Ku Ki Damar Giri
Bubuka
Bismillah,
Kalayan Asma Allah Nu Maha Luhung.
Nu Agung Mapayungan.
Nu Maha Jembar Kawelas-Asih
ka satungkebing Langit
ka saeusi Jagat sajarah
Nu Maha uninga kanu buni.
atawa nu nyamuni.
atawa disamunikeun
Nu Maha Sidik
Nu telik kana kedal jadi ucap.
Nu diukir dina candi
Di tatah dina prasati
Ki Dalang, medar Sasakala
Tina Dongeng rek didongengkeun
tina Carita rek dicaritakeun.
Mun nyata eusi sulaya,
Neda Sampun Pangapunten.
Neda Jembar Pangampura.
Bongan ieu carita,
katampa tina carita.
Tina letah nu loba salah.
Tina pangreungeu nu geus weureu.
Ku dongeng nu ngabacacar,
di pasar-pasar
jeung di emper-emper.
Aya nu di piteda,
Malar nu ngaos teu sasar.
Mumusti ka prasati,
Mumuja ka Sasakala.
Ari Carios nu di pedar, nyaeta Sasakala Maung Panjalu. Nu sok dipitutur ku Juru Pantun, diguar disamaraan, malar boga ajen seni. Najan loba teu kaharti, mun ditarimana ku gawe nalar. Antukna dongeng ngabacacar, tina sabiwir tatalepa jadi salaksa. Anu sok jadi tinular, ka putra, putu tur buyutna. Sasakala Maung Panjalu geus jadi carita rahayat atawa forklor nu kasohor loba mistis jeung mitosna.
Ceunah Maung Panjalu teh aya dua, maung Bikang jeung maung Jalu. Duanana teh kajajaden, asalna putra/putri kembar, seuweu Raja Galuh Kawali, anu lahir di hiji tempat, nu disebut Panumbangan.
Mupus Cadu Bubuyutan.
Lamun di lelebah ku Sajarah, anu jadi Raja Galuh Kawali harita teh Prabu Niskala, putrana Anggalarang atanapi Prabu Wastu Kancana. Nu kawentar gaduh gelar Prabu Wangisutah putra Prabu Wangi atanapi Prabu Lingga Buana anu gugur di Bubat.
Kajadian di Bubat, sabenerna geus ngabengkah keun hubungan antara Sunda jeung Jawa nepi ka aya pantangan kawin, urang sunda jeung urang Jawa. Perang bubat, pikeun urang sunda, mangrupakeun reaksi dina nanjeurkeun harga diri, lantaran sakralna jatukrami dicodekaan politikna Maha Patih Majapait.
Dina Sasakala Maung Panjalu, mimiti nembrak aya gambaran ti Pihak Majapait pikeun ngayakeun normalisasi hubungan kadua nagara, ngaliwatan tali pernikahan, anu pernah cidera puluhan taun katukangna.
Ari Raja Sunda Galuh harita, kagungan putri nu geulis ti ajali, lain ngan sakadar babasan, lir ibarat titisan Diah Pitaloka, ninina nu perlaya di Palagan Bubat. Sang Putri teh kagungan wasta Dewi Kecana Larang. Nanging aya oge anu nyebatkeun, saleresna nami putri raja teh Dewi Suci Larang.
Di Majapait, purasaba atanapi ibukota Karajaan Wilwaltikta, anu nyepeng kalungguhan raja harita, nyaeta Bramawijaya. Mung duka saha nami tegesna, margi Bramawijaya mah sakadar, gelar sanes jenengan raja. Aya sumber anu nyebatkeun yen anu ngadahup ka Dewi Kencana Larang teh sanes Raja Wilwaktikta, nanging putrana nyaeta Aria Gajah Wulung, anu harita janten wirasaba atanapi putra mahkota.
Ka kocapkeun di Karajaan Wilwaltikta, Sang Prabu Bramawijaya keur anteng neuteup bulan purnama. Nyawang bulan bari nyawang-nyawang kajadian mangsa ka tukang. Kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan. Karajaan Wilwaltikta jeung Karajaan Sunda.
Najan kajadianana geus lila pisan, geus kaliwat puluhan taun ka tukang. Tapi balukarna tetep aya gurat tatu dina kalbu urang sunda. Kajadian bubat teu weleh ngaganggu pikiran anjeuna harita. Utamana mah baluas pajauh huma jeung nu jadi dulur. Ongkoh mantengkeun emutan, milari cara hayang mupus cadu bubuyutan ti baraya di tatar sunda.
Anjeun na gaduh niat luhung dina manahna. Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran, anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub. Sabab ceuk emutan na mah, buruk-buruk ge papan jati, najan dianggap goreng luluhur Majapait tapi ulah diteumbleuhkeun ka turunan nana, da dihenteu-henteu ogé, upama dijujut ka puhuna, ti karuhun Raja Wilwaltikta jeung Raja Sunda téh, tunggal sakocoran.
