Senin, 13 September 2021

PRABU KUDA LELEAN SANG PENCIPTA KUJANG


PRABU BUNISORA
SANG PENCIPTA KUJANG

ku Ki Damar Giri

Sabenerna henteu gampang lamun kudu nerangkeun naon ari nu disebut Kujang?, sabab kagunaan hiji barang anu disebut kujang sorangan oge aya sababaraha pamadegan.

Diantarana :
1. Kujang dianggap Pakakas Urang Sunda,
2. Kujang dianggap Pakarang Prajurit Sunda,
3. Kujang dianggap Pusaka Raja Sunda.

Pamadegan nu nganggap kujang sabage pakakas, hartina ngagolongkeun kujang sarua jeung Bedog paranti ngadek, kampak paranti narok, peso paranti ngeureut, arit paranti ngarit jrrd. 
Pamadegang ieu dina ahirna teu bisa nerangkeun, paranti naon pakakas anu disebut kujang? Jeung oge , tina hasil panalungtikan kabudayaan sunda, teu manggihan hiji pakakas pikeun ngalakukeun pagawean nu tangtu, disebut kujang. Aya oge pakakas nu bentukna mirip kujang, disebutna parang paranti ngarimbas jujukutan.

Pamadegan anu nganggap Kujang sabage pakarang atawa sanjata prajurit sunda, ngagolongkeun kujang sarua jeung pedang, tombak, panah, jeung keris. Padahal, tina hasil panalungtikan kemiliteran tradisional, nunjukeun yen umumna prajurit ngagunakeun pakarang dimedan laga teh make pedang, tombak jeung panah. Anapon keris, biasa dipake ku para raja atawa pejabat tinggi karaton sabage pakarang pamungkas. Para raja di sunda, biasa na ngagunakeun Kujang pikeun pakarang pamungkasna, kitu oge sangeusna abad kadalapan. Atawa aya oge raja nu mawa duanana Keris Jeung Kujang.

Pamadegan nu nganggap Kujang sabage Pusaka Raja Sunda, hartina  kujang kana simbul kanagaraan nu boga tuah atawa kakuatan bathin pikeun nu makena. 

Kiwari, loba urang sunda nu make kujang pikeun simbul kasundaan dirina,  aya anu bentuk pin dipasang dina kopeah, peci atawa baju. Kujang samodel kitu geus kaleungitan makna sabage pakakas, sabab moal bisa digunakeun pikeun alat bantu gawe. Oge Kujang model kitu mah moal bisa dipake pakarang nyanghareupan perang. Meureun nu tinggal teh, jadi pusaka atawa simbul kasundaan. 
 
Tina Pustaka Siksa Kandang Karesian, meunang Prabu Jayadewata atawa Prabu Silihwangi, ngabedakeun tilu golongan pakarang:
1. Pakarang Sang Prabu nyaeta pedang, abet atawa pecut, pamuk, golok, peso teundeut jeung keris. Raksasa nu jadi dewa na, lantaran di pake mateni.
2. Pakarang Patani nyaeta: baliung, patik, kored, kujang (parang) jeung peso sadap. Detya nu jadi dewana, lantaran bisa dipake nyokot hal nu bisa dicapek jeung diinum.
3. Pakarang Pandita, nyaeta Kalakatri, Peso Raut, Peso Dongdang, Pangot jeung Pakisi. Danawa nu jadi dewana, lantaran bisa dipake taktak teukteuk. 
 
Kujang teh pakarang jeung pusaka khas Sunda, sabab miboga ujud jeung wanda nu tangtu, beda jeung pakarang sejen. Dina konsep awal na mah, Sang Pencipta mikahoyong barang nu disebut Kujang teh bisa dipake pakakas, pakarang jeung pusaka.

Numutkeun etimologi, kecap Kujang asalna tina KudiHyang bahasa Sunda Kuno. Kudi numutkeun bahasa sunda kuno ngandung makna Pakarang atawa Jimat nu miboga kakuatan gaib. Sedengkeun Hyang ngandung makna Dewa. Jadi Kecap Kujang mun dihartikeun sacara harfiah, nyaeta Pakarang Pusaka nu miboga kakuatan dewa.

Aya oge nu nyebutkeun yen Kujang teh tina kecap Ku Ujang. Anu hartina eta pakakas teh biasana dipake ku lalaki (ujang).

Sajarah nangtukeun yen mimitina aya Kujang jeung mimiti boga ajen jadi pusaka karajaan teh dina abad kadalapan, cindekna mah waktu Raja Galuh dicepeng ku Prabu Kuda Lelean atawa Hyang Mangkubumi Bunisora Suradipati. Aya oge nu nyebutkeun yen kujang diciptakeun waktu Karajaan Panjalu dicepeng ku Prabu Borosngora.

