Sabtu, 28 Agustus 2021

PANGERAN GALUH HAJI MIMITRAN

PANGERAN GALUH HAJI MIMITRAN

Kacarioskeun, Raja Galuh Kawali nungawasa dina taun 1357 - 1371 nyaeta Prabu Guru Pangandiparamarta Jayadewabrata, anu langkung dipikawanoh ku nami Prabu Bunisora atanapi Mangkubumi Suradipati atanapi nami nuju nonoman katelah Rakean Kuda Lelean.

Anjeunna jeneng janten raja panyelang, dumeh nu jadi raka, Prabu Lingga Buana nunyepeng kakawasaan harita, gugur di Bubat dina dinten Selasa Wage kaping 4 September 1357 Masehi, sementawis putrana nyaeta Rakean Anggalarang masih alit keneh,  cenah yuswana nembe salapan taun.

Prabu Bunisora ti garwa ......kagungan putra opat, nyaeta;
1.Giridewata/ Ki Gedeng Kasmaya Cirebon
2.Bratalegawa anu katelah Haji Purwa Galuh
3.Nyai Ratna Mayangsari nu dipigarwa ku Anggalarang atapi Prabu Wastu Kencana.
5. Ratu Banawati.

Putra Prabu Bunisora anu kadua benten sareng palaputra sanesna. Rakean Bratamanggala ti nuju anom teu betaheun aya dina kahirupan karaton, sumawona kedah nyepeng kalungguhan mah, sok sanaos ramana janten raja. Anjeun na mah resepna bubuara, ngalancong ka nagara deungeun sok sanaos kudu meuntas lautan. 
Anjeun na biasa "berlayar" ka Sumatera, Malaka, China, Campa, India, Srilangka, Persia dugi ka Jaljirah Arab. Kitu na teh anjeun na bari usaha dagang. Nyandak rempah-rempah ti negeri sunda bari mulihna nyandak barang-barang sandang tur perhiasan iceleun di lemburna. Tiasa kasebat, anjeun na janten eksportir/importir Galuh nu sukses. Saudagar paling kaya dugi ka ngagaduhan seueur kapal dagang tur bungalow-bungalow ampir diunggal lamping jeung pasisir. 

Diantara seuweu Karaton Galuh Kawali harita mah anu paling mampu "menjalin hubungan persahabatan internasional" iwal ti Bratalegawa. Anjeun na ngagaduhan konco-konco para saudagar ageung tur pejabat penting ti nagara-negara di Luar Negeri. Kamungkinan, dina raraga ngalancarkeun komunikasi jeung para relasi, Bratalegawa geus ngawasa loba basa deungeun. Jadi bisa disebutkeun yen diantara seuweu Prabu Bunisora ngan Bratalegawa nu mampu ngagunakeun multi-bahasa.

Tina hasil panalungtikan Nina H Lubis sapara kanca dina buku "Sejarah Perkembangan Islam di Jawa Barat", netelakeun yen Bratalegawa mimiti kapincut diajar Islam, waktu ngayakeun "perjalanan dagang" ka Kasultanan  Delhi di India. Harita teh anjeun na masih pangagem hindu nu taat. Nanging, jalaran anjeun na loba kekenalan jeung para sodagar asal Arab,  Lambat laun ngadorong dirina nyoba miwanoh agama nu harita mah masih dianggap aheng ku anjeun na. Saterasna Bratalegawa di islamkeun ku sodagar Arab nu tepang di India.

Hal eta dikuatkeun ku saurang peneliti sejarah bangsa Walanda, nyaeta J. Hagemann, taun 1867 nulis dina bukuna "Geshiedenis der Soendalanden" nyebutkeun yen urang sunda nu mimiti ngagem agama islam nyaeta putra Prabu Kuda Lelean.

Ari boss impor-ekspor seuweu Karajaan Galuh, Raden Bratalegawa teh ngagaduhan rekan bisnis bangsa Arab di Gujarat India, nyaeta Muhammad. Sang rekan bisnis Muhammad eta, anu geus bisa ngayakinkeun hate Bratalegawa kana Islam.

