kiwari, maksakeun anslag sagala widang keuna pajak, ari kaayaan rahayat keur miskin mah rek kumaha mayarna.  

Sang Raja Prabu Hariang Kuning aya maksud rék ngabedahkeun Situ Lengkong, lantaran kairong laukna loba pisan, loba lauk tawes, lele, deleg, gurame, kancra, nilem jeung beureum panon. Lamun ditaksir mah meureun aya puluhan kwintal na. Da dina waktu harita mah legana Situ Lengkong teh ngan 140 bata. 

Boga rencana ngabedahkeun Situ teh,  Sang Prabu mah beuki loba hulang jentul, sabab anjeuna loba kainggis. Utamani na mayunan Ramana nu aya di Jampang. Upami anjeuna nyawang kadesek pangabutuh mah hoyong enggal-enggal ngabobolkeun Situ, bari moal wawartos ka ramana. Nanging ras emut sababaraha taun kapengker anu tihothat ngadamel situ tur melak lauk teh ramana ku anjeun, bari di ikrarkeun kanggo kasejahtraan Rahayat Panjalu.

Salajengna Prabu Hariang Kuning ngutus Ki Guru Buni Sakti angkat ka Jampang pikeun ngawartosan Prabu Borosngora sakaligus ngulem supados sumping ka Panjalu dina waktosna ngabedahkeun.

Sadugina ka Padepokan Jampang, Ki Guru Buni Sakti ngadeuheus ka Prabu Borosngora, ngadugikeun pamaksadan nu janten rajana bade ngabedahkeun Situ. Prabu Borosngora ngawidian pisan kana maksad putrana di Panjalu. Mung jalaran kaayaan na tos rerempo pisan, dina waktosna Prabu Borosngora moal tiasa sumping, nanging tawis anjeunna ngawidian mah  ngutus Hariang Kancana salaku wawakil. 

Tos rengse ngajalankeun tugas mah Ki Guru Buni Sakti amit undur mulih ka Panjalu. Sadugina di Karajaan Panjalu, Ki Guru Buni Sakti ngadugikeun amanat Prabu Borosngora, nanging katawisna Prabu Hariang Kuning kirang berag. Kahoyong anjeuna mah enggal-enggal ngabedahkeun Situ, tong kudu nungguan sumpingna Hariang Kancana. "Nu penting kategasan Rama Prabu, Satuju atawa henteu?" jawab Prabu Hariang Kuning kalah nyentak ka Guru Buni Sakti nu sakadar jadi utusan."Lamun anjeuna satuju, tong kudu ngutus nu jadi adi sagala, da kuring oge tunggal keneh putrana. Ari andika ngajelaskeun kitu, Ki Buni Sakti!! Prabu Hariang Kuning nyaur garihal jeung teu sopan ka Guru Buni Sakti anu yuswa na langkung sepuh padahal numutkeun papagon Panjalu, hal eta teh kacida dipantangna, komo deui Guru Buni Sakti teh nu ngasuh tur ngatik Sang Prabu ti aalit.

Sementawis di Jampang, nuju tatahar kanggo berangkat ka Panjalu. Raden Hariang Kecana nu diutus bade berangkat ka Panjalu, diwuwuh ku pasukan pangawal anu pinilih ti para kesatria Jampang, malah panglima perang Kodal sareng Kojal ngiring nyarengan Raden Hariang Kancana.

Sateuacan berangkat, Prabu Borosngora amanat ka putra bungsuna, supados tiasa ngengklokan kahoyong rakana nu bengal tur heuras genggerong. "Omat anaking, hidep ulah kapancing emosi, sing pinter jaga sikap jeung hormat kanu jadi lanceuk, da dihenteu-henteu ge, lanceuk hidep teh jadi Raja", kitu meureun intina nasehat rama ka putrana, malah ditegeskeun dina amanatna, yen Rahyang Kancana kudu ngabantu jeung ulah nguciwakeun nu jadi lanceuk.