Harita moncorongna purnama, kawas bisa nyaangan poekna hate Sang Prabu; ku anjeuna kaemut gaduh putra nonoman nu masih lagas nyaeta Arya Gajah Wulung, disagigireun eta kaemut deui yen Raja Galuh oge kagungan putri geulis tos parawan. Kumaha nya lamun barudak teh diamprokeun?, ceuk emutan Sang Prabu. Sugan bae ngajodo, da mun ditempo rupa mah, lain pedah nu naksir Bapana, Aria Gajah Wulung teh Kasep, pinter jeung wekel kana agama.Jaba budak kaula teh jadi Wirasaba, anu jagana bisa nampa waris kalungguhan raja. Palebah dinya mah Prabu Bramawijaya ngarasa gede hate.
Tapi kumaha lamun kanyataan na Raja Galuh nolak sapajodogan, lantaran masih keneh nyekel cacaduan, atawa gede keneh kasieun kajadian katukang, kaalaman deui? Leuh, berarti kaula kudu ngajelaskeun sajentrena, apan ayeuna mah lain rek ngangkir calon panganten istri ka Majapait kawas baheula. Ayeuna mah kaula boga rencana ngayakeun pesta rongkah teh di kaprabon Surawisesa, sakalian kaul bisa nalikeun deui duduluran. Jeung estu niat kaula teh keyeng hayang ngaitkeun deui tatali wargi, teu boga tujuan sejen nu ngandung unsur politik. Kitu pagaliwotana emutan Sang Raja harita.
Prabu Bramawijaya énggal nyauran Sang Patih. Hoyong kamandang kana pamaksudan pikeun ngalamar putri Karajaan Galuh.Jeung menta timbangan patih dina tarekah nyambungkeun deui tali silaturahmi anu kungsi pegat jeung urang sunda. "Ceuk kaula mah kasalahan karuhun urang baheula, henteu hadé lamun terus dikukut, sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu", kitu sikap Sang Raja anu didugikeun ka Sang Patih.
Sang Patih sapuk kana pamaksudan Sang Prabu. Niat rajana diajen luhung tur perlu pisan di dukung. Poé éta kénéh Sang Raja ngadamel lalayang kintunkeuneun ka Galuh. Seratan panjang lebar, ngagunakeun lontar leuwih ti sapuluh lambar. Basa Sangkrit, mitutur malapah gedang, tiap kecap miboga makna anu jero.
Harita Sang Patih tatan-tatan, nyiapkeun opat urang utusan jeung milih kuda nu harade, sarta nyadiakeun bekel, pikeun ngajugjug ka Karajaan Galuh. Éta rombongan di kokolatan ku Bala Mantri.
Dina waktu anu geus ditangtukeun, utusan indit ninggalkeun nagarana maju ngulon. Lalampahan anu henteu gampang, lantaran nyorang leuweung geledegan jeung ngaraas sababaraha walungan. Kadang kudu nyanghareupan sato liar tur galak. Boh maung, babi, oray atawa buhaya lain ngan sakali bisa dicangkalak.
Kacaturkeun éta rombongan téh geus tepi ka puseur dayeuh Galuh, Karaton Surawisesa anu perenahna di Dayeuh Kawali. Utusan Wilwaltikta meunang pangbagéa anu someah, boh ti rahayat Galuh leuwih-leuwih ti Rajana. Mantri anu jadi kokolot utusan masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya, unggelna seja ngalamar Putri Kencana Larang, bari panjang lebar ngajelaskeun niat pikeun ngaraketkeun deui duduluran anu pernah pugah. Maheutkeun deui tali silaturahmi antara Karajaan Wilwaltikta jeung Karajaan Sunda Galuh.
Sang Raja Prabu Niskala nampi éta lamaran, lantaran ngajen kana niat luhung Sang Raja Wilwaltikta. Ajakan pikeun hirup sauyunan, mémang kudu ditarima kalawan jembar. Geus lain waktuna Sunda ngalakukeun cacaduan komo kudu diturunkeun ka buyut-buyutna alatan kasalahan luluhur. Manakomo, Sang Putra Prabu Bramawijaya téh yuswana teu sabaraha géséh sareng Nyi Putri Kencana Larang. Jabi disebatkeun dina lalayang yen putrina baris janten garwa padmi ti wirasaba Karajaan Wilwaltikta.
Tumut kana pitutur sepuhna, kapalay nujanten rama, Putri Kencana Larang nampi panglamar Wirasaba Wilwaltikta. Anjeun na kersa dipihukum janten Garwa Padmi Aria Gajah Wulung. Harita kénéh ogé ditangtukeun waktu pertikahan wanci nu mustari pikeun jatukrami.
Dina waktu anu geus ditangtukeun, Sang Prabu Bramawijaya ngiringkeun calon panganten Raden Gajah Wulung dibarengan rombonganana, angkat ka Kawali. Sadugina ka Galuh, teras baé diréndéngankeun nyandingkeun kembang Pasundan Kencana Larang.
Mungguh nurub cupu, nu kasép sareng nu geulis. Der we ngayakeun pésta kacida rongkahna. Pésta nagara tujuh poé tujuh peuting. Sagala hiburan dipintonkeun, tatabeuhan ngageder taya reureuhna, lir anu némbongkeun kabungah nyacapkeun kasukan. Padahal dina waktos harita, Sang Raja Galuh mendak katugenah manah, dumeh nujadi Putra Prabu Jayadewata tur nu jadi lanceuk Prabu Susuk Tunggal Raja Sunda Pakwan nampik sumping ka uleman, jalaran nganggap Prabu Niskala ngarumpak purbatisti Sunda ngawinkeun putri ka urang Jawa.
Sanggeus réngsé pésta jeung sukan-sukan,
Putri Kencana Larang diboyong ku Prabu Anom Gajah Wulung ka Majapait. Ngiring ka ingkang carogé ngaheuyeuk rumah tanggana éstuning reugreug pageuh, ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh.
Sasakala Ngaran Panumbangan.
Sababaraha bulan ti saprak Putri Kencana Larang diboyong ka Majapait, anjeun na wawartos ka carogéna yén patuanganna tos ngeusi. Putri Kancana Larang kakandungan tos tilu sasih. Sang Putra Mahkota kalintang suka manahna, anjeuna baris kenging katurunan nu bisa neruskeun kalungguhan jaga.
Nalika bobotna badé majeng ka salapan sasih, bet jorojoy dina manah Nyi Putri, hoyong nyelang mulih ka nageri, kumargi palay ngababarkeun di bali geusanna ngajadi, nyaeta di dayeuh kawali bari disakasikeun ku ibu-ramana katut kadang wargi.
Kawitna mah ku carogena teu kawidian, jalaran Nyi Putri dina kaayaan ngandung bulan alaeun, anu ceuk itungan mah, moal beak dua minggu ogé orok baris medal. Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh hoyong babar ditungkulan ku sepuhna sareng nyariosna dibarung ku merebey cisoca, atuh ahirna mah Sang Caroge léah manah. “Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah. Mung hapunten Engkang teu tiasa ngajajapkeun, ku margi nuju pameng mayunan tugas ti Sang Rama”, saur Sang Prabu Anom Gajah Wulung ka garwana.
Lajeng bae Prabu Gajah Wulung ngutus Mantri Kapetengan, ngajajapkeun Nyi Putri ka Kawali. Rombongan na lengkep pisan, diiringkeun ku para ponggawa jeung para emban. Malah bari mawa nini paraji sagala.
Sanggeus bekel katut para pangiringna lengkep, bring rombongan Putri Kencana Larang angkat ti Majapait seja ngajugjug ka Galuh. Nyi Putri angkatna ditandu kana Joli. Diaping ku Mantri katut paraponggawa ngangge kuda. Angkat nyacat ngambah leuweung geledegan, mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang, bari kedah nyorang jalan rarumpil, nanging katingalna paroman Nyi Putri bear marahmay, panginten kitu tea na mah badé tepang sareng ibu-ramana.
Sanggeus saminggu lumampah, rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat, sisi walungan Citanduy di Lamping Gunung Sawal. Tempat eta teh wates Karajaan Panjalu jeung Karajaan Sukapura, anu sabenerna mah geus deukeut kanu dituju, ka purasaba Galuh, Karaton Surawisesa di Kawali.
Dina waktos harita, Nyi Putri katingalna nahnay, pucet sareng lesu. Pameunteuna katingal juuh ku karinget tiis. Patuanganna karaos pupurilitan sapertos nu badé babar.
Salajengna Mantri Kapetengan marentahkeun supaya rombongan eureun, sarta kudu nyieun saung pikeun reureuh. Saung nu diadegkeun teh kudu tohaga jeung lega, sabab bisi enya Nyi Putri babar di dinya. Mantri Kapetengan salaku ketua ningali galagat Nyi Putri, kana bakal lami reureuhna di tempat eta.
Pikeun nyieun wangunan saperti kitu, ngabutuhkeun waragad kai golondongan nu baradag. Atuh tatangkalan galede nu rajeg di sabundeureun wewengkon eta teh dituaran. Loba tangkal rubuh pating gedebug, pating gudibag ngaluarkeun sora anu kacida harangana. Urang wétan mah nyebut tangkal kai rarubuh teh ku kecap “tumbang”.
Para ponggawa digarawena bari ceuyah ear-earan. Ngagusuran tatangkalan teh bari pating gorowok: "Rawe-rawe lantas Malang-malang Putung!!. Di tembalan ku baturna tipaanggangan, keur nuar tatangkalan di tabeh lamping : "Horeeee uwis tumbaaang!!."
Teu lami, sanggeus saung pangreureuhan rengse diadegkeun, Dewi Kencana Larang ngalahirkeun. Orokna kembar sapasang: istri-pameget. Anu mimiti medal téh orok anu pameget, anu matak dianggap baé rakana. Ari anu istri, dianggap raina.
Ari balina, ku nini paraji dilebetkeun kana kendi Kuningan bawa ti Majapait. Kendi teh terus diteundeun di handapeun tangkal pangbadagna nu dahanna ngarampidak, teu jauh ti saung tempat Nyi Putri ngalahirkeun.
Saminggu ti harita, saparantos salira Nyi Putri katingal jagjag tur orok barerag, rebun-rebun keneh rombongan neruskeun deui lalampahan, ngajugjug ka Kawali, puseur dayeuh Sunda Galuh. Nanging sateuacan bral miang, Dewi Kencana Larang nyarios ka Mantri Kapetengan : "Paman, kaula geus ngalahirkeun di ieu tempat, bari teu nyaho ngaran tempat ieu naon. Jaba kaula teh geus neundeun bali orok kaula handapeun tangkal kai nu gede itu. Bisi Rama Prabu di Kawali, naroskeun tempatna, kudu naon atuh disebutna ngaranan tempat ieu teh?"
Mantri Kapetengan ngandika: "Sampun Gusti putri, pikeun ngadegna saung tempat ngalahirkeun gusti teh, loba pisan tatangkalan anu tumbang. Kumaha lamun tempat ieu teh dingaranan Panumbangan anu hartosna tempat rarubuhna tatangkalan nu galede?".
Dewi Kencana Larang ngawaler : "Enya bener alus Paman, keun engke kaula nyaur ka rama prabu supaya tempat ieu teh di ngaranan PANUMBANGAN.
Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana
Poe eta keneh, sanggeus sarangenge lingsir ngulon, rombongan Nyi putri geus tepi ka Kawali. Padahal waktu meletek panon teh kakara asup wewengkon Panjalu. Waktu nincakeun lengkah di Karaton Surawisesa, anjeun na dibagéakeun ku ibu-ramana, dibarung kabungah anu taya hinggana. Komo deui ieu mulihna bari nyandak murangkalih, kembar sapasang anu kasép jeung geulis, éstu mulus taya kuciwana.
Lajeng Nyi Putri, galecok ka ibu-ramana nyarioskeun lalampahana, ti kawit angkat ti Majapait dugi ka babarna di hiji tempat di lamping Gunung Sawal, anu teu dipikanyaho ngaran na.
"Rama Prabu, atuh tempat ngalahirkeun teh namian bae Panumbangan", usul Sang Putri ka ramana.
" Ke.. ke.., naha ngaran teh aneh kitu? Na naon hartina eta teh, geulis?", Prabu Niskala nyaur pinuh kadeudeuh.
"Panumbangan teh, asalna tina kecap tumbang, mun ceuk basa urangna mah rubuh. Harita teh, waktos kaula deuk babaran ngadamel saung pang reureuhan weweg naker. Waragadna tina kakaian. Atuh salajeng na mah paman Mantri katut ponggawa nuaran tatangkalan nu galede. Tangkal kai rarubuh, patinggedebug sorana haranga pisan. Tah, kanggo pangemut-ngemut kaula lahiran di tempat eta, paman mantri mere ngaran Panumbangan, nyaeta tempat tumbang atawa rarubuh tatangkalan", Dewi Kencana Larang ngajelaskeun ka ramana, celembeng naker.
" Oh, baruk kitu? Lah gampang soal ngaran mah, geulis. Keun engke urang resmikeun, da mun teu salah mah kawasan eta teh kaasup Karajaan Panjalu, hartina masih keneh kaasup karajaan urang. Anu penting mah anak jeung incu Ama salamet jeun sarehat", Sang Raja ngadawuh. Lajeng Dewi Kencana Larang nyaur deui ka ramana :
"Euuh, ieu deuih Ama, murangkalih teh teu acan dipaparin nami. Panginten saena mah dipasihan nami ku Akina."
Saparantos diétang sagala rupina, dipeleng tur ditimbang, dua murangkalih dipaparin jenengan ku éyangna. Anu pameget Bongbang Larang, ari anu istri Bongbang Kancana. Salangkung oge katingali, nami orok kembar teh dicandak tina Kencana Larang nami Ibuna.
Éta murangkalih jeung ibuna dirorok ku éyangna, da geuning Kencana Larang teh henteu mulih deui ka carogéna. Ari nguping kecewas-kecewis ti abdi karaton mah, Prabu Gajah Wulung teh nikah deui di Majapait.
Maju waktu, ganti poe, dua murangkalih katingal morontod pisan. Beuki gedé téh beuki témbong cahayana. Bongbang Larang kasép lir Déwa Kamajaya. Bongbang Kancana geulis lir Déwi Ratih. Kacida pisan aranjeuna dipikanyaah kunu jadi éyang, kawantu putu ti putra istri kameumeut.
Tapi nepi ka umurna nincak rumaja, éta barudak téh henteu nyahoeun nujadi bapa pituin, lantaran kacida dibunianana ku sakabéh pangeusi karaton. Sang Raja ngawanti-wanti kasadaya abdi-abdi, sangkan ulah aya nu wani nyaritakeun yen bapana éta barudak aya di Majapait. Lain ku nanaon, akina melang sok bisi incuna indit nepungan ka Majapahit. Prabu Niskala sieun kaleungitan incu nu kacida dipikanyaahna, bisi minggat ti Karajaan Galuh.
Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana,
panasaran hayang nyaho bapa nu saéstuna. Unggal nanyakeun ka sing saha baé, jawabana sarua, yen nujadi bapa téh Raja Galuh. Éta jawaban henteu nyugemakeun haténa, sabab nu jadi indung ka Raja Galuh téh nyebut Rama Prabu, hartina ka maranéhna téh perenahna incu, da maenya ka ramana ibu kudu nyebut Bapa?
Nepi ka hiji mangsa mah, éta dua budak téh ngadesek saurang emban kapercayaan ibuna, supaya bisa ngabéjakeun bapana anu sajati. Ku lantaran terus diguliksek, ditanya ku duaan méh unggal usik. Ahirna éta emban téh éléh déét. Pok bae ngomong ngaharewos: “Rama Radén téh anu saleresna mah Sang Prabu Gajah Wulung Raja Wilwaltikta”
Waktu kanyahoan ku Sang Raja yen Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana geus apaleun bapana, tangtu we manah Sang Raja ngarasa reuwas jeung kaget. "Ari ka hidep saha anu méré nyaho?" parios Sang Raja rada bendu. Bongbang Larang, kitu deui Bongbang Kancana, henteu daék betus lantaran inget kana jangjina, moal ngabéjakeun jalma anu méré nyahona.
Ngan ti harita Bongbang Larang terus ngurihit, sangkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapait. Tapi Raja Galuh henteu ngidinan baé, lantaran melang bisi kumaonam di jalanna. Ahirna dina hiji peuting, Bongbang Larang minggat tikaraton, niatna geus gilig rék indit ka Majapait, nepungan bapana anu jadi raja di Karajaan Wikwaltikta.
Isukna, sapangeusi karaton ibur, Bongbang Larang teu aya nyampak di karaton. Ibuna milarian kasakabeh ruangan karaton, bari juuh cisoca. Eyangna cakah-cikih geumpeur bari tuhtah marentah. Bur-ber anu naréangan ka ditu ka dieu. Weléh anu ditéangan henteu kapanggih.
Kacarioskeun Bongbang Kancana, sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngejat, anjeuna rerencepan nyusul, sarua minggat ti karaton. Nanging henteu lila ogé Bongbang Larang kapanggih ku Bongbang Kancana, lantaran saméméhna geus jangji tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun.
Sasakala Maung Panjalu
Lajeng duanana neruskeun lalampahan ngajugjug ka Majapait. Barang nepi ka hiji tempat, anu baheulana mah di tempat eta maranehanna di lahirkeun, Bongbang Larang kacida hanaangna. Kotéténgan néangan cai ka ditu ka dieu, weléh henteu manggih.
Geus kitu kersaning Gusti, Bongbang Larang ningali Kendi handapeun tangkal kai badag, malah geus dibeulitan akar. Kendi ditoong ku Bongbang Larang, aya caian bersih tur ngagenclang herang. Katingalina bangun nyecep tiis, matak uruy kanu hanaang.
Henteu diengkékeun deui, cai dina Kendi téh ditotor ku Bongbang Larang mani ngalekik nepi ka béakna. Teuing kumaha mimitina, ngarana ge dongeng, ngadadak liang sungut kendi teh ngagedean, blus téh kendi asup kana sirah Bongbang Larang seret ka beuheungna.
Kendi nu jieun tina kuningan teh dicoba dilaan kuduaan bari ugal-ugil hese eun pisan. Antukna Bongbang Kancana beakkeun akal, teu bisa ngalesotkeun kendi tina mastaka Bongbang Larang. Lajeng Bongbang Kancana indit bari nungtun Bongbang Larang neangan tulung.
Sakur jalma anu dipéntaan tulung, euweuh saurang oge anu bisaeun ngalaan éta kendi. Ngan kabeneran aya jalma anu ngabéjaan,
sangkan Bongbang Larang dibawa ka saurang resi anu boga elmu luhung jeung Sakti.
Resi eta teh ayana di Garahang, anu taya sanes Resi Gunawisesa Wikutrenggana anu katelah Aki Garahang tea.
Barang tepung jeung Aki Garahang, barabat Bongbang Kancana nyaritakeun lalampahan nepi ka ahirna notor cai tina kendi. Atuh sanggeus ngadéngé caritaan Bongbang Kancana kitu pok Aki Garahang ngomong antaré : “Éta téh pelajaran keur hidep duaan, yén sagala kalakuan anu henteu diidinan ku kolot, sok matak goreng balukarna kana diri. Jeung deuih, kasep, geulis, ari nginum notor tina kendi téh kalakuan teu hadé.”
Aki Garahang karunyaeun kana nasib nu karandapan Bongbang Larang. Pok Aki Garahang nyaur: “Keun sugan bisa, urang akalan ku Aki.” bari ngoloyor ka kamarna, mapatkeun elmu tali paranti karuhun. Aki Garahang, sidakep sinuku tunggal, neneda pituduh ka Hyang Widi. Salajengna Aki Garahang meunang ilapat, yén éta kendi teh asalna ti Majapait, kudu dibeulah ku pusaka sunda. Ceunah ceuk uga, apesna Majapait teh lantaran Sunda miboga pusaka pemersatu nyaeta Kujang. Aki Garahang nyokot kujang, tuluy dikadékkeun kana kendi kuningan, teu sakara-kara, kendi bencar sapada harita. Beubeulahan kendi ngacleng ka hiji talaga nu disebut Cipangbuangan.
Dugi ka kiwari Kujang Aki Garahang masih aya, disimpen ditempat panyimpenan barang karamat karajaan Panjalu di Bumi Alit Panjalu.
Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, di caram neruskeun lalampahanna, aranjeuna dititah nganjrek heula di saung Aki Garahang.
Katempo saliwat mah dua nonoman téh nurut ka Aki Garahang. Nepi ka dina hiji poé, Aki Garahang rék iinditan. Saméméh Aki Garahang indit, anjeun na papadon heula, sangkan Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, ulah wani-wani ulin ka Cipangbuangan. Ari Cibangbuangan téh mangrupa talaga, anu caina kacida cinémbrang hérang, matak piresepeun jang kokojayan.
Abong oge nonoman keur meujeuhna belekesenteng, dicaram téh lain nurut, kalah ka panasaran. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan. Bréh ningali cai talaga anu sakitu hérangna, jorojoy baé lanceukna aya karep hayang kokojayan. Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub, terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker. Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga. Duaan kokojayan sukan-sukan, bari arulin cai, silih simbeuh silih seblok.
Lila-lila, tina saluar awak dua nonoman, barijil bulu belang konéng jeung hideung. Janggélék baé duanana jadi maung. Maung Kajajaden jalu jeung bikang.
Barang duanana saladar kana éta kajadian, antukna ceurik paungku-ungku, bari silih rangkul. Duanana kaduhung geus ngarempak larangan. Numatak mun kaduhung ti pandeuri mah hanjakal balukarna.
Dua maung kajajadén teh balik deui ka saung Aki Garahang, tapi Aki Garahang geus nyampak deui di imahna. Geus teg baé kana hate Aki Garahang boga sangkaan yen éta maung nu nyampeurkeun ka saung na téh kajajadén dua nonoman, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan.
Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda,
“Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan,
lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan jeung henteu nurut kana papatah kolot.”
Dua maung kajajadén teu panjang tatanya. Terus amitan ka Aki Garahang, rek neruskeun deui lalampahanana ka Majapait.
Barang meuntas di Walungan Cipanjalu,
duanana ampir-ampiran keuna ku ajal, lantaran kajiret ku akar oyong, jeung terus ka bawa palid ku cai walungan nu umpal-umpalan. Saterusna asup kana Gawul atawa badodon paranti tataheunan lauk di Walungan. Ari Gawul teh dijieuna tina tangkal Kawung anu ditotos, dipolongoan tengahna.
Salajengna Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana ditulungan ku saurang kokolot Kampung. Gawul nu jerona aya dua maung kajajaden teh dihanjatkeun ka darat. Terus Si Kokolot Kampung mawa kampak. Gaplok, gaplok, gaplok Gawul di tarok nepi ka leuwih sapuluh kali hembatan, tapi Gawul teu beulah-beulah.
Ku lantaran geus ngarasa taak, Gawul di bawa ka Karaton Panjalu di Dayeuh Luhur Maparah. Salajengna Si Kokolot kampung ngadeuheus Prabu Cakradewa, nyanggakeun Gawul eusi Maung Kajajaden tea.
Ari Raja Panjalu, Prabu Cakradewa teh kawentar jadi raja nu sakti mandraguna, luhung ku elmu meuweuh ku pangaweruh. Dua maung kajajaden anu kacerek Gawul, teu hese jeung teu lila, bisa dikaluarkeun.
Prabu Cakradewa permana paningalna yen dua maung eta teh saleresna kajajaden ti seuweu karajaan Galuh Kawali. Atuh salajengna mah Sang raja ngaluarkeun kasaktian bari ngusap sirah maung duanana. Dadak sakala, maung janten tiasa nyarios sepertos manusa henteu ngagaur sakumaha ilahar sora maung. Salajengna Sang Prabu ngajak ngobrol ka dua Maung Kajajaden eta. Waktos Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana ditaros ku Prabu Cakradewa, maranehan na nguningakeun yen maksadna bade nepangan ramana di Majapait.
Minangka mulang tarima ka Raja Panjalu, dua maung kajajaden janji rek kumawula ka karajaan Panjalu, atuh saterusna mah disebut "Maung Panjalu".
Maung Kajajaden nu disebut maung panjalu, janji moal wani ngaganggu ka kabeh turunan panjalu. Mung nyebutkeun; baris datang dina wujud pikasieuneun, pikeun ngelingan urang Panjalu, lamun ngarumpak pantangan, nyaeta:
1. Nginum di totor tina Kendi.
2. Melak Oyong atawa tatanen nu ngarambat.
3. Nyieun Gawul tina Kawung henteu di belah heula.
Memang eta teh ngan sakadar dongeng anu kandel ku mithos jeung mistis, tapi ari ku songong jeung sombong mah baris papanggih jeung kanyataan. Ngarumpak pantang, kaalaman pisan ku urang panjalu (punten identitasna disumputkeun), waktos zaman "Pager Bitis" di Gunung Sawal, anjeun na ngadahar liwet langsung ditotor tina kastrol. Sanajan harita geus digeuingkeun ku baturna tapi kalah nempas yen maung oge sieuneun ari loba jalma mah. Harita teh tengah poe ereng-erengan, ngadadak tina rungkun ngagorobas Maung sagede Munding, langsung ngadepong hareupeun kastrol bari mencrong ngaherengan. Maung teh teu nyakar teu ngerekeb, ngan kitu be nembongan bari ngadepong. Atuh puguh, jalma nu dahar liwet ditotor langsung tina kastrol teh ngalenggerek sapada harita, teu eling-eling sapoe-sapeuting. Malah dugi ka sasasih nyaurna jadi arapap-eureupeup. Ari geus cageur, nyebatna teh saking reuwas kaliwat bates, ngabayangkeun lamun eta maung teh bener-bener maung liar. Untung be nu nyampeurkeun teh maung kajajaden, jadi turun ti Gunung teh teu kungsi asrukan-asrukan, lantaran balikna ka lembur ditanduan.
Lah, dasar si eta mah bodor Cimendong.
Maung Panjalu Tepang Sareng Rama
Satutasna Maung Kajajaden disalametkeun ku Prabu Cakradewa, salajengna neruskeun lalampahanna ka Majapait. Perjalanan harita mah bari jeung dibekelan elmu ku raja Panjalu. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana sanajan wujudna Maung, tapi tiasa nyaur kawas manusa, sok sanaos sorana rada ngagerem handaruan.
Ahirna, dua maung teh anjog ka Karaton Majapait, tapi barang dugi ka lawang saketeng, langsung dikepung ku gulang-gulang bari lengkep ranggeteng pakarang. Anggapan prajurit Majapait mah karaton diranjah dua maung galede pisan. Untung bae Maung jajadian Bongbang Kancana nyaur bari ngalengis, lamun teu kitu, dua maung teh nemahan pati ditarumbak prajurit.
Anu ngarepung maung kagét tingraringeuh, mireungeuh aya maung bisa cacarita. Bongbang Larang nyaritakeun, saenyana manéhna duaan téh putra Raja Majapait, Sang Prabu Gajah Wulung, ti Putri Kencana Larang teureuh Sunda Galuh. "Kuring duaan jauh-jauh ngajugjug, hayang panggih jeung Rama Prabu", ceuk Maung Bongbang Kancana.
Salajengna, gulang-gulang duaan ngadeuheuskeun dua maung ka Prabu Gajah Wulung anu nuju hempak di paseban. Dua maung kajajaden mapah ngalenghoy teuneung jeung antare diantara gulang-gulang pangiringna. Model leumpang kawas kitu nu disebut Macan Teunangan teh, najan mintonkeun wanda nurut tur wilut, nanging dangongna tetep waspada mancarkeun sima. Waktu para gulang deku sinembah di payuneun Sang Prabu, dua maung oge milu ngadepong bari sirahna tungkul. Atuh Sang Prabu katut sakabeh pajabat nu keur hempak di paseban teh ngarasa reuwas, kaget jeung helok. Ari karasana reuwas, dumeh ka paseban ngadadak kaasupan sato galak jeung gede pisan. Anu matak jadi helok, lantaran ngabandungan tingkah paripolah dua sato teh bet nyahoeun tatakrama, kawas manusa. Komo deui nempo dua gulang-gulang diukna pagegeye jeung maung teu ngarasa sieun.
Sajongjonan mah Sang Prabu colohok ngembang kadu, teu tiasa nyaur sakemek-kemek acan, komo deui lamun kedah nakon saha, timana jeung maksud naon dua maung datang ka paseban mah. Anjeuna kawas nu kasirep di eureup-eureup.
Kaayaan anu sepi jempling, bitu ku sora maung jajadian Bongbang Larang ngadika handaruan: "Sampun Rama Prabu, Sabenerna Kaula duaan teh dulur kembar putra Ibu Dewi Kencana Larang ti Karajaan Galuh".
Gebeg hate Mantri nu baheula milu nganteur Putri Kencana Larang ka Galuh tur nyaksian Sang Putri ngalahirkeun di Panumbangan reuwaseun, lantaran asa tetela pisan harita teh lahir dua orok kembar kasep jeung geulis, naha ayeuna jadi maung?. Lajeng Si Mantri ngandika ka Raja :" Sampun, kanjeng Prabu, paman ngiring nyarios, margi tetela pisan Kanjeng Putri, harita teh ngalahirkeun wujud manusa, .... sanes ....?. Saacan Ki Mantri laju cumarita, dipotong ku biantara Bongbang Larang ngadongengkeun lalampahan ka tukang. "Ngawitan na mah Ama, kaula jeung adi kaula teh sono hoyong papendak sareng nu jadi rama. Kaula duaan minggat ti Karajaan Galuh bade mios ka dieu. Nanging di satengahing perjalanan mendak musibah, ... barabat Bongbang Larang medar carita, runtut jeung rincina naon sabab na aranjeuna jadi maung.
Prabu Gajah Wulung ngabandungan cariosan putrana teh bari murubut cisoca. Kitu tea na mah ngarasa sedih, salila eta mikagandrung ka palaputra di Galuh, ari harita pendak geus salin rupa. " Duh...... deudeuh teuing, kasep geulis anak Ama, na hidep teh gaduh nasib bet nista pisan. Ayeuna mah tos we cicing dieu jeung Ama, da burung palung ge hidep duaan teh darah ama"
"Kanjeng Rama,... Kaula duaan teh lain teu sono kanu jadi sepuh, da kaula sadar yen Rama teh janten Raja di ieu nagari, sok bilih awon balukarna ka sakumna rahayat Wilwaltikta, Ma enya bae Raja nu diagungkeun ngaboaan anakna sato? Di sagigireun eta, kuring duaan teh kahutangan nyawa ku Raja Panjalu jeung geus sumpah rek babakti ka anjeun na. Bari kuring teh rek ngalap elmuna, da geuning Raja Panjalu teh Sakti Mandra Guna", kitu Bongbang Larang sasauran lumengis kanu jadi Rama.
"Deudeuh teuing anaking, nya ari pamadegan hidep geus kitu mah ama ngarojong, bari ieu ama mekelan tanda kamelang. Lamun aya jalma anu tangtu teu apaleun yen hidep teh manusa, terus diboro jeung rek ditandasa, tah pake ieu geulang tina akar kai kaboa. Hidep duaan barus bisa ngaleungit tanpa jirim", saur Sang Prabu.
"Atuh ieu Paman oge ngiring mekelen, gaduh pusaka anu saleresna mah lungsuran ti saurang batara gunung sawal, waktu paman ngalap elmu didinya, nyaeta beubeur kulit menjangan ngangge permata merah dalima, lamun hidep ngangge ieu, baris tiasa lumpat mapakan kilat", ceuk paman patih milu ngauban bari masangkeun beubeur kana beuheung maung Bongbang Larang.
Asa kaemutan, Mahaprabu Bramawijaya anu tiawal ngabandungan dongeng incuna, enggal cengkat tina korsi gigireun palih kiwa korsi Raja, nyampeurkeun dua maung kajajaden teras dirawu bari tipepereket nangkeup : " Duh... Incu Aki deudeuh temen nasib hidep. Bral.... hidep ngalalana ka tatar sunda dibarung do'a ti Aki. Ieu aki boga peperenian pamasih Batara Rangga Sakti kokolot Panjalu, nyaeta Pusaka Ciajipermana. Lamun soca hidep dipeureu kucai ieu, bisa ningal tembus pandang lir taya hahalang. Ngan hidep baris serab lamun nempo kacapuri kuku turunan Panjalu, dawuh Mahaprabu Brawijaya bari meureukeun Ciajipermana kana soca dua incuna.
Pondok Carita, satutasna permios ka Aki tur Ramana, Maung Kajajaden Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana ngabelasat lir kilat ka tebeh kulon ngajugjug Karajaan Panjalu.
Teu kacaritakeun lila diperjalanan, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana geus mendekong deui ngadeuheusan Raja Panjalu. Ti semet harita, Dua Maung Kajajaden janten pendamping Prabu Cakradewa, sanaos seseringna henteu katingal ngajirim lantaran ngangge geulang akar kaboa tea. Sabab lamun ngajirimkeun wujud asli, bisi ngabalukarkeun kakacowan balarea. Malah ku kaluhungan elmu Prabu Cakradewa, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana dibere kasaktian bisa midah rupa jadi Satria jeung Putri anu Kasep jeung geulis.
Tapi elmu pindah rupana teu bisa dipake salawasna, Lantaran Geus Pinasti ti Hyang Widi, yen Putra Putri Galuh di takdirkeun JADI MAUNG PANJALU.
Tamat
Ni rame, sae dongeng teh seueur tuntunan.
BalasHapus