Muhammad kagungan putri jenengan na Farhana. Saatosna lebet Islam, Bratalegawa nikah ka Farhana binti Muhammad, taya sanes putri na Muhammad, rekan bisnis anjeun na. 

Tina pertikahan sareng Farhana, Bratalegawa kagungan putra jenenganna Ahmad. Salajengna Bratalegawa sareng garwana angkat ka Mekah Al Mukaromah ngalaksanakeun Ibadah haji, kalayan anjeun na gentos nami janten Baharudin Al- Jawi. Cenah di tatar Galuh mah Baharudin Al-Jawi teh katelah "Haji Purwa". Disebat haji purwa teh dumeh Bratalegawa, ku urang Galuh dianggap haji anu mimiti.

Ayana landian Haji Purwa aya sababaraha pihak anu mempermasalahkeun. Lantaran istilah haji mah, cenah ngan baku digunakeun di nusantara. Di  Nagara sejen mah, najan saurang muslim geus ngalaksana keun ibadah haji oge teu digelaran haji ieuh. Cenah, istilah haji mah mangrupa produksi Hindia Belanda dina taun 1859.  Nyebutna, moal mungkin Bratalegawa nu hirup di abad ka 13 geus digelaran haji.

Ceuk sim kuring mah, ayana landian "Haji Purwa" teu serta merta muncul dina abad 13 waktu masa hirupna Bratalegawa. Mungkin bae istilah eta teh dipake abad-abad saenggeusna. Contona bae urang nyaho ayana sebutan Haji Purwa teh tina Carita Parahyangan anu dijieun dina masa-masa Kompeni. Salian ti eta, para peneliti dina taun 1800-an make istilah "haji purwa", pedah hasil penelitian ngabuktikeun yen Bratalegawa bener-bener haji anu mimiti ti Karaton Galuh.

Pendapat sim kuring asa dikuatkeun ku ayana Abdul Qahar putrana Sultan Ageng Tirtayasa Banten, dina taun 1674 ngalaksanakeun ibadah haji, tur saatosna mulih ka Banten dipasihan gelar " Sultan Haji". Padahal harita 185 taun saacana aya katangtuan haji ti kompeni.

Sakumaha tos kacatur, waktu Bratalegawa nuju di Gujarat sosobatan sareng sodagar jegud pangagem Islam nu taat nyaeta Muhammad . Ku alatan sobatna eta, Bratalegawa ngucapkeun dua kalimat sahadat, nganyatakeun lebet islam, malah teras migarwa putrina, Farhana. Sataun salajengna,  Bratalegawa ti Farhana kanggungan putra jenengan na Achmad.

Salajengna Bratalegawa disarengan garwana "berlayar" ka Arab. Ari maksadna mah, sakumaha biasana bade dagang, nanging jalaran nuju musim haji, aranjeuna sakantenan ngajalankeun rukun haji. Saparantos rengse ngajalankeun rukun haji, Bratalegawa ngagentos nami anjeun na janten Haji Baharudin Al-Jawi. Dina waktos harita anjeun na henteu nelah diri na "Haji Purwa", da sesebutan eta mah dipake ku urang lemburna di tatar Galuh, bari teu apal ti Iraha mimitina. Mungkin bae lalandian eta digunakeun saatosna pangaruh islam nyebar di Galuh. atawa mungkin bae jieunan para panalungtik sajarah di abad-abad saenggeusna.

Angkatna ka Arab, Bratalegawa sareng garwa na teh sanes ngakhususkeun bade ngajalankeun Ibadah Haji, nanging bade bisnis sakumaha biasana. Numawi, satosna rengse ngajalankeun rukun haji, aranjeuna mah tetep nganjrek di Mekah sakantenan neuleuman elmu agama. 

Satutasna ngaraos cekap ngagali elmu agama, Haji Baharudin Al-Jawi sakulawarga berlayar ka nusantara, mulih ka tempat kalahiran di Galuh Kawali. Atuh puguh we, kasumpingan nana teh dibageakeun ku sadaya sueweu siwi karaton anu harita mah masih keneh ngagem agama Hindu jeung Sunda Wiwitan. Kasono tamplok sapada harita, lantaran mulan-malen pajauh jeung nu jadi dulur ngubara di nagari deungeun.

Haji Baharudin Al-Jawi ngadongengkeun ka kulawarga karaton, mimitina kenal ka Farhana tug ditikahna tur ahirna kangungan putra. Teu kalangkung oge ngadugikeun yen anjeunan gaduh kayakinan anyar anu dinilai leuwih sampurna, nyaeta Islam. Malah anjeuna ngajak kulawarga karaton lebet ka Islam. Nyimas Ayu Manawati anu harita aya di Karaton Kawali nolak sacara lemah lembut, jalaran anjeuna janten umat hindu nu kiat tur taat. Sok sanaos aya benten kayakinan, diharepkeun kulawarga karaton tetep ngajagi tatali wargi. 
Salajengna Haji Baharudin mios ka rakana Prabu Giridewata atanapi Ki Gedeng Kasmaya di Cirebon, tapi sami anjeun na ge nolak sepertos wargi-wargi nu sanesna, kalebet rai pang bungsuna Nyimas Ayu Banawati.

Dina da'wah nyebarkeun syariat Islam, Haji Baharudin Al-Jawi teu janten punggas harepan dumeh gagal ngislamkeun saderek-sadekna sareng kulawarga karaton Galuh, tapi anjeun na ngalajengkeun da'wah ngaprak ka sakuliah tatar galuh tug dugi ka pupusna.

Saleresna, tug dugi ka kiwari teu katalungtik ti kawitan iraha Islam dipikawanoh ku masyarakat Galuh khususna tatar pasundan umumna.

Anu jelas hasil panalungtikan JC. Van Leur anu dipublikasikeun dina Indonesia Trade and Society: Essay in Asian Sosial Economic History, kauninga yen nyebarna islam di Pulau Jawa (Javadwipa) lebet ngalangkungan basisir kaler ku para saudagar Arab.

Nanging upami ditengetan carios Bratalegawa, Sang Pangeran Galuh nu mimitran lebet islam, tiasa oge disimpulkeun yen nyebarna islam di tatar pasundan lain sakadar ti daerah pasisir, tapi oge nyebar di pagunungan-pagunungan.


Sejarawan A. Sobana Hardjasaputra dina bukuna Cirebon dalam Lima Zaman: Abad ke-15 hingga Pertengahan Abad ke-20 oge miboga kayakinan yen Jawa Barat jadi daerah nu mimiti disinggahan islam saenggeusna basisir Sumatra.  Numutkeun A.Sobana Hardjasaputra nyerat: “Berdasarkan letak geografisnya, dan dihubungkan dengan peranan saudagar-saudagar Muslim, mungkin pantai utara Jawa Barat adalah daerah di Pulau Jawa yang lebih dahulu dimasuki agama Islam."

Mimitina mah hubungan masyarakat Sunda jeung urang Arab teh ngan sabates kepentingan ekonomi wungkul, tapi lambat laun jadi faham kana kagiatan agama anu dilaksanakeun ku saudagar muslim eta. Lajeng masyarakat Sunda Hindu atawa Sunda Wiwitan jadi kapincut diajar islam. Anu saterusna ngawujud kelompok muslim di Jawa Barat.
 
Di dasaran ku rupa-rupa literasi, bisa kanyahoan yen tatar pasundan geus "bersentuhan" jeung agama islam saba'da mulih na Bratalegawa ti Arab ka Galuh. Hartina, asupna Islam ka tatar Galuh leuwih tiheula saratus taun saacan ayana da'wah para ulama Wali Songo.



TAMAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA ( Dicandak tina Novel Perang Bubat - Tragedi Dibalik Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka; k...