Di Panjalu, saacan Raden Hariang Kancana sumping, ngabedahkeun Situ mah geus ti heula dilaksanakeun tilu poe samemehna. Rahayat geus dikerahkeun ngabobolkeun pangbedahan. Memang cai situ teh kakara bisa saat lamun geus tilu atawa opat poe dibobolkeun. Tapi bagi Prabu Hariang Kuning mah karasana lila teuing. Kahayangna mah mun janari dibedahkeun teh waktu manceran oge lauk geus bisa diala. Kitu tea na mah, Prabu Hariang Kuning aya kasieun raina ka buru sumping, anu tungtungna moal pihadeeun. Bari cukah-cikih marentah kanu digawe, anjeun na gugurutu : "Da eta Rama Prabu, padahal mah nu dipenta teh ngan izinna, lamun moal sumping mah ulah jeung ngutus Si Kancana sagala. Engke na sok matak riweuh".

Waktu rombongan Jampang geus nepi ka Panjalu, mimiti anjog ka tambakan sisi situ beulah kidul di Siriwinangun, Prabu Hariang Kuning ngantep Hariang Kancana jeung rombongan, teu nanya teu nakon, sumawon na ngabageakeun kanu jadi adi mah. Harita teh cai Situ mimiti orot, Prabu Hariang Kuning mah buluar-balieur bae nyingkahan tamu nu kakara datang, terus ancrub ka situ newakan lauk jeung rahayat Panjalu. Meureun ti dituna mah ngarasa era pajonghok jeung nu jadi adi pedah katohyan miheulaan ngabedahkeun. Ka ayaan kitu teh malah nimbulkeun salah tafsir ti Raden Hariang Kancana.

Raden Hariang Kancana ngarasa kadatangan na jeung rombongan Jampang teu dihargaan. Pikeun anjeun na mah lain pedah dipiheulaan ngabedahkeun, tapi kadatangan Rombongan Jampang ngarasa teu dibageakeun jeung teu diajenan, padahal rombongan teh mangrupa simbul datangna Rama Prabu, urut Raja anu samemehna mah dipika ajrih ku sakabeh rahayat Panjalu. Tapi kanyataan harita, rakyat Panjalu diluluguan ku rajana kalah sibuk ku urusan newakan lauk kawas nu kokoro pisan. Raden Hariang Kancana asa kahina naker, nempo kaayaan rahayat Panjalu geus teu bisa nyumputkeun kaera. "Ma enya pilakadar ge lauk, geus mopohokeun purbatisti nyambut para bangsawan", ceuk emutan Raden Rahyang Kancana.

Leuwih ti kitu, anu kacida ngahudangkeun amarah Hariang Kancana mah sikap nu jadi lanceukna ngapilainkeun rombongan Jampang utusan ramana, padahal nampi amanatna ge kudu ngabantuan urang Panjalu, tapi kanyataan anjeun na jeung rombongan jiga teu dibutuhkeun. Antukna Raden Hariang Kancana tambih ngagedur amarah na bari susumpah :" teu sudi aing kudu ngelehan ka Si Kuning".

Salajengna Raden Hariang Kancana ngagidig ka lamping tonggoheun Siriwinangun, laju lungsur kalebak ka pangbedahan di Cibutut. Anjeun ngeduk taneuh lamping ku dua tangan na ngarurug pangbedahan Situ. Leb...leb... leb... cai Situ ngabendung deui gancang naker. Atuh puguh we raja panjalu jeung rahayatna nu keur newakan lauk teh bubar katawuran. Ceunah harita cai situ teh geus laput mastaka Prabu Hariang Kuning.
  
Kumargi kaayaan di situ beuki paciweuh, tur lauk nu geus diwadahan oge ngaleak deui ka keueum situ, Sang Prabu marentahkeun Ki Guru Buni Sakti pikeun marios pangbedahan, bilih kasaeuran taneuh longsor ti lamping. 

Waktos Ki Guru Buni Sakti dugi ka pangbedahan, katawis aya urugan taneuh anyar ting garumbluk teu puguh hunyudan, katempona goreng. Ceuk bahasa urang panjalu mah "Butut". Ceunah, titimiti harita rembesan cai solokan di lebakeun tanjakan Pari disebut Cibutut teh.

Barang Ki Guru Buni Sakti ngalieuk ka beulah lamping, katingal aya Raden Hariang Kancana calik luhureun batu. Ku Ki Guru Buni Sakti ditepangan, atuh barabat Hariang Kancana teh ngedalkeun unek-unekna, nyebatna teh asa teu di ajenan ku rakana. Anjeun na ngangken yen anu ngarurug taneuh teh dirina, malah Hariang Kencana nitip tangtangan tarung pikeun Prabu Hariang Kuning.

Kawitna mah Ki Guru Buni Sakti nganasehat Hariang Kencana, supados ulah ngagugu kana nafsu bilih hanjakal ahirna, tapi ku ayana nasehat eta teh kalah beuki ngagedurkeun amarah Hariang Kancana. Meureun raraosan Raden Hariang Kancana mah, asa teu aya dukungan jeung asa teu dibenerkeun pamadegan na. 
Kitu tea na mah Raden Hariang Kancana teh masih anom pisan, yuswa na nembe mangkat baleg. Sifat eta pisan anu jadi kamelang ramana yen Raden Kancana teh masih keneh "bubudakeun", kurang jeujeuhan jeung teu bisa nahan emosi. 
Jalaran Ki Guru Buni Sakti teu raos dituduh sakompet daun jeung nu jadi rajana oge pikeun nyingkahan pacental catur tanpa bukur, antukna undur ngantunkeun Raden Kancana bari jeung teu pamit sinebah heula.

Dipihak sanesna, Prabu Hariang Kuning waktos ngadangu laporan Ki Guru Buni Sakti, ngaraos ka unghak kunu jadi adi. Dihenteu-henteu oge anjeun na teh lanceuk tur jadi pangawasa di eta negeri. Ceuk emutan anjeun na, lampun tantangan teu diayonan, tada teuing Raja Panjalu baris ragrag ajen na. Ahir na mah dua dulur teh sarua papada teu bisa nahan amarah. Papada egois nanjeurkeun pretise masing-masing. Prabu Hariang Kuning lajeng ngeprikeun balaprajurit ngajorag Raden Hariang Kancana.

Ari pasukan pangawal ti Jampang, lantaran tugasna ge ngajaga kasalemetan raga jeung jiwa Raden Kancana, atuh kapaksa serangan prajurit Panjalu teh dilayanan ku pedang jeung pakarang. Der be... perang campuh ragot pisan antara Prajurit Panjalu jeung Pangawal Jampang. Salah sahiji Ranca di Siriwinangun jadi Medan Bitotama.

Prabu Hariang Kuning ngalawan Raden Hariang Kancana tarungna ragot silih deseh silih serang sabanding, sababad tanding. Nepi ka surup panon poe, can aya hiji jurus atawa pakarang anu keuna ka awak masing-masing. 
Sabalikna bitotama antara prajurit, sanajan prajurit Panjalu jumlahna loba, ari nu dilawan teh pasukan khusus Padepokan Jampang, anu pinilih tur asak pangalaman. Komo Panglima Perang Kojal jeung Kodal mah lain lawananeun jalma jore-jore. Atuh, prajurit Panjalu teh loba pisan anu perlaya. Loba beuheung anu rampung, beuteung gudawang jeung getih ngocor awer-aweran, anu lobana geus mo bisa kacatur.  Eta we ranca lebakeun tempat nu dipake tarung, robah rupa jadi bereum getih.

Kabehdieunakeun, kajadian eta disebut "BITOTAMA RANCA BEUREUM".

Sabenerna Bitotama Ranca Beureum teh, samemehna geus di halang-halang ku para sesepuh Panjalu, nanging dua dulur sakandung teh tetep maksa tarung. Katambah-tambah anu cikal mah boga kakawasaan pikeun ngeprikkeun prajurit, bari sabenerna mah dikorbankeun moro kojor.

Reup peuting, bitotama di tunda. Maksudna mah meureun dieureunkeun saheulaanan, dumeh geus poek teu kaciri curuk-curuk acan, komo ngabelasatna pedang mah geus moal ka talingakeun. Mun ayeuna mah disebutna teh "gencatan senjata", anu dina pedaran ieu mah rek make istilah "nunda bitotama"

Dina nunda bitotama, Prabu Raden Hariang Kuning dicandak ka purasaba di Nusa Gede, sedengkeun Raden Hariang Kancana di candak ka bumi pamanna nyaeta Patih Panji Barani. 
Ari rahayat nu aya di sabundeureun Situ mah pakpikpek mulasara layon-layon nu gugur, bari jeung tagiwur tur hareugeueun, ku teu sangka baris aya kajadian anu lumangsung ngadadak. Raung sora ceurik ti kulawarga prajurit nu korban, matak ketir kadengena.

Padahal samemehna mah rahayat mikir rek cucurak lantaran aya "Gubyag" di Situ Lengkong. 

Tradisi gubyag, mun teu salah mah masih lumangsung dina taun-taun 1970-an, hampir unggal taun di ayakeun. Dina prakprakan na gubyag teh ngorotkeun cai Situ nepi ka rada saat. Terus rahayat tumplek lungsur ka situ, kolot budak, lalaki awewe katut nini-nini jeung aki-aki milu ancrub ngalaan lauk make alatna masing-masing. Aya nu make sosok, sirib, kecrik, sair lambit, sair bongkok, jeung sagala rupa alat anu bisa dipake ngala lauk. Malah euweuh-euweuh teuing alat mah, loba nu ancrub newakan lauk  limpeu lantaran mabok ka kubek. 

Duka tah, naha budaya Gubyag teh  diayakeun pikeun nandakeun jeung mieling kasangtukangna Bitotama Ranca Beureum, atawa sanes, kuring teu apal. 

Ngan anu jelas, dina peuting harita tas kajadian, ibur salelembur, ear sakarajaan yen di panjalu aya perang. Beja pa beja-beja, ampir di unggal golodog imah pating rariung muka obrolan ngabahas kajadian. Lamun ayeun na mah meureun kajadian Ranca Beureum teh jadi viral. 

Rupa-rupa pendapat anu nembrak. Aya anu ngabenerkeun sikap rajana bari jeung ngaliarkeun taleus ateul, yen dihina kitu mah urang panjalu kudu ngalawan. Milu gubyag ka situ teh lain kokoro ku lauk, tapi nandakeun tumut ka ratu, taat ka karajaan. Sakumaha jagona pengawal Jampang, ari dirempug ku sakabeh rakyat mah pasti mabur. Tapi aya oge anu mang meunangkeun ka Raden Hariang Kancana, nyebutna teh "lamun uing diperlakukeun kitu kudulur oge pasti nimbulkeun amarah". 

Bitotama Ranca Beureum ternyata geus nimbulkeun "perpecahan" di kalangan rakyat Panjalu ku anjeun.

Para sesepuh Panjalu dina wengi eta keneh ngayakeun gempungan di Paseban Maha Patih Panji Barani, milari jalan kaluar. 

Ahirna nyimpulkeun sababaraha hal pangjejer laku nyaeta:

1. Balamantri Karajaan Panjalu kudu nyegah para prajurit nyerang balik pasukan Jampang. Jeung ngajaga bisi aya provokator anu mangaruhan supaya balas dendam.

2. Patih Panji Barani salaku paman na Prabu Hariang Kuning jeung Raden Hariang Kancana, kapapancenan kudu meper amarah palaputra Prabu Borosngora, dibarengan ku Sang Guru Buni Sakti.

3. Guru Aji Kampuh Jaya anu salami ieu janten Ulama Kapercantenan Prabu Borosngora, kapapancenan berangkat ka Jampang, ngalaporkeun kajanten.

Dina peuting eta keneh, Guru Aji Kampuh Jaya mecut kuda berangkat ka Jampang.

Lamun ditilik tata pamarentahan Karajaan Panjalu purna lengserna Prabu Borosngora kalayan dilajengkeun ku putra cikalna, nunjukkeun aya sistim anu kacida unikna. Kakuasaan Raja Panjalu dina leungeun Prabu Hariang Kuning henteu miboga "prime of power" atawa kakawasaan puncak sabage raja (King's Power), sabab dina kanyataan na mah ngan jadi eksekutif  mantan raja, nyaeta Prabu Borosngora. Cohag na mah, Prabu Borosngora anu aya diluar struktur kanagaraan, tetep nyepeng Prime of the King Power, kalebet ngangkat patih tur pajabat karaton. Malah engke nembrak, aya hiji kakuasaan di luar karajaan geus mampu ngeureunkeun raja nyaeta Prabu Hariang Kuning nu keur aktif di ganti ku Raden Hariang Kancana.
Unikna deui, dina ngajalankeun kakuasaan raja salaku "eksekutif" sabenerna Prabu Hariang Kuning "dibayang-bayangi" ku dewan Kasepuhan anu ditangtukeun ku mantan raja (Prabu Borosngora), 

Sabenerna tilu sesepuh Panjalu nyaeta:
1. Guru Aji Kampuh Jaya
2. Guru Buni Sakti
3. Mahapatih Panji Barani.
ngarupakeun tokoh paling berpengaruh di Karajaan Panjalu, sabab ti zaman pamarentahan Prabu Borosngora oge, Guru Aji Kampuh Jaya jeung Guru Buni Sakti mah dipercanten jadi juru nasehat karajaan, sakaligus janten ulama nu miboga elmu luhung. Sedengkeun Panji Barani, nyaeta raina Prabu Borosngora, dijantenkeun Patih Karajaan.

Prabu Hariang Kuning sareng Raden Hariang Kancana, ti nuju alit didik tur dilatih ku tilu sesepuh tadi, jadi asa mustahil lamun dua putra Prabu Borosngora anu sasatruan teh teu bisa di akurkeun atawa mantangul kana piwuruk tilu kasepuhan Panjalu.

Singket carita, Guru Aji Kampuh Jaya nu diutus ngadeuheus Prabu Borosngora ka Jampang,  tos mulih deui ka dayeuh Panjalu, salajengna ngadugikeun ka dewan kasepuhan sagala petunjuk tur amanat Prabu Borosngora. 

Pokok amanat Prabu Borosngora diantawisna:

1. Sesepuh panjalu, satekah polah kudu bisa 
meper amarah palaputra Prabu Borosngora anu nuju sasatruan, kalebet "mengendalikan keadaan masyarakat panjalu" anu harita terpecah.

2. Sesepuh Panjalu kudu nalungtik kasang tukang kejadian Bitotama Ranca Beureum.

3. Sesepuh Panjalu kudu ngevaluasi pihak mana anu unggul dina bitotama, tur ngangkat jadi raja Panjalu. 

4. Sesepuh Panjalu, dina hal ieu ditegaskeun Guru Aji Kampuh Jaya, kudu nganteurkeun pihak anu eleh bitotama ka Jampang. .

Bada isya, sanggeus kajadian di Ranca Beureum, Dewan Kasepuhan ngulem Prabu Hariang Kuning sareng Raden Hariang Kancana kana rembugan nu diayakeun di Paseban Kapatihan Panji Barani. 

Dewan Kasepuhan, nu disesepuhan ku Guru Aji Kampuh Jaya, muka rembugan kalawan tarapti. Ngawitan ngadadarkeun lalakon perjalanan anjeuna ka Jampang, anu ahirna ngadugikeun amanat Prabu Borosngora. Teras ngadongengkeun kasuksesan Prabu Borosngora dina ngaheuyeuk dayaeuh ngolah karajaan Panjalu tug dugi ka tiasa subur makmur kerta raharja, teu kalangkung anjeun na ngadugikeun prinsip kapamingpinan nu sae. 

Atuh salajengna Guru Aji Kampuh Jaya lebet kana pamariosan pokok perkarana.

Moal tiasa kadugikeun, kumaha ragotna argumentasi anu di dugikeun ku masing-masing pihak. Ngan rembugan ahirna nyimpulkeun:

1. Pihak Prabu Hariang Kuning oge Raden Hariang Kancana, ngangken sagala kakaliruan, ngumbar nafsu dugi ka aya kajadian bitotama ranca beureum tur kadua pihakna sadia islah jeung moal aya gantar kakaitan dendam kapayuna.

2. Prabu Hariang Kuning ngangken kalepatan tos ngagunakeun kakawasaan kanggo ngeprikeun prajurit nyerang Raden Hariang Kancana, bari ahirna seueur korban. "Kula rumasa geus ngorbankeun prajurit kaula", Hariang Kuning sasauran dareuda pinuh ka hanjakal.

3. Bitotama dinilai aya kaunggulan di pihak Pasukan Raden Hariang Kancana, lantaran ceunah ngan gugur dua urang, sedengkeun prajurit panjalu puluhan urang perlaya. 

4. Kabuktoskeun yen Pasukan Jampang, campuh tarung teh kapaksa ngabela diri oge Prajurit Panjalu ngayakeun serangan teh kapaksa ngalaksanakeun parentah raja.

5. Raden Hariang Kancana diputuskeun kudu tetep tumetep di Karajaan Panjalu, anu dina waktosna baris dilantik janten Raja Panjalu.

6. Raden Hariang Kuning diputus kedah ka Jampang, ngasakeun elmu luhung ti ramana, kalayan kedah dianteurkeun ku Guru Aji Kampuh Jaya.

Saminggu ti harita, dina poe senen, Raden Hariang Kancana dilantik jadi Raja Panjalu, kalayan Gelar Prabu Hariang Kencana. Saatosna nyepeng kalungguhan, anjeuna teu kersaeun nyalikan Karaton Nusa Gede, saurna kagagas sok asa kasuat-suat ku kajantenan Ranca Beureum. Ahirna anjeuna ngalihkeun purasaba ka Neglasari Ciomas.

Salajengna Guru Aji Kampuh Jaya diangkat janten Patih Karajaan ngagentos Panji Barani anu bubuara ka Banten. Anjeuna pupus tur dimakamkeun di Banten. 

Aya carios nu kakantun. Waktos Guru Aji Kampuh Jaya nganteurkeun Raden Hariang Kuning ka Jampang, ditengah perjalanan Raden Hariang Kuning mugen neraskeun lalampahan. Anjeuna ngaraos rempan tur inggis ngadeuheusan rama na. Tada teuing bendu na Rama Prabu ka kaula, jeung geus pasti nibanan hukuman anu beurat, kitu panginten gerentes hate Raden Hariang Kuning sajero perjalanan teh. Antuk na anjeun na kabur di wilayah Sukapura, kalayan salajengna teu kapendak deui laratan na. 

Selang sababaraha waktu kapayun na, ka kuping aya beja yen Raden Hariang Kuning janten raja di Kawasen (Padaherang?), lami nyepeng kalungguhan nana, dugi ka pupusna di dinya.  Tos lebet ka zaman Kompeni, makam Hariang Kuning di alihkeun ka Panjalu.

Prabu Hariang Kancana ngajalankeun karajaan disarengan Patih Guru Aji Kampuh Jaya nu wijaksana tur asak jeujeuhan, tiasa ngaronjatkeun kahirupan urang Panjalu kana tahap sugih mukti, buncir leuit, gemah ripah repeh rapih, tur taat kana agama sareng taat kana amanat sepuh. 
Pitutur Sang Rama, Prabu Borosngora anu pernah kasohor jadi Raja Panjalu paling adil bijaksana,  nu miasih ka jalmi leutik, mirosea alam lingkungan, salamina janten cecekelan para pejabat karajaan.

Cobi geura urang teuleuman Pitutur Prabu Borosngora nu ditambih pangateur ti Ki Dalang, sugan sasieureun sabeunyeureun, maknana aya manfaatna kana kahirupan urang kiwari.

Panganteur

Tong jauh-jauh nyukcruk pitutur,
Tong anggang-anggang ngudag sabda,
Komo kudu tuhu ka batu. 
Mi gusti ka prasasti bari nambolerkeun eusi.
Da urang kacangreud panyaksi:
"Teu aya ilah iwal ti Allah"
Geus timu pitutur bener, nu tuah moal salah.
Tanjeur na syariat, nu diajarkeun Rosulullah.

Ari nu jadi luluhur
Jadi Prabu di Panjalu,
Lain ngan jadi pangeran,
tapi oge Ulama jumhur.
Miguru kanu tangtu, mantuna Rasolullah, nyaeta Syaidina Ali radiyallahu anhu.

Prabu Panjalu linuhung,
Syekh Haji Iman wastana.
Prabu Borosngora gelarna.
Loba karempan, kamelang.
Boh ka rahayat, komo ka seuweuna.
Bisi salah nya milampah.
Inyana, laju misabda,
Ku pepeling sangkan eling,
Ku amanat sangkan taat.

Kieu Pituturna :

"Gunung teu beunang dilebur,
Lebak teu beunang diruksak,
Larangan teu beunang dirempak,
Buyut teu beunang diobah,
Lojor teu beunang dipotong,
Pondok teu beunang disambung.

Nyaur kudu diukur,
Nyabdana kudu diundang,

Ulah ngomong sagete–gete
Ulah lemek sadaek-daek

Ulah maling papayungan,
Ulah zinah papacangan,

Kudu ngadek sacekna.
Kudu nilas saplasna

Mipit kudu amit
Ngala kudu menta
Ngeduk cikur kudu mihatur
Nyokel jahe kudu micarek
Ngagedag kudu bewara.

Weduk teu kalawan, diajug.
Bedas teu kalawan, dimomotan.

Nu lain kudu dilainkeun
Nu ulah kudu diulahkeun
Nu enya kudu dienyakeun

Ulah cueut kanu beureum
Ulah ponteng kanu koneng

Karana lamun dirempak:
Matak burung jadi ratu
Matak edan jadi menak
Matak pupul pangaweruh
Matak hambar komara
Matak teu mahi juritna
Matak teu jaya perangna
Matak sangar ka nagara".

***

Prabu Borosngora anu tos kacida sepuhna, masih sempet nyaksian Karajaan Panjalu anu pernah dipingpin ku anjeunna, aya dina kamakmuran dicepeng ku putra bungsuna. Nanging teu lami tiharita, mantan raja Panjalu anu nyandang gelar Syekh Haji Abdul Iman, Syekh Haji Mulya sareng gelar ssk, pupus di Jampang, samulihna mingpin sawala para Raja Bawahan Pajajaran di Gunung Rompang, anu netepkeun Aria Wiratanu atanapi Dalem Cikundul janten "Raja Gagang" tatar Pajajaran Girang. 

Ari diayakeun Pasamoan Para Raja bawahan Pajajaran teh dina waktos pamor Karajaan Pajajaran ngawitan melempem. Waktos harita raja-raja bawahan teu ngagaduhan kokolot nu tiasa di jantenkeun tuturus dina ngalaksana gawe bareng karajaan bawahan sanesna. Kumargi kitu, aya emutan nunjuk salah saurang raja bawahan janten tuturus atanapi gagang para raja. Dina waktu harita disebutna teh "Raja Gagang". 

Tempat Sawala anu dipilih kanggo pasamoan para raja nyaeta disalah sahiji Gunung di Loji Sukabumi, anu disebut Gunung Rompang. Disebut Gunung Rompang, pikeun ngagambarkeun kaayaan prajurit Pajajaran waktu harita, ngabogaan pakakas perang sabangsa pedang jeung bedog nu geus rarompang lantaran lima puluh taun taun terus-terusan dipake perang.

Lokasi eta katelah ku sebutan "Karamat Pasamoan". Para raja sareng tokoh anu ngiring kana pasamoan di dinya, nyaeta:

1. Syeikh Dalem Haji Sepuh, atanapi Syekh Haji Mulya, atanapi Syekh Haji Soleh, atanapi Syekh Aulia Mantili, atanapi Prabu Jampang Manggung, atanapi Prabu Borosngora mantan Raja Panjalu.

2. Kanjeng Aria Wiratanu, atanapi Dalem Cikundul, atanapi Pangeran Jaya Lalana, atanapi Raden Ngabehi Jayasasana, atanapi Pangeran Panji Natakusumah.

3. Raden Sanghyang Panaitan, atanapi Raden Widaya, atanapi Pangerang Rangga Sinom, atanapi Kanjeng Raja Anom Sukawayana.

4. Raden Raja Anom Lumaju Gede Nyilih Nagara ti Cimapag.

5. Kanjeng Kyai Aria Wangsamerta ti Tarekolot, Cikartanagara.

6. Kanjeng Dalem Nalamerta ti Cipamingkis.

7. Pangeran Hyang Jaya Loka dari Cidamar.

8. Pangeran Hyang Jatuna ti Kadipaten Kandang Wesi.

9. Pangeran Hyang Krutu Wana dari Parakan Tiga.

10. Pangeran Hyang Manda Agung ti Sancang.

Samulihna tina Pasamoan Gunung Rompang eta Prabu Borosngora tilar dunya, salajengna dikurebkeun di Jampang Mangun.

Kuayana Prabu Borosngora pupus, aya pangaruhna kana tata pamarentahan di Karajaan Panjalu. Prabu Hariang Kancana salaku Raja janten gaduh "Prime of King Power", anu samemehna mah kakuasaan puncak teh aya dina cekelan Mantan Raja, nyaeta Prabu Borosngora anu janten ramana.
Ti waktos harita mah, sagala tanggung jawab, ngalengkah tur cara ngalengkah ngajalankeun karajaan Panjalu, sagemblengna aya dina pundak Sang Raja jeung Patihna. Maju, mundurna karajaan Panjalu gumantung kana kapiawaian Sang Raja ku anjeun. Tapi, sajarah ngabuktikeun yen Karajaan Panjalu beuki majeng.

Abong oge pati teh papasten gusti, teu lami saatosna Prabu Borosngora tilar dunya, Patih Guru Aji Kampuh Jaya nyusul pupus, kalayan dikurebkeun di Cilimus desa Jayagiri Kecamatan Panumbangan.

Sababaraha abad satutasna Prabu Hariang Kancana pupus tur dikurebkeun di makam Nusa Gede, Ki Dalang menekung di hiji makam karamat ditengah Lengkong Panjalu ngado'akeun buyut luluhurna Prabu Hariang Kancana: "Allahumagfirlahu, warhamhu, waafihi wafuanhu". 


T a m a t



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA ( Dicandak tina Novel Perang Bubat - Tragedi Dibalik Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka; k...