Pamadegan nu nyebutkeun Kujang diciptakeun ku Prabu Borosngora Panjalu, sabab nyaruakeun tokoh Bunisora jeung Borosngora. Padahal, dua tokoh eta teh beda jauh periode hirupna, disagigireun kujang leuwih kasohor jadi Pusaka Karajaan Pajajaran tibatan jadi Pusaka Karajaan Panjalu. 

Tegesna, anu mimiti nyiptakeun Kujang teh nyaeta Mangkubumi Bunisora Suradipati, raja panyelang Sunda-Galuh, nu ngagentos Prabu Wangi Lingga Buana nu gugur di Bubat. Ku kituna moal helok, upami salajengna Kujang janten Pusaka Karajaan Pajajaran, pakarang andelan Prabu Siliwangi, Jayadewata.

Tina purwacariosna mah, waktos Prabu Bunisora ngayakeun Tapa Brata di hiji tempat, anjeun na kenging ilham kedah "ngadesain-ulang" pakakas tatanen anu harita mirip kujang. Pakakas tatanen anu harita mirip kujang teh paranti ngaribas jujukutan, disebutna parang.

Salajengna Prabu Bunisora mantengkeun emutan, museurkeun cipta. Breh pakakas nu kedah di damel teh bentukna sepertos gambar "Jawadwipa". Upami ayeuna mah disebutna teh Pulo Jawa.

Prabu Bunisora enggal-enggal nepangan resi linuhung ahli pakarang, Resi Windu Supa, pandewesi keluarga karaton di Jampang Mangun. Ka Sang Resi, anjeuna ngajelaskeun gambaran nu aya dina ciptana.

Ngawitan na mah Sang Resi teh nolak ngadamel pakarang nu bentukna aheng tur teu galib, nanging saatosna dijelaskeun ku Prabu Bunisora yen bentuk samodel kitu teh hasil tapa brata, nya anjeuna nyanggeman nanging nyuhunkeun waktos bade semedi heula. Memang kitu para Resi harita mah, upami aya pesenan ngadamel pakarang teh tara langsung ngagarap, nanging tatahar rituak heula, numawi jaranten pakarangna teh arageung tuah.

Satutasna Resi Windu Supa rengse semedi tur tos ka gambar purwarupa (prototype) pakarang nu dipikahoyong ku Prabu Bunisora, lajeng mitembeyan padamelan. 

Geuning prak-prakan na teh jauh tina panyangka. Sugan teh ngaranna di panday mah baris harengheng sora ting galentrengna palu meupeuhan beusi menang meuleum, sing horeng, harita gawena Sang Resi mah cukup ku sila bari nyanghareupan parupuyan. 

Si Beusi cukup dikeupeul terus ngebul, teu lila beusi beureum lir meunang meuleum. Beusi panas teh terus dipurulukan bubuk tina rupa-rupa batu mulya. Ceunah beusi nu beureum teh alusna mah dipurulukan bubuk batu wulung nu ragrag ti langit.  Meureun mun ayeuna mah disebutna teh batu meteorit. 

Si Beusi panas teh terus dipencetan ku jempol jeung ramo panunjuk, dipeye-peye kawas kana peuyeum sampeu. Dipulay-piley jiga hipueun naker. Lamun digambarkeun ketakna Si Resi teh kawas tukang gulali keur nyieun rupa-rupa kaulinan budak.

Bari digawe kitu teh Resi Windu Supa tetep peureum musatkeun cipta, biwir kunyam-kunyem mapatkeun kasaktian. Sagala ajen filosofi dibudal keun kana pakarang nu keur di jieun. Sabenerna Sang Resi teh lain jalma jore-jore. Kabeh Pustaka ti luluhur Galuh geus ka kawasa ku anjeuna. Pakarang anu engkena baris disebut Kujang teh di polongoan tilu liang dina pundukna. Sang Resi hayang nerapkeun falsafah Tritangtu Jaya dibhuana, nu ka kawasa ku anjeuna tina Pustaka Watang Ageung jeung Sasana Kerta.

Ari bentuk Kujang kawas Jawadwipa teh lantaran aya konsep idealisma Prabu Bunisora hayang nyiptakeun tanah Jawa aya dina karukunan. "Gemah Ripah Repeh Rapih".
Jauh tina pacengkadan, sasatruan jeung peperangan. 

KUJANG jeung Mpu Windu Supa tina ciptaan Prabu Bunisora, sanajan henteu sasohor Mpu Gandring jeung Keris Ken Arok TETEP JADI PUSAKA SUNDA NU BISA NGIKET RASA KASUNDAAN. KUJANG LAIN PAKARANG NU NGABALUKARKEUN  GUYANG GETIH.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA

CINTA RAMADA JEUNG POLITIK GAJAH MADA ( Dicandak tina Novel Perang Bubat - Tragedi Dibalik Cinta Gajah Mada dan Dyah Pitaloka